Minggu, 29 Juni 2014

Wayang 9



Sing saha anu mampuh ngangkat gondéwa katut mentangkeun jamparing pusakana, éta anu baris jadi jodo Déwi Drupadi

Saémbara Drupadi
Ngumbarana Pandawa di nagri Ékacakara aya kana genep bulanna. Kacaturkeun Pandawa katatamuan ku brahmana. Éta brahmana ngadongéng ngeunaan Prabu Drupada anu saparo karajaanna direbut ku Resi Druna –Dorna. Prabu Drupada neuteuli ka Resi Druna, sarta hayang mulangkeun kanyeri ka sobatna anu geus ngarebut saparo wilayah nagri Pancala –Campala. Prabu Drupada hayang boga anak anu sakti mandraguna keur nyangkalak Resi Druna. Bakating ku hayang-hayangna boga turunan satria anu sakti, manéhna unggal poé teu weléh menekung neneda ka déwata. Basa Prabu Drupada keur mujasmédi, ka karaton Pancala ujug-ujug kurunyung datang Sang Brahmana. Sang Brahmana nepungan praméswari Drupada sarta cacarita sangka Prabu Drupada ngadahar sasajén mantéga. Sang Brahmana ngabeuleum mantéga kana seuneu tina parupuyan. Kacida ahéngna, tina haseup parupuyan medal hiji satria anu geus sawawa –dingaranan: Dréstajumena, anu baris megatkeun nyawa Resi Druna dina Perang Bharatayuda. Sakumna pangeusi karaton, ngarasa hélok ku ayana éta kajadian. Can ogé rerep kahélokna, tina parupuyan medal deui jabang bayi anu jirimna wanoja, geulis kawanti-wanti. Eta jabang bayi dingaranan: Déwi Drupadi –Déwi Krésna. Nurutkeun Sang Brahmana, isuk jaganing géto, éta jabang bayi bakal jadi wanoja anu utama, sarta dina perang Bharatayuda ku kasaktianna réa satria anu biluk ka Kurawa palastra di palagan yuda. Kacaturkeun Déwi Drupadi geus manjing sawawa. Prabu Drupada hayang boga minantu anu baris ngarundaykeun ahli waris karajaan. Minantu anu jadi implenganna nya éta satria anu bisa nanjeurkeun karajaan Pancala. Pikeun ngayakna, Sang Prabu ngagelar saémbara. Saha anu unggul dina saémbara, baris jadi jodona Déwi Drupadi.
Kitu dongéngna Sang Brahmana, anu natamu ka Pandawa. Sanggeus réngsé ngadongéng, Sang Brahmana mulang deui ka patapaanna.
Teu lila ti dinya, datang Bagawan Abiyasa. Sang Bagawan negeskeun ka Pandawa, sangkan ancrub ka pakalangan saémbara. Nurutkeun implengan Abiyasa, Déwi Drupadi téh hiji wanoja anu baris ngarundaykeun satria anu utama.
Isukna, Pandawa miang ka nagri Pancala rék milu saémbara. Di satengahing jalan, tepung jeung salahsaurang Gardawa –ngaranna: Citramata. Éta Gardawa méré kamandang, sangkan Pandawa saméméh ka nagri Pancala, kudu nepungan heula Bagawan Domya di patapaan Utkacakatirta. Teu diengkékeun deui, Pandawa laju ka patapaan Utkacakatirta. Yudistira anu jadi juru sabda, nepikeun maksud jeung tujuan pangna nepungan Sang Bagawan. Sang Bagawan surti sarta nyanggupan marengan Pandawa ka nagri Pancala.
Anu disaémbarakeun ku Prabu Drupada, nya éta: “Sing saha anu mampuh ngangkat gondéwa katut mentangkeun jamparing pusakana, éta anu baris jadi jodo anakna”.
Sakumna patandang saémbara, geus kumpul di alun-alun karaton Karajaan Pancala. Anu aub kana pakalangan saémbara karéréanna pararaja jeung putra mahkota, diantarana Kurawa katut Adipati Karna. Dina poé munggaran, geus aya ratusan raja jeung putra mahkota karajaan anu asup ka pakalangan, tapi can aya anu mampuh ngangkat gondéwa jeung mesat jamparing pusakana. Dina poé kadua anu kagiliran tandang nya éta Kurawa –diwakilan ku Adipati Karna, sarta asup ka pakalangan. Barang Adipati Karna rék ngangkat gondéwa, Déwi Drupadi ngagorowok dina papanggungan, ngusir Adipati Karna sangkan ingkah ti pakalangan saémbara. Nurutkeun Déwi Drupadi, yén satria ti nagri Awangga –nya éta Adipati Karna teu boga hak ngilu saémbara, sabab lain teureuh raja. Atuh Adipati Karna mundur ti pakalangan, bari nandang wiwirang di kolong catang. Atuh patandang ti Kurawa, dianggap gugur. Anu pamungkas, giliran Pandawa –anu keur nyamur jadi kaum brahmana. Arjuna tandang ka pakalangan, ngawakilan dulur-dulurna. Ningali kaum brahmana ngiluan saémbara, sakumna patandang protés –tapi ku panitia saémbara teu diwaro. Arjuna kalayan teuneung ludeung, asup ka pakalangan saémbara. Gondéwa anu beuratna réwuan kati, kaangkat ku Arjuna bangun hampangeun pisan. Kitu deui jamparingna, dina itungan kiceup ngabelesat tina gondéwa. Éta jamparing, niir manuk anu dikelat dina kurung nu digantungkeun dina leunjeuran awi di tengah alun-alun. Ger, panongton surak ayeuh-ayeuhan. Parasatria –kaasup Kurawa, hookeun ku kaparigelan sang brahmana.
Déwi Drupadi ngarasa bungah amarwatasuta basa ningali nu unggul dina saémbara téh, hiji brahmana ngora anu gagah tur hadé rupa. Déwi Drupadi geuwat mawa kembang, sarta dikangkalungkeun ka brahmana ngora –anu taya lian ti Arjuna, satria panengah Pandawa. Parasatria –kaasup Kurawa, karérab amarahna. Laju ngamuk nguwak-ngawik tempat saémbara sarta ngarogahala prajurit Pancala. Ningali parasatria jeung Kurawa jadi kembang kariweuhan, Pandawa singkil ngayonan anu keur ngamuk. Der perang campuh, parasatria jeung Kurawa kadéséh, antukna buyar katawuran.
Ningali parasatria jeung Kurawa birat, Prabu Drupada kacida bungahna. Harita kénéh ngumpulkeun pangagung seja ngaémbarakeun yén putri kadeudeuhna baris diréndéngkeun jeung brahmana ngora anu unggul dina saémbara. Ngabandungan anakna unggul di pakalangan saémbara, Déwi Kunti Nalibrata teu kawawa ngaragragkeun cimata –cimata kabungah anu taya papadana.
Waktu Prabu Drupada keur gunem catur jeung Pandawa katut Déwi Kunti pikeun jatukramina Déwi Drupadi, torojol Bagawan Abiyasa. Sang bagawan nepikeun amanat ti Hyang Tunggal, yén anu hak ngawin Déwi Drupadi téh lain ngan ukur Arjuna wungkul, tapi Pandawa. Sabab Arjuna ngawakilan opat dulurna anu lain. Hartina, anu hak jadi salakina Déwi Drupadi téh nya éta: Yudistira; Bima; Arjuna; Nakula; jeung Sadéwa.

Catetan:
Nurutkeun carita Mahabarata –anu sungapanna ti India, anu jadi salaki Déwi Drupadi téh: Pandawa Lima. Déwi Drupadi boga anak lima, ti masing-masing Pandawa. Ti Yudistira, Déwi Drupadi boga anak anu ngaranna: Srutakarma. Ti Bima, boga anak: Srutaséna. Ti Arjuna, boga anak: Pratiwindya. Ti Nakula, boga anak: Santanika. Jeung ti Sadéwa, boga anak anu ngaranna: Prasani.
Nurutkeun carita Wayang Purwa –babakuna dina padalangan Sunda, anu jadi salaki Déwi Drupadi téh ngan hiji, nya éta: Yudistira –putra cikal Pandu Déwanata ti Déwi Kunti Nalibrata. Sarta anak Déwi Drupadi ti Yudistira ogé ngan hiji deuih, anu ngaranna: Pancawala.

Indraprasta
Sanggeus Pandawa diaku kulawarga ku Prabu Drupada, keur nganjrekna diperenahkeun di lingkungan karaton. Ayana Pandawa di nagri Pancala, ngabantu pisan kana pangwangunan karajaan –babakuna mah ngeunaan kaamanan. Kaayaan nagri Pancala jadi leuwih tingtrim, sepi paling towong rampog. Dina waktu anu singget, nagri Pancala ngabelesat karaharjaanna.
Ngadéngé béja nagri Pancala jadi mekar, Duryudana ngutus telik sandi pikeun maluruh kamekaran nagri Pancala. Nurutkeun panalungtikan telik sandi, mekarna nagri Pancala téh ku yasana Pandawa. Duryudana karérab haténa, ceuk pamikirna: “Mun Pandawa diantep ngahiji jeung Pancala, Pandawa bakal weweg jeung kakuatana bakal leuwih rohaka”.
Duryudana ngumpulkeun parapapayung nagri Astina, di karaton. Kahariwang tahtana bakal dirurud ku Pandawa, ditepikeun ka sesepuh Astina. Nurutkeun pamanggih Adipati Karna, Astina kudu ngajorag Pandawa di nagri Pancala tur tarompét perang ditiup. Sedengkeun ceuk tinimbangan Bisma katut Widura jeung Resi Druna, satengah nagri Astina kudu dibikeun ka Pandawa. Usul ti tilu pini sepuh Astina, disaluyuan ku Raja Dréstaratya –bapana Duryudana. Pangeusi karaton sapuk –iwal ti Duryudana jeung dulur-dulurna, saparo karajaan jadi hakna Pandawa.
Pandawa diondang ka nagri Astina, diajak badami ku sesepuh Astina. Waktu Pandawa keur gunem catur jeung sesepuh Astina, Duryudana katut dulur-dulurna –dibarengan ku Sangkuni ngajéngkat ti pasamoan –bakat ku teu panuju kana kawijaksanaan sesepuh Astina. Bisma seukeut rasana, sangkan teu muncunghul pacogrégan, Bisma nyodorkeun kamandangna ka Dréstaratya: “Mikeun Leuweung Kandawaprasta ka Pandawa”. Haté Dréstaratya ngemplong, usul ti Bisma gasik disaluyuan. Kitu deui Duryudana jeung dulur-dulurna, barungah. Gedé pangharepan, Pandawa bakal binasa ku dedemit anu ngageugeuh éta leuweung. Ngadéngé anu rék dibikeun ka Pandawa téh leuweung geledegan, Bima medal amarahna. Tapi amarah Bima teu tepi ka ngagugudag, dipareuman ku Yudistira malar narima kana kawijakan sesepuh Astina.
Gancangna carita, Bima meunang pancén pikeun ngaratakeun leuweung. Teu réa catur, gasik ngabukbak Leuweung Kandawaprasta. Dina dangka sabulan, leuweung geledegan téh geus rata. Teu lila ti dinya, Pandawa mitembeyan ngawangun karaton. Dina dangka dua bulan, leuweung ganggong simagonggong salin jinis jadi karaton anu agréng. Éta karaton dingaranan: Indraprasta, sarta anu jadi rajana: Yudistira.



***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar