Sabtu, 22 November 2014

Diaku Oge



Ngaran Linggajati nepi ka kiwari, masih jadi padungdengan. Lantaran, aya ogé anu nyebut: Linggarjati. Malahan, masarakat umum mah leuwih kénéh mikawanoh ngaran Linggarjati batan Linggajati. Tapi upama nyokot kana naskah perjanjian resmina, ditulisna téh: Linggajati. Kitu deui ngaran désa anu dijadikeun tempat perundingannana, nya éta: Désa Linggajati.
Gedong Museum Perundingan Linggajati, Kuningan - Jawa Barat.

Nagara Féderal
Gumelarna Negara Kesatuan Républik Indonésia anu diproklamasikeun dina kaping 17 Agustus 1945, geus ngondang réaksi ti Walanda anu masih kénéh hayang ngawasa Nusantara. Dina bulan Séptémber 1945, pasukan Walanda badarat di Pulo Jawa marengan tentara sekutu –tentara Inggris pingpinan Létjén Christison. Pasukan Walanda anu ngadompléng tentara sekutu téh, nya éta: Nederland Indishe Civiel Administratie –NICA anu dipingpin ku Ch. O. van der Plas. Inyana ngawakilan Dr. HJ. Van Mook –Wakil Gubernur Jénderal Hindia Belanda.
Datangna NICA, ngalantarankeun bangsa urang jadi leuwih harénghéng –komo sanggeus katohyan mah yén pihak Inggris kadon meleg-meleg ngabantuan Walanda anu rék ngajajah deui Nusantara. Nya ahirna mah ping 10 Pébruari 1946, diayakeun riungan antara Indonésia jeung Walanda kalayan anu jadi juru panengahna: Sir Archibald Clark Kerr ti Inggris –satuluyna mah diganti ku Lord Killearn. Dina ieu riungan, van Mook nepikeun “pernyataan politik” anu patukang tonggong jeung ma’na Proklamasi Kemerdékaan RI 17 Agustus 1945. Hal ieu diprotés ku pihak Indonesia, ngaliwatan pernyataan balesan. Saéstuna mah, van Mook téh geus asak ngararancang pikeun nyieun nagara bonéka –nagara féderal anu dikadalikeun ku Walanda. Keur ngamuluskeun jalanna, pihak Walanda geus ngayakeun riungan jeung parapejabat pamaréntah di daérah-daérah anu dikawasa ku Walanda. Kitu deui jeung pihak Republik Indonesia, geus sababaraha kali lumangsung gempungan di Jakarta. Samalah gempungan di Hooge Veluwe –nagri Walanda ogé dilakonan pikeun meruhkeun RI, tapi perundingan ieu ogé teu mawa hasil –sabab paménta Indonésia supaya Walanda ngaku heula nagara RI, teu dicumponan.
Tarékah Inggris pikeun nepungkeun deui Indonesia jeung Walanda, terus dilakonan. Ping 7 Oktober 1946, Lord Killearn –anu ngaganti Sir Archibal Clark Kerr, hasil nepungkeun deui Indonesia jeung Walanda. Gempungan lumangsung di imah anu dicicingan ku Konsul Jénderal Inggris di Jakarta, bari diluuhan ku wawakil masing-masing nagara. Pasualan anu dibahas, ngeunaan: gencatan senjata –14 Oktober 1946; jeung nasib ka hareupna nagara Indonésia.
Delegasi Walanda –commisie general, husus datang ti nagri Walanda: Prof. Dr. Schermerhorn (Ketua); Dr. HJ. van Mook; Mr. van Pool; F. de Boor; Mr. Maasen; jeung Dr. Samkalden. Sedengkeun delegasi Indonesia: PM. Sutan Syahrir (Ketua); Mr. Ali Budiharjo (Sékjén); Mr. Moh. Roem; Mr. Soesanto Tirtoprodjo; Dr. AK. Gani; Dr. Leimena; Dr. Soedarsono; Mr. Amir Syarifudin; jeung Mr. Pringgodigdo. Lord Killearn, jadi médiator perundingan. Hasil perundingan, diantarana: gencatan senjata antara dua pihak; sarta perundingan baris dituluykeun di Linggajati dina ping 10 – 15 Novémbér 1946. Linggajati dipilih pikeun tempat babadamian, sabab ti mimiti 4 Januari 1946, ibukota RI geus pindah ka Yogyakarta. Linggajati dianggap “di tengah-tengah” antara  Jakarta jeung Yogyakarta.
Gedong Perundingan Linggajati, Kuningan - Jawa Barat.

Perundingan Linggajati
Linggajati téh ngaran hiji désa anu aya di wewengkon Kecamatan Cilimus, Kabupatén Kuningan. Perenahna di tutugan Gunung Ceremé, 400 meter tina beungeut laut. Ti Cirebon, anggangna kurang leuwih: 20 kilometer.
Pikeun kapentingan babadamian, di Désa Linggajati geus disadiakeun tilu imah bogana Kwee –padagang asal ti Tiongkok. Kaping 10 Novémbér 1946, delegasi Indonesia jeung juru panengah –Lord Killern geus aya di Kuningan. Delegasi Walanda ping 11 Novémbér 1946 geus datang ka perairan Cirebon, numpak Catalina –kapal perang amfibi. Anu satuluyna pindah kana Banckert –kapal perang torpedo anu saméméhna geus ngajugrug di laut deukeut Cirebon. Banckert ngahaja disadiakeun, pikeun tempat panginepan delegasi Walanda.
Kaping 11 Novémbér 1946, di Cirebon diayakeun riungan antara Ir. Soekarno jeung Prof. Dr. Schermerhorn. Pikeun ngajemput delegasi Walanda, pamaréntah RI ngirimkeun hiji kapal laut ALRI Gajah Mada, tapi komandan kapal perang Banckert nolak sapajodogan. Sabada diayakeun gempungan, tungtungna mah disaluyuan, yén delegasi Walanda rék diangkut maké parahu patroli tina kapal Banckert bari dikawal ku parahu patroli ALRI nepi ka anjog ka basisir Cirebon.
Delegasi Walanda telat anjogna di Linggajati téh, tabuh 11.00. Gempungan poé munggaran ogé, ngan saukur lumangsung tilu jam satengah –lantaran delegasi Walanda kudu geuwat balik deui ka kapal Banckert tabuh 16.30. Anu teu ngilu balik téh, ngan ukur Schermerhorn –anu ngilu meuting di Linggajati pikeun nyumponan ondangan jamuan makan malam ti Présiden Soekarno. Pikeun ngareuah-reuah jamuan, dipintonkeun angklung garapan Daéng Sutigna di Pendopo Kabupatén Kuningan.
Babadamian di Linggajati –anu réngsé ping 15 Novémbér 1946, hasil nyusun rumusan rancangan “naskah persetujuan” anu sipatna saheulaananeun. Di imah anu dicicingan ku Sutan Syahrir, naskah persetujuan, diparap ku dua pihakanana pikeun meunang kasaluyuan ti pamaréntah masing-masing. Sutan Syahrir ngawakilan Indonesia, jeung Schermerhorn ngawakilan Walanda.
PM Sutan Syahrir jeung Prof.Dr. Schermerhorn, nandatangan.
Eusi poko Perundingan Linggajati, diantarana: Walanda ngaku kakawasaan RI sacara defacto anu ngawengku: Pulo Jawa; Pulo Madura; jeung Pulo Sumatera, satuluyna rék dibentuk nagara Républik Indonesia Serikat –RIS, jeung rék dibentuk UNI Indonesia-Belanda anu netepkeun Ratu Walanda jadi Kepala UNI. Kaping 25 Maret 1947, Perundingan Linggajati ditandatangan di Jakarta. Anu nandatangana: Sutan Syahrir –ngawakilan pamaréntah Indonésia; jeung Schermerhorn –ngawakilan pamaréntah Walanda.
Kasapukan antawis Schermerhorn (Walanda) jeung Sutan Syahrir (Indonesia), disaksian ku Lord Killearn (Inggris).
Masing kumaha ogé, Perundingan Linggajati téh saéstuna mah mangrupa awal “pangakuan” Walanda kana “kamerdékaan” Républik Indonesia –najan sacara defacto ukur ngaku Jawa; Madura; jeung Sumatera. Kukituna, Perundingan Linggajati, jadi modal dina perjoangan diplomasi Indonésia saterasna dina nyanghareupan Walanda.
Eusi Poko Perundingan Linggajati



***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar