Selasa, 08 Juli 2014

Wayang 10



Buuk moal digelung deui, mun acan dikuramasan ku getih Dursasana. Moal deuk nepungan luluhur Kuru, mun acan ngarakrak dada jeung ngajejewét baham katut nginum getih Dursasana.

Maca Uga Na Waruga
Sanggeus ngadegkeun karajaan Indraprasta, Pandawa ngarasa lalugina haté. Teu gumantung kana sih piwelas deungeun, bisa nangtung dina tangtungan tur ngadeg dina adeg-adegna. Ngeureuyeuh nikreuh ngawangun nagri, itikurih mélaan peurih ngarah Indraprasta boga peurah. Munasabah mun karajaan Indraprasta anu kakara ngadeg téh, mimiti tembong nguniang boga dangiang. Tapi, nagri anu keur meujeuhna tengtrem téh, ngadadak oyag ku karaman anu ngaganggu katingtriman. Ingon-ingon salahsaurang brahmana, dijegud ku bapa maling. Ngadéngé béja yén banda rahayatna aya nu ngarampog, Arjuna gilig baris nyangkalak bapa maling ku leungeunna sorangan. Satria panengah Pandawa, gasik rék mawa gondéwa jeung jamparing pusakana. Basa Arjuna rék nyokot gondéwa di kamar pusaka, kasampak Déwi Drupadi keur sosonoan jeung Yudistira. Di hareupeun panto kamar pusaka, léngkah Arjuna ngarandeg. Dirina bingung liwung, anu taya hinggana. Deuk maksakeun ngaléngkah, teu wasa ngaganggu kabagjaan lanceukna. Lian ti ngaganggu, tangtuna ogé baris meunang hukuman nyepi diri di leuweung salila sapuluh taun. Ari teu laju mawa pusaka, dirina ngarasa dosa teu bisa bébéla ka rahayatna. Kajurung ku jiwa satria, Arjuna milih meunang hukuman. Sukuna ngadadak tanagaan, léngkahna ngadadak jadi hampang. Bari peureum ngaliwat ka hareupeun lanceukna, Arjuna laju asup ka kamar pusaka, nyokot gondéwa jeung jamparingna. Teu lila ti dinya, gasik ngudag anu maling ingon-ingon brahmana.
Di tapel wates karajaan, horéng aya sababaraha ratus rampog anu keur curak-curak meuncit ingon-ingon. Jamparing dipesat tina gondéwa Arjuna. Sakali mesat, sababaraha puluh bapa maling katiruk jajantungna. Dina dangka anu singget, pararampog ngababatang. Gegedug rampog serah bongkokan, sarta diasupkeun ka pangbérokan. Sanggeus mareuman karaman, Arjuna ngadeuheus ka Yudistira seja masrahkeun diri pikeun dihukuman. Yudistira saéstuna geus ngahampura, malah ngarasa kahutangan budi ku Arjuna anu bajuang demi katingtriman nagri. Sanajan geus dihampura sarta leupas tina hukuman lanceukna, Arjuna gilig rék nyingkurkeun diri ka leuweung. Arjuna tuhu kana jangji, pageuh kana adeg-adeg satria. Rék tanggung jawab, bari sakalian meuseuh diri. Nyaliksik diri, ku cara maca uga na waruga.
Salila nyingkurkeun diri di leuweung, Arjuna meresihan rereged anu ngotoran kolbuna. Gindi pikir belang bayah, diingkahkeun. Bray panon batinna ngadadak caang. Keur anteng ngaraga meneng, ujug-ujug aya sora anu teu aya jirimna. Éta haréwos goib, méré pancén ka Arjuna sangkan gasik nepungan Batara Krésna di nagri Darwaka –Dwaraka.
Kacaturkeun, Ajuna geus tepung jeung Batara Krésna. Ku Krésna, Arjuna diajak ka Gunung Raiwataka pikeun nyakséni acara hajat anu rongkah kacida. Inditna, maké karéta kancana. Arjuna diuk ngaréndéng jeung Krésna, digigireunna aya mojang anu méncrang. Éta nyi mojang téh, adina Kresna anu wastana: Déwi Subadra. Sapanjang jalan, Arjuna maling teuteup ka nyi mojang. Waktu paneuteup amprok, raray Subadra tembong beureum. Aya geter rasa anu pataréma, aya geter asih anu melentis. Krésna anu seukeut pangrasana, surti kana geter ati Arjuna. Ceuk Krésna, anu baris pijodoeun adi kadeudeuhna téh: “satria anu utama; anu gedé wawanénna; anu surti ngungkulan wanci; anu dalit ka sanubari; tur sakti mandraguna”. Ngadéngé kekecapan tina galeuhna galih Krésna, Arjuna ngarasa bungangang. Dirina rék ngabuktikeun, yén payus jadi pangaping hirupna Déwi Subadra. Arjuna ménta widi ka Krésna, rék ngaboyong Subadra ku cara kawas bapa maling. Ku Krésna, disaluyuan.
Waktu acara pasamoan agung geus lekasan, Arjuna metot leungeun Subadra. Éta putri nagri Dwaraka téh ditaékkeun kana karéta, biur Arjuna negarkeun kudana. Ningali Déwi Subadra diiwat ku Arjuna, wangsa Yadawa –babakuna Baladéwa, lanceukna Krésna kasundut amarahna. Batara Krésna anu apal kana watek lanceukna –anu gampang ngageutah jeruk ngahulag Baladéwa sangkan ngabolaykeun niatna pikeun nyangkalak Arjuna. Ceuk Krésna: “anu jadi panyileukan wangsa Yadu –Yadawa nya éta: anakna tepung jodo jeung satria utama. Kusabab geus sababaraha kali ngabolaykeun saémbara, kiwari Arjuna némbongkeun wawanénna. Kakara ayeuna, aya satria anu gedé kawanina. Moal nyieun laku kawas kitu, mun Arjuna lain satria anu utama”. Ngadéngé caritaan adina, haté Baladéwa langsung léah. Baladéwa, laju nepungan Arjuna. Kalawan diaping ku Déwi Kunti Nalibrata jeung dulur-dulur Pandawa lianna, Arjuna mulangkeun deui Déwi Subadra. Satepina ka nagri Dwaraka, Arjuna langsung dirapalan. Hajat rongkah tujuh poé tujuh peuting, digelar. Sabada hajat lekasan, Arjuna ngaboyong Déwi Subadra ka Indraprasta kalayan dijajap ku Krésna jeung Baladéwa. Kutepungjodona Arjuna ka Déwi Subadra, tali mimitran Indraprasta jeung Dwaraka jadi leuwih weweg. Isuk jaganing géto, tina getih Arjuna jeung Déwi Subadra, lahir: Abimanyu, anu baris ngarundaykeun satria anu utama.

Karaton Indraprasta
Sanggeus Abimanyu lahir, Arjuna ngajak Krésna titirah pikeun ningtrimkeun ati ka sisi walungan Jamuna. Krésna, gasik narima pangajak Arjuna. Keur anteng di sisi walungan Jamuna, kagareuwahkeun ku uluk-salam aki-aki. Krésna seukeut panénjo batinna, éta aki-aki anu ngaku brahmana téh taya lian ti Hyang Agni –Déwa Seuneu ti Kahyangan. Si aki ménta tulung ka Krésna jeung Arjuna, pikeun ngahuru leuweung Kandawa. Krésna jeung Arjuna rada ngahuleng basa dipinangsarayaan ku si aki téh, sabab teu boga pusaka katut karéta kuda anu bisa lumpat ngabelesat mun leuweung geus kahuru. Bangbaluh anu duaan, kabaca ku si aki. Si aki terus sidakep sinuku tunggal, batinna ngagero Hyang Waruna –Baruna, Déwa Cai. Déwa Baruna mucunghul tina beungeut cai, laju nyampeurkeun kanu tiluan. Ka Arjuna, Déwa Baruna masrahkeun pusaka gondéwa anu dibéré ngaran: Gandéwa, lengkep jeung jamparingna. Déwa Baruna ogé masrahkeun dua kuda bodas jeung karéta kancana ka Arjuna. Sedengkeun Krésna, dibéré pusaka Cakra jeung Gada Sakti.
Waktu Krésna jeung Arjuna keur ngahuru leuweung, maranéhna nempo aya danawa awéwé keur dibeberik ku raja siluman. Éta danawa anu ngaranna Maya, lumpat kana rungkun anu teu jauh ti Krésna jeung Arjuna. Raja siluman dicegat ku Arjuna, laju tarung patutunggalan. Arjuna gasik mesat jamparing, ngan sakiceup, raja siluman katiir genggerongna. Danawa Maya nganuhunkeun kana pitulung Arjuna, sarta jangji rék mangnyieunkeun karaton. Sanggeus kedal jangji, Maya mulang deui ka nagarana.
Ningali Krésna jeung Arjuna mampuh ngaratakeun leuweung, Hyang Indra nepungan duanana seja nepikeun kareueus pédah geus nohonan pancén ti déwata. Arjuna diwaris pusaka ku Hyang Indra, sanggeus kitu, Hyang Indra mulang ka Kahyangan.
Kacaturkeun danawa Maya. Kalayan dibantu ku ratusan wadyabaladna, Maya tihothat ngawangun karaton. Dina dangka sabulan, karaton geus ngadeg. Éndah taya bandingna, lir karaton ti Kahyangan. Yudistira kacida bungahna, ningali karaton anu agréng. Minangka kedaling rasa tumarima ka Gusti Nu Murbeng Alam, Yudistira rék ngayakeun upacara salametan. Puguh baé, Batara Krésna panuju pisan. Ngan saméméh sukuran, ceuk Krésna, Pandawa kudu meruhkeun heula raja-raja anu remen ngarampas karajaan anu lian. Kamandang ti Krésna disatujuan ku Yudistira, sarta gasik méré pancén ka dulur-dulurna. Bima kudu meruhkeun raja sarakah anu ngawasa di beulah Wétan; Arjuna sangkan nalukkeun karajaan anu ngawasa beulah Kalér; Nakula nalukkeun beulah Kulon; jeung Sadéwa kudu ngaburak-barik karajaan anu ngawasa beulah Kidul. Ku kasaktén putra-putra Pandu Déwanata, raja-raja anu sok ngarampas nagri deungeun téh, serah bongkokan. Atuh karajaan anu dibébaskeun ku Pandawa téh, ngarasa bungah kacida. Minangka tanda tumarima, maranéhna sumpah satia deuk babakti sarta bumela ka Pandawa.
Sanggeus dunya aman, sakumna nagara diondang –kaasup Astina pikeun sukuran karaton Indraprasta. Dina prungna salametan, kabéh tatamu olohok mata simeuteun ningali agréng jeung éndahna karaton Indraprasta. Kitu deui Duryudana jeung dulur-dulur Kurawa, pada hookeun.

Maén Dadu
Samulangna ti nagara Indraprasta, Duryudana nguyung. Dirina teu nyangka, Pandawa anu dikakaya téh bet kalahka jadi nangtung tur nanjung. Duryudana ménta bongbolongan ka Sangkuni, pikeun ngusrukkeun Yudistira katut dulur-dulurna. Ieu ahli waris tahta karajaan Gandara, méré bongbolongan ka Duryudana sangkan ngajak judi ka Pandawa. Ceuk pameleng Sangkuni, Pandawa baris ngayonan pangajak Duryudana. Hal ieu téh patali jeung karesep Déwi Kunti Nalibrata anu nyandu kana judi, babakuna mah: maén dadu.
Bongbolangan ti Sangkuni, ditepikeun ka bapana, nya éta: Dréstaratya. Ku Dréstaratya dihulag, teu panuju karaton Astina dikotoran ku judi maén dadu. Dréstaratya ngageuing anakna, sangkan tong ngadéngé papatah ti Sangkuni. Mending kénéh ngadeukeutan ka emangna –Widura, batan ka adi beuteungna –Sangkuni. Tapi lantaran pangdongsok anu leuwih rosa, antukna Dréstaratya léah manah nyaluyuan kana niat goréng anakna. Dréstaratya, haténa kawilang uduh. Raja anu teu boga pamadegan, gampang pisan ngagaléongna.
Dréstaratya –sang raja Astina ngagupay Widura, sangkan ngagiringkeun Pandawa ka pakalangan maén dadu. Widura ngajenghok, teu nyangka ka anu jadi lanceukna –anu biasana sok narima panggeuing ti dirina, bet ngadadak robah. Caritaan Widura teu metu, kawas cai anu ragrag kana daun bolang. Basa Widura nepikeun eusi ondangan ti raja Astina anu nangtang ngajak maen dadu, Yudistira mungguh ngarénjag. Kusabab terus dijejeléh waé ku Kurawa, Yudistira kacéot kana ulekan hawa napsu, ahirna narima panangtang maén dadu.
Kacaturkeun, Pandawa geus aya di kalang maén dadu. Sangkuni kacida bungahna, patali jeung taktik anu geus dirarancang ku manéhna. Mimitina, anu diborehkeun téh: duit jeung emas. Dina dangka memenitan, duit jeung emas bandana Pandawa téh: bures. Der anu jadi tarohan téh, undak kana pakaya séjénna, kayaning: sawah; kebon; jeung ingon-ingon. Kabéh pakaya Pandawa, ledis. Kitu deui, karaton katut eusina dijadikeun boreh. Éta ogé karoroncodan, ledis. Banda Pandawa geus béak, taya anu bisa dijadikeun boreh. Tinggal pakéan anu dina awak Pandawa. Antukna, pamajikan Yudistira –Déwi Drupadi katut pakéan Pandawa dijadikeun boreh. Atuh puguh baé, Sangkuni jeung Kurawa kacida bungahna. Hayang ngakaya Pandawa jeung ngajejeléh Praméswari raja Yudistira téh, bakal tinekanan ngabukti. Ngadéngé Déwi Drupadi anu dijadikeun boreh dina kalang judi, Widura ngusap birit, ngejat ninggalkeun kalang judi.
Sangkuni, sang maestro maen dadu.
Yudistira geus poék haténa, tigebrus kana jungkrang anu hina. Pamajikanna anu ditanggeuy kawas endog beubeureumna, dijadikeun boreh. Puguh baé, matak muringkak bulu punduk. Yudistira anu gede haté yén ayeuna mah bakal meunang judi, ahirna ngégél curuk. Déwi Drupadi anu ditandonkeun dina maén dadu, kajabel ku Kurawa. Duryudana rék ngawiwirang Pandawa, ku cara naranjangan Déwi Drupadi di hareupeun pangagung Astina. Sang déwi diséréd, teu bina kawas ka sato. Napsu Bima, mudal. Gasik nyokot gada, rék ngarogahala Duryudana. Adipati Karna nyegat Bima, ngelingan sangkan tigin kana jangji. Déwi Drupadi apanan geus jadi milik Kurawa, sagala paréntah ti Duryudana kudu dilakonan. Waktu Pandawa kudu tataranjang bubulucun di tengah karaton, maranéhna teu bisa mungpang. Kitu deui waktu Déwi Drupadi dirangsadan ku Dursasana –adina Duryudana, sang déwi teu walakaya. Batin Pandawa lir digerihan ku hinis, teu téga ngabandungan Déwi Drupadi dirangsadan. Jumeritna batin Pandawa, tembus ka Batara Wisnu. Sang Wisnu langsung miraga sukma kana raga Déwi Drupadi. Unggal samping Déwi Drupadi dibedol, aya deui gantina. Sababaraha kali baju jeung samping Déwi Drupadi diudar, awakna tetep kabulen ku lawon ti Kahyangan. Niat Dursasana naranjangan Déwi Drupadi, teu tinekanan.
Ku nyeri-nyerina batin Déwi Drupadi, kedal sumpah: “buukna moal digelung deui, mun acan dikuramasan ku getih Dursasana”. Kitu deui Bima, ragrag ucap: “moal deuk nepungan luluhur Kuru, mun dirina acan ngarakrak dada jeung ngajejewét baham katut nginum getih Dursasana”. Waktu Déwi Drupadi jeung Bima kedal sumpah, ngadadak jagat inggeung –totondén sumpahna disakséni ku déwata. Ningali jagat gonjang-ganjing, Widura gasik nepungan raja Astina sangkan ngeureunkeun hukuman ka Pandawa. Dréstaratya katodél haténa, judi téh teu diteruskeun. Kitu deui hukuman Pandawa dicabut, pakaya anu geus ledis diborehkeun, dibalikkeun deui ka Pandawa. Pandawa bisa mulang deui ka Indraprasta, kalayan maké pakéan sakumaha mistina.





***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar