Sabtu, 12 Juli 2014

Prangko si Keretas Ajaib



Ratusan taun saméméh urang Éropa (babakuna mah Walanda) ngawanohkeun prangko di Nusantara, kagiatan silih kirim surat téh geus lumangsung antarkarajaan. Surat ti hiji karajaan ka karajaan séjén téh, dianteurkeun langsung ku kurir karajaan. Silih kirim surat mangsa harita, ukur lumangsung antara raja-na wungkul. Kaharti kituna mah, lantaran ari keur rahayat mah pimanaeun teuing ngirim surat, nulis ogé apanan arang nu bisa.

Prangko –basa Latin: franco, saéstuna mah mangrupa sacewir keretas anu diterbitkeun ku pamaréntah, di bagéan hareupna aya gambar jeung harga, sedengkeun di tukangna maké pangrapet anu maksudna keur ditapelkeun kana kiriman pos. Ceuk sakaol deui, cenah prangko téh asalna tina kecap “franco” –dicokot tina ngaran Franceso de Tassis, urang Italia. Anjeunna anu munggaran ngalakukeun “pengantaran pos” di Éropa kaping 18 Januari 1505.
Ayana prangko anu napel dina kiriman pos, ngarupakeun bukti yén jasa layanan pos téh, enggeus dibayar ku anu ngirimna. Pamulangtarimana, pihak pos jadi boga kawajiban pikeun nganteurkeun kiriman pos, kudu nepi ka tempat anu dituju. Umumna, benda pos anu ditémpélan prangko téh saperti: amplop; kartu pos; jeung benda pos séjénna.
Gambar prangko téh, henteu sagawayah jadi. Tapi, dirancang husus ku ahlina. Gambar-gambarna ogé diluyukeun jeung téma-téma kamanusaan atanapi pangaweruh, saperti: téma pramuka; téma pendidikan; téma pariwisata; téma rohang angkasa; téma flora-fauna; jeung sajabana. Tangtuna ogé, keur anu sok niténan jeung ngoléksi prangko, bakal nambahan pangaweruh kana: élmu bumi; sajarah; tatanagara; jeung nu lainna. Ku kituna, ulah anéh –keur anu resep mah, dimana waé aya prangko, teu weléh diudag –najan kudu korban waktu jeung waragad anu lain saeutik.

Prangko The Penny Black
The Penny Black, prangko munggaran dunya.
Ayana prangko téh, henteu bisa leupas ti ngaran Sir Rowland Hill. Salaku bangsawan Inggris, Hill ngarasa prihatin galih, niténan kagiatan surat-sinurat di Dinas Pos Inggris. Kagiatan anteur-ngirim surat mangsa harita, kacida loba pisan itu ieu na. waragad ngirim surat, kacida mahalna –bari waragadna téh dipénta saméméhna. Aya ogé anu maké cara kadua, éta waragad dipénta ti anu narima surat. Tapi, cara anu kadua mah kurang ngajamin “kasalametan” surat –ku alatan loba anu narima surat, arembungeun mayar waragadna. Tinangtu kaayaan kitu téh, ngarugikeun pisan ka pamaréntah Inggris harita. Nya, Hill pisan anu jadi panaratas pikeun diayakeunana prangko téh. Mimiti, prangko gagasanna diwanohkeun ka masarakat Britania Raya –Inggris, ping 1 Méi 1840. Sanggeus masarakatna wanoh, kakara dina tanggal 6 Méi 1840, resmi dikaluarkeun prangko munggaran anu dingaranan: The Penny Black. Anu mangrupakeun “réformasi pos”, hasil gagasan Hill.
Éta prangko munggaran, ngabogaan ciri-ciri: di tengahna aya gambar sirah queen –ratu Victoria; dicitak maké warna hideung; di luhureunna aya tulisan “postage”; sedengkeun di handapna aya tulisan “one penny” –nya éta harga nominal éta prangko. Ku alatan gambar prangko-na hideung jeung aya tulisan “one penny”, antukna mah katelah ku masarakat téh: The Penny Black. Mangsa harita, Inggris diratuan ku Alexandrina Victoria ti kawit 20 Juni 1837 dugi ka pupusna taun 1901. Anjeunna ngawasa salila 63 taun leuwih, panglamina maréntah, batan raja atanapi ratu Britania mana ogé. Saparantos Ratu Victoria pupus, Inggris dikawasa ku putrana, nya éta: Albert Edward (Edward VII).
Carita ngeunaan nimukeunana “ideu prangko” ku Sir Rowland Hill, kawilang unik. Harita, Hill keur nyérangkeun patugas pos anu masrahkeun surat ka hiji mojang. Saréngséna niténan éta surat kalayan taliti, si mojang masrahkeun deui éta surat ka si patugas sarta nolak ngalunasan waragadna –cenah mah, teu bogaeun duit. Sir Rowland Hill ngadeukeutan si mojang lantaran panasaran, sarta nanyakeun naon sababna teu daék narima éta surat. Jawaban si mojang, mungguh matak ngajenghok kana haté Hill. Surat anu nyatana ti bébéndéna téh, maké sababaraha “tanda” jeung “kodeu” anu ku maranéhna duaan wungkul anu nyahona téh. Teu kudu muka surat ogé, si mojang geus nyaho eusining surat éta. Jadi, keur naon susah-susah maké kudu mayar ongkos kirimna sagala.
Kajadian ieu ngabalukarkeun Hill jadi kuciwa jeung geregeteun, lantaran lamun terus-terusan kajadian modél kitu hantem waé lumangsung, pisakumahaeun rugina Dinas Pos jeung kumaha atuh nasib karaharjaan parapagawéna deuih. Salian ti kajadian éta, saméméhna ogé Hill téh, osok niténan widang perpajakan jeung élmu administrasi. Mangsa taun 1830, harita Inggris keur mekar jadi nagara industri. Hill mikirkeun kumaha carana sangkan meunang pamasukan keur kas karajaan, tina pajeg kiriman surat-surat. Pamikiran Hill rada kaganggu ku ayana “hak istiméwa” anu dipibanda ku paraanggota Majelis Rendah jeung Majelis Tinggi di parlemen, nya éta: boga hak bisa ngirimkeun surat-surat anu taya watesna kalayan haratis alias teu kudu mayar waragad. Kajadian samodél kieu, ceuk pamikiran Hill, bisa ngabalukarkeun pemborosan anu antukna bakal ngarugikeun kas karajaan. Dua kajadian anu karandapan ku Hill éta, jadi pamikiran manéhna sapopoé. Pamustrunganana, taun 1837 Sir Rowland Hill ngajukeun sababaraha usul ka parlemen, nya éta:
1.    Waragad ngirim surat, kudu diturunkeun. Tujuanna, ngarah loba anu ngirim surat.
2.    Perluna netepkeun tarif pos anu seragam, teu dumasar kana jarak tempuh éta surat. Jauh jeung deukeut, waragadna sarua.
3.    Waragadna dibayar ti heula, ku cara némpélkeun sacewir keretas sabagé tanda ngalunasan.
Pamikiran Hill ieu, mimitina mah teu disatujuan ku parlemen –malahan loba anu nentangna. Tapi, opat taun sabadana –taun 1840, usul pamikiran Hill téh ditarima ku parlemen. Tah ti danget harita, lahir anu ngaranna: Prangko. Sacewir keretas leutik, anu dipaké sabagé tanda ngalunasan pangiriman surat.
Kartu Pos

Prangko Konigin Willem III
Datangna bangsa Walanda ka lemah cai Nusantara –taun 1602, ngalantarankeun ayana kagiatan surat-sinurat anu lumangsung antarnagara: Walanda – Nusantara. Surat anu ditujukeun ti Nusantara ka Walanda, kudu ditujukeun ka pajabat resmi. Eusi surat, teu meunang ngagogoréng ngeunaan kaayaan Kumpeni di Nusantara.
Bubuhan antara Walanda jeung Nusantara téh lain jarak anu deukeut-deukeut –katurug katutuh sarana pikeun ngiangkeunana, nya éta kapal laut, masih kénéh bisa diitung ku ramo, lalakon nepina hiji surat téh bisa taunan. Hiji surat anu dikirimkeun ti Nagri Kincir Angin –Walanda ka Nusantara, lilana aya kana salapan bulanna. Dalah ti Batavia ka Ambon waé, aya kana opat bulanna.
Surat-surat atanapi pakét-pakét pos mangsa harita, ngan ukur disimpen di Stadsherberg –gedong panginepan kota. Ku kituna, sakabeh balaréa kudu ngaroris unggal waktu, bisi aya surat atanapi pakét keur dirina di jero gedong éta. Keur ningkatkeun “kaamanan” surat jeung pakét anu dikirim, antukna pamaréntah Walanda ngawangun kantor pos.
Di Nusantara, kantor pos munggaran dibuka di Batavia –Jakarta tanggal 20 Agustus 1746 –diresmikeun ku Gubernur Jenderal GW. Baron van Imhoff. Éta kantor pos téh ngabogaan tujuan pikeun ngalayanan surat-sinurat penduduk –utamana, keur parapadagang antarpulo. Ogé ka anu sok iinditan ka Walanda, atanapi sabalikna, ti Walanda ka Nusantara. Opat taun ti harita, di Semarang ogé dibuka kantor pos anyar.
Prangko Raja Willem III, Walanda.
Ku alatan prangko ditimukeunana ku urang Éropa –hususna Inggris, munasabah atuh anu nyebarkeunana ogé urang Éropa kénéh. Ka Nusantara, prangko téh diwanohkeunana ku pamaréntahan Hindia Walanda dina kaping 1 April 1864. Ieu prangko –anu mimiti lumaku di Nusantara téh, dijieunna di Amsterdam tur dicitakna di Utrecht, meunang ngararancang Johann Wilhelm Kaiser. Jumlahna, dua juta lembar prangko.
Warna prangko na, beureum anggur. Wangun-na, pasagi. Di tengahna aya gambar konigin –raja Willem III, luhureun gambar aya tulisan “10 cént”, sedengkeun handapeun gambar aya tulisan “postzegel”. Beulah kéncaeun éta gambar, aya tulisan “Néderl”. Katuhueun gambar, aya tulisan “Indie”. Sakuriling sisina ieu prangko munggaran téh, henteu perforasi alias hentu rérégéan –sakumaha umumna prangko. Mangsa harita, nagri Walanda dikawasa ku Willem Alexander Paul Frederik Lodewijk van Oranje-Nassau ti taun 1849 dugi ka 1890. Kaping 23 November 1890, Raja Willem III pupus. Tahta diwariskeun ka siwina, nya éta: Wilhélmina –anu harita yuswana nembé 10 taun.

Prangko Dai Nippos Yubin Kyoku
Citak tindih "Dai Nippos Yubin Kyoku"
Mangsa Jepang ngaranjah Nusantara –Walanda serah bongkokan 8 Maret 1942, persediaan prangko Walanda ngaleuya kénéh. Ku lantaran prangko anyar acan kaburu dicitak, antukna mah prangko-prangko heubeul ieu, masih kénéh digunakeun –kalayan ngabubuhkeun citak tindih anu ngagunakeun huruf Jepang. Citak tindih ieu, ngamuat tulisan: “Dai Nippos Yubin Kyoku”. Gambar-gambar cap na, rupa-rupa. Kaya-kayaning: binatang; palang; jeung jangkar. Maké citak tindih téh, umurna henteu lila. Taun 1943, mimiti diterbitkeun prangko-prangko Jepang anu maké gambar: bola dunya kalayan peta karajaan Jepang; munding anu keur ngawuluku; basisir sagara; jeung sajabana.

Prangko Memperingati Setengah Tahun Merdéka
Saréngséna Proklamasi Kamerdékaan, oper-alih kakawasaan henteu berjalan mulus. Soldadu Jepang henteu mikeun kakawasaan jeung pakarang perangna ka Indonesia, sok padahal maranéhna téh apanan geus serah bongkokan ka sekutu dina kaping 15 Agustus 1945. Katurug-turug deuih, Walanda ping 29 Séptember 1945 badarat di Jakarta –beuki nambahan paciweuhna kaayaan.
Prangko Memperingati Setengah Tahun Merdeka
Tina jihad filateli, kaayaan mangsa harita kawilang unik –lantaran aya layanan pos anu diselenggarakeun ku dua nagara. Di dayeuh-dayeuh anu direbut ku Walanda, layanan pos ngagunakeun prangko: Néd-Indie. Sedengkeun di wewengkon-wewengkon anu dikawasa ku RI, layanan pos ti Djawatan PTT –Pos, Telegrap, dan Telepon ngagunakeun prangko Indonesia. Mangsa harita, prangko munggaran anu dicitak ku Pamaréntah Républik Indonesia téh, nya éta: prangko “Memperingati Setengah Tahun Merdéka”. Taun 1946 –sataun sanggeus merdéka, pamaréntah RI nerbitkeun prangko séri “Revolusi”. Dicitakna di Jakarta, kalawan henteu maké pangrapet.

Si Keretas Ajaib
Lamun ditengetan tur ditilik-tilik kalawan taliti, saenyana prangko téh kaasup barang anu “unik”. Disebut unik téh, salian ti gunana pikeun ngagampangkeun ngirim surat, ogé ku bentuk wangunna. Nepi ka dangeut ayeuna, jigana kanyaho masarakat kana prangko téh, wangunna pasagi opat. Padahal, bentuk prangko téh henteu sarua kabéh modél kitu. Aya ogé, anu buleud jeung juru tilu. Sedengkeun kaunikan séjénna, prangko téh teu bisa dicitak sagawayah ku saha baé jeung iraha baé. Lembaga anu husus nyitak prangko di Indonésia, nya éta Perum Peruri –Percétakan Uang Républik Indonésia. Ku kituna, kapentingan katut kalungguhan prangko téh bisa disaruakeun jeung duit. Hal ieu nuduhkeun, yén prangko téh kaasup: “barang hargaan”. Sabagé keretas anu “hargaan”, nyitak prangko téh teu béda jeung nyieun duit keretas. Prangko na dirancang husus, sangkan taya anu malsukeun. Salahsahiji carana, nya éta maké “tanda cai” di tukangeun gambar keretas. Keretas anu digunakeunana ogé lain keretas samanéa, tapi keretas husus.

Filateli
Filateli –tina basa Yunani: “philos” (babaturan) jeung “ateleia” (bebas waragad), anu beuti hartina nya éta: “ngabébaskeun babaturan tina waragad pos”. Wujud “ngabébaskeun waragad pos” téh, ku cara: némpélkeun prangko dina amplop sabagé “bukti pembayaran”. Satuluyna, sabagé bukti pelunasan, pihak pos bakal méré tanda ku “cap tanggal pos”. Kiwari, harti filateli téh nunjukkeun kana kagiatan kalangenan jalma anu sok ngumpulkeun atanapi ngoléksi prangko. Numutkeun sajarah, anu munggaran ngumpulkeun prangko téh nya éta: Dr. Gray –pajabat museum Inggris. Anjeunna néangan prangko ngaliwatan The London Times, taun 1841. Nanging istilah filateli ieu, sabenerna mah kakara mucunghul taun 1864. Nya, M. Herpin –tukang ngumpulkeun prangko ti Perancis anu ngenalkeun istilah “philateli” ngaliwatan karangan anu judulna: Bapteme –diterbitkeun dina majalah Collectionneur de Timbres Poste, 15 Novémber 1864.
Mekarna jaman, mawa pangaruh kana karesep jeung kamonésan jalma. Anu raket patalina jeung prangko, nya éta: ngumpulkeun jeung ngoléksi prangko –anu biasana disebut: filateli. Ku jalan resep ngumpulkeun jeung ngoléksi prangko, sahenteuna bakal apal tur weruh kana: sajarah bangsa; kabeungharan alam; tokoh; jeung sajabana –lantaran dina prangko téh, loba gambar-gambar anu aya patalina jeung éta. Cindekna mah, urang bakal apal ka lemah cai sorangan –katut unak-anikna ngaliwatan “maca prangko”. Komo lamun bari ngumpulkeun prangko ti mancanagara mah, kaweruh téh bakal nambahan.
Keur “manukna” mah, ngoléksi prangko téh tangtu bakal ngadatangkeun kasenangan –malah mah: reueus. Minangka kalangenan, ngoleksi prangko ogé bisa ngaleungitkeun rasa stréss. Keur barudak sakola mah, kagiatan filateli téh bisa dijadikeun kagiatan pikeun ngamangpaatkeun waktu di luar jam sakola. Salian ti éta, bakal numuwuhkeun sikep disiplin. Kituna mah kaharti, sabab ngoléksi prangko téh perlu katalitian –teu meunang léléwodéh tur jorok.
Harga hiji prangko bakal leuwih mahal, lamun prangko na geus arang langka –teu sumebar deui di masarakat. Komo, prangko anu geus puluhan taun ka tukang mah. Sok aya kabéjakeun, yén harga prangko anu ditawar téh, méh sarua jeung harga mobil méwah.



***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar