Jumat, 02 Mei 2014

Kuda Tutunggangan Turangga



Aya kecap basa Kawi anu geus jadi kacapangan kolot-kolot urang, nya éta: Siti; Paksi; Curiga; Turangga; lan Wanita.
Siti, hartina: lemah; tanah; atanapi pakarangan. Paksi, hartina: manuk (babakuna, manuk titiran). Curiga, hartina: gagaman atanapi pakarang anu pamoran. Turangga, hartina: tutunggangan (babakuna, kuda). Wanita, hartina: awéwé; istri; atanapi pamajikan.

Tutunggangan
Lima rupa –siti; paksi; curiga; turangga; wanita anu jadi babaku kapercayaan, dianggap gedé perbawa atawa mamalana ka anu miara. Kusabab aya éta kapercayaan, kolot-kolot baheula mah tara gagabah miboga barang anu lima rupa téh.
Contona waé, Turangga –tutunggangan. Dipercaya yén aya perbawana, aya watekna nurutkeun kana wanda jeung ciri-ciri anu aya dina dirina. Kudu baé kuda diilikan heula kukulinciranana jeung ciri wancina nu lianna. Dina ieu tulisan, rupa-rupa caturangga kuda anu hadé atanapi anu goréng.
1.        Bendana-Katutan: kuda anu aya kukulinciran dina suku hareup beulah katuhu. Perbawana: kana rejeki matak lésang kuras, matak kabandang ku musuh.
2.        Bendana-Nututi: kuda anu kukulinciran dina suku hareup beulah kénca. Perbawana: matak jaya ka anu bogana tur diajénan ku sasama.
3.        Bendana-Rimbak: kuda anu aya kukulinciran dina suku tukang beulah katuhu. Perbawana: matak jadi halangan, anu bogana sok mindeng gering tur nungtun panyakit.
4.        Bengeng-Tuna: kuda anu kukulincirannana tengah-tengah susurina. Perbawa: matak apes jeung cilaka, ka anu keur jeneng matak dilepas.
5.        Buaya-Ngangsar: kuda anu aya kukulinciran dina beuteungna. Perbawana: teu kaop dibawa meuntas sok tuluy depa dina cai, watekna kurang hadé.
6.        Buntel-Mayit: kuda anu buntutna ngabundel (muntel bulu buntutna). Perbawana: matak téréh maot ka anu miarana, lamun dipaké perang tinangtu anu tumpakna pinanggih jeung ajal.
7.        Dangdang-Aring: kuda anu kukulinciranna ngan sahiji tur tuna (tuna, nya eta: tukang teuing atanapi handap teuing). Perbawana: sagala matak tara jaradi, komo ka anu nyekel pangkat mah.
8.        Dangdang-Kirab: kuda anu aya kukulinciran dina gigir beuheungna. Perbawana: matak mindeng kapapaténan ka anu bogana, lamun dibawa perang tangtu nu tumpakna bakal dipeuncit musuh.
9.        Durga-Jaya: kuda dawuk, aya kukulinciran opat dina sirahna. Perbawana: matak unggul dina perang tur dipikasérab ku nu lian, watekna hadé pisan.
10.    Durga-Ngerik: kuda anu aya kukulinciran dina létahna. Perbawana: ngadeukeutkeun pajogrégan jeung tatangga, matak apes jeung diunghak ku bojo.
11.    Durga-Remeng: kuda hideung mulus, teu aya matina duanana (mati, nya éta: kukulinciran anu deukeut ceuli, biasana dua ramo tukangeun ceuli). Perbawana: gedé pisan mawatna, beunang dipaké tumbal nagara keur panulak bahla. Matak suwung musuh, anu miarana tangtu pinanggih kabungahan salawasna, parek rejeki jeung jauh tina bala’i.
12.    Gedong-Mineb: kuda anu kukulinciran opat deukeut matana (utamina, kulincir handapeun matana). Perbawana: mawa rikrik-gemi ka anu miarana, matak beunghar jeung réa datang rejekina, tapi teu réa miceunna.
13.    Jaga-Musuh: kuda anu aya opat kukulinciran dina sirahna. Perbawana: matak ngajauhkeun pancabaya jeung moal éléh lamun dibawa perang.
14.    Kala-Anjing Laki: kuda anu aya kukulinciran dina saluhureun cécékolannana. Perbawana: matak hayang ngaragragkeun baé ka anu numpakna.
15.    Kala-Cacing: kuda anu aya kukulinciran dina bujurna. Perbawana: matak mindeng manggih wirang ka anu bogana.
16.    Kala-Cetik: kuda anu aya kukulinciran dina tétépokanana. Perbawana: matak nungtun raja wisuna, mindeng dipitenah.
17.    Kala-Cuwet: kuda anu aya kukulinciran dina kakawetna. Perbawana: matak cilaka jeung apes.
18.    Kala-Kepipit: kuda anu aya kukulinciran dina embun-embunan. Perbawana: matak cilaka ka anu bogana, lamun ditumpakan tangtu nyilakakeun (tampolana nepi ka matak maot).
19.    Kala-Misani: kuda anu aya kukulinciran dina kélékna beulah kénca. Perbawana: matak cilaka gedé nepi ka nemahan pati jeung nungtun bahla ka anu bogana.
20.    Kalabang-Kapipit: kuda anu aya kukulinciran di gigirna. Perbawana: nu bogana matak mindeng kapapaténan, mawa cilaka gedé jeung tumpur ludes.
21.    Maduguntur: kuda daragem cidet, matana sok pepeleyéan. Perbawana: hadé tur pantes jadi titihan bupati atanapi ratu.
22.    Manguntapa: kuda sopal sukuna beulah kénca. Perbawana: nungtun kana karahayuan.
23.    Mégatura: kuda hideung meles, bodas buntut jeung ceulina. Perbawa: matak junun kana ngélmu, pantes jadi titihan ulama atanapi priyayi.
24.    Naga-Lanang: kuda anu kukulinciran dina kakawetna. Perbawana: mawa kana ngajak nyandung jeung matak ngarapihkeun maru, alus mun dipiara ka anu sok ngawayuh.
25.    Nilakunti: kuda anu kukulinciran dina saluhureun biwirna. Perbawana: matak unggul perang, alus keur tutunggangan prajurit.
26.    Panambang-Ngarsa: kuda anu kukulinciran dina suku tukang beulah kénca. Perbawana: matak jaya ka anu boga tur diajénan ku sasama.
27.    Panggung-Lungguh: kuda anu aya kukulinciran dina suku opatannana. Perbawana: lamun dipiara ku anu nyekel pangkat, matak dipikahéman ku saréréa.
28.    Raksa-Jaga: kuda anu lima kukulinciran dina sirahna. Perbawana: matak raharja nagara, alus jadi ingon-ingon raja.
29.    Raja-Wana: kuda anu aya kukulinciran tilu dina huluna. Perbawana: pureut (bangénan) kana dipaké moro, tur alus jadi tutunggangan priyayi.
30.    Sampar-Bangké: kuda sopal suku hareup beulah katuhu. Perbawana: matak réa anu paraéh.
31.    Sandung-Baya: kuda sopal suku hareup duanana. Perbawana: matak kabendon keur anu nyekel pangkat.
32.    Satria-Kapanggul: kuda anu kukulinciran dua dina sirahna. Perbawana: matak dipikangéwa ku dunungan jeung réa musuh.
33.    Satria-Pinayungan (Satria-Kinayungan): kuda anu kukulinciran dina beulah kénca bobokongna. Perbawana: matak gedé darajat, téréh naék pangkat tur jadi pangauban ratu. Pantes keur tutunggangan ratu atanapi dipiara ku priyayi.
34.    Satria-Sureng: kuda anu matina anu sabeulah tuna. (Mati, nya éta: kukulinciran anu deukeut ceuli, biasana dua ramo tukangeun ceuli. Tuna, nya éta: tukang teuing atanapi handap teuing). Perbawana: lamun dipiara ku anu pangkat, matak dipocot. Réa pitenah jeung mawa surud rejeki.
35.    Seri-Padati: kuda daragem, héjo talapokna. Perbawana: hadé pisan, matak kaseundeuhan ku rejeki jeung kanu bogana matak beunghar.
36.    Sujén-Terus: kuda anu aya kukulinciran dina kekemplongna. Perbawana: matak sial jeung teu kendat ku kasusah, réa pitenah jeung cilaka ku musuh.
37.    Suku-Panggung: kuda anu kukulinciran opat dina sukuna. Perbawana: matak pinanggih karahayuan jeung suwung musuh. Pantes jadi tutunggangan para pangagung.
38.    Sunggur-Wacana: kuda anu kukulinciran dina uang-uangna. Perbawana: goréng matak meunang padu atanapi kemil (matak lésang kuras).
39.    Sunia-Taka (Sulintaka): kuda anu matina ngan sabeulah/hiji (mati, nya éta: kukulinciran anu deukeut ceuli, biasana dua ramo tukangeun ceuli). Perbawana: matak cilaka, lamun dibawa perang tangtu anu tunggangna kasambut musuh.
40.    Suniataka-Asor: kuda anu sanglir. Perbawana: matak runtag salelembur jeung mawa sial ka tatangga, watekna panas.
41.    Sureng-Baya: kuda anu aya kukulinciran dina bobokongna beulah katuhu. Perbawana: matak mawa cilaka ka anu bogana, teu hadé dipiara.
42.    Surya-Kunta: kuda anu buluna beureum, panonna semu biru. Perbawana: digjaya tur unggul lamun dibawa jurit, nyaho diapesna musuh.
43.    Tadah-Luah: kuda anu aya kukulinciran dua deukeut panonna. Perbawana: matak susah saanak-baraya, mawa cilaka.
44.    Taraju-Emas: kuda anu tilu kukulinciran dina sirahna, dua handapeun panon jeung hiji luhureunana, tuhu jeung satia ka dunungan. Perbawana: matak katurut sagala laku, kaseundeuhan ku rajakaya jeung dipikaasih ku jelema.
45.    Tujah-Bumi: kuda anu aya kukulinciran dina suku hareup duanana. Perbawana: matak jadi musuh ratu, teu bisa kumawula.
46.    Tunggang-Toya: kuda anu aya kukulinciran dina sahandapeun beuheungna (puhu beuheungna ti handap). Perbawana: matak nungtun bahla ka anu bogana, hayang nyilakakeun baé ka anu tumpakna.
47.    Tunggul-Méga: kuda bodas, ari buntut jeung gogombakna (jojompong) hideung. Perbawana: matak mujur sagala laku, dibawa perang tangtu meunang, pantes jadi tutunggangan ratu.
48.    Utah-Ati: kuda anu aya kukulinciran dina hulu angenna (deukeut dada). Perbawana: matak apes jeung mawa cilaka gedé.
49.    Wisnumurti: kuda dawuk ruyung, matana semu héjo duanana. Perbawana: unggul tur digjaya lamun dibawa jurit, apal diapesna musuh
50.    Wulan-Munjar: kuda kembang durén (méh warna gambir ngora), kukulinciran dina kénca-katuhu bobokongna. Perbawana: papadang ati, anu bogana moal pinanggih kasusah jeung matak pinter.



***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar