Minggu, 23 November 2014

Kawin Cai di Situgede Garut



Kawin Cai téh simbul, ngelingan sangkan urang Sunda nolih deui kana budayana anu ngamumulé sumber cai. Cai téh mangrupa pangabutuh utama manusa anu kawilang penting. Urang Sunda teu bisa dipisahkeun jeung cai. Ngaran-ngaran wewengkon atanapi patempatan di Tatar Sunda ogé loba anu ngandung harti: Cai.
Nyaneut di Palabuhan Bulan, Situgede Garut.

Ritual Kawin Cai
Poé Rebo ping 29 Oktober 2014, tabuh salapan isuk-isuk, geus cunduk rombongan gegedén pamaréntah kabupaten Garut ka lapangan Situgedé di Lembur Situgedé; Desa Situgedé; Kecamatan Cigedug; Kabupaten Garut; Provinsi Jawa Barat. Tamu agung dipapag ku upacara adat, dibagéakeun ku cara dikalungan kembang. Geus kitu, diiring ku tari-tarian tradisional. Rombongan pajabat téh dianteurkeun sina asup ka ténda kahormatan anu geus disadiakeun. Prosési mapag gegedén lilana kurang leuwih saparapat jam, dipirig ku gamelan Sunda.
Nyandak Lodong
Ritual Kawin Cai anu dingaranan: “Féstival Seni, Garoet Mooi, Nyaneut di Palabuhan Bulan” diiluan ku salapan Kampung Adat jeung Komunitas Adat –Komdat anu aya di Kabupaten Garut. Cai anu dikawinkeunana –dihijikeun, ti salapan cinyusu anu aya di Komdat Garut, saperti: Kampung Pulo –Cangkuang Lélés; Kampung Dukuh –Cikelét; Kampung Cigedug –Cigedug; Kampung Dangiang –Banjarwangi; Kampung Godog –Karangpawitan; Kampung Cinunuk –Wanaraja; Kampung Ciéla –Bayongbong; Kampung Ciburuy –Bayongbong; jeung Kampung Cipancar –Balubur Limbangan.
Kasenian Tutunggalan ti Komdat Dangiang, Banjarwangi.
Féstival dibuka ku kasenian Tutunggulan ti Désa Dangiang, Kecamatan Banjarwangi. Sanggeus réngsé upacara adat Mapag Tamu, dituluykeun ku Rajah Siliwangi –lilana saparapat jam. Saréngséna paratamu; inohong; jeung pajabat disina unggah kapanggung, dilajengkeun kana biantara-biantara sérémonial.
Bérés acara biantara, laju hélaran anu diiluan ku salapan Komdat. Salah saurang warga Komdat anu milu hélaran, mawa lodong anu geus dieusian ku cai kahuripan –meunang ngala ti cinyusu anu aya di lemburna séwang-séwangan. Kira-kira tabuh satengah dua welas beurang, karék dilaksanakeun “Kawin Cai”.
Ngawinkeun - Ngahijikeun Cai
Bari dipirig ku tembang Sunda “Cianjuran”, cai tina lodong téh dihijikeun dina gentong gedé –bari saméméhna diparancahan heula. Cai anu tas “dikawinkeun” téh saterusna dibawa deui, pikeun diawurkeun di masing-masing Komdat.
Bérés cai dikawinkeun, sabada kaselang ku Solat Lohor, dipagelarkeun kasenian tradisional ti Komdat. Karinding Celempungan –ti Komdat Ciburuy; Terebangan Salawatan –ti Komdat Cigedug, Komdat Cipancar, jeung Komdat Cinunuk; Terebangan Beluk –ti Komdat Kampung Pulo; Terebangan Cikahuripan –ti Komdat Ciéla jeung Komdat Kampung Dukuh; Rudat –ti Komdat Godog jeung Komdat Kampung Pulo. Barudak leutik, mariluan lomba permainan tradisional jeung lomba ngawarnaan gambar.
Soréna, bada Asar, lumangsung aprésiasi seni jeung sastra Sunda. Komdat Cigedug –minangka pribumi, mintonkeun rupa-rupa kasenian, kaya-kayaning: réog; dogdog; dugkol –bedug kohkol; penca; jeung ibing jaipongan.
Peutingna, sabada Magrib, dituluykeun ku pawéy obor –kurang leuwih genep ratusan obor lobana. Ruteu pawéy oborna, ti Lapang Situgedé tepi ka Areng Parungkuda Kecamatan Cikajang –kurang leuwih sakilometer ti Situgedé. Balikna deui ka Situgedé, anu tas milu pawéy obor, dibagéakeun ku diseungeutna pepetasan; kembang api; jeung rupa-rupa tatabeuhan.
Warga Komdat ngagotong jampana

Nyaneut di Palabuhan Bulan
Ti tabuh salapan peuting, acara dituluykeun ku “Nyaneut” bari nyaksian pintonan wayang golék nepi ka tabuh sapuluh peuting. Nyaneut téh mangrupa istilah masarakat Sunda bihari upama keur reureuh ti beurang saentasna digawé ti isuk-isuk, nginum entéh anu “haneut” bari barangdahar. Dina “nyaneut” biasana tara dahar sangu, tapi dahar lalawuh anu henteu matak wareg, saperti: buras; urab jagong; urab sampeu; seupan sampeu; kulub suuk; kulub hui boléd; anu amis-amis; jeung sajabana, ngan saukur “ngahaneutan” padaharan/beuteung wungkul. Hususna warga di handapeun suku Gunung Cikuray Garut, miboga kabiasaan nginum entéh dina waktu peuting –pikeun ngahaneutan awakna tina tiris.
Dina tradisi nyaneut, cai dipasak dina luhur anglo –tungku taneuh liat anu bahan bakarna mangrupa areng. Cai panas tuluy dieusikeun kana jero poci –anu dijieun tina taneuh liat ogé. Dina nyaneut biasana maké entéh asli ti Garut, nya éta: entéh “Kejek”. Ieu entéh, asalna ti Cigedug Garut –geus ti bihari kénéh entéh Kejek téh kasohor. Ngaranna ogé entéh Kejek, nya dijieuna pasti di Kejek –dijejek/ditincakan ngarah leungit geutah dina daun entéhna. Sanggeus kitu, tuluy di sangray jeung di poé.
Di Situgedé aya dua sumur anu ‘dikaramatkeun”, anu dingaranan: Labuhan Bulan –Palabuhan Bulan. Anu ngageugeuhna –ceuk sakaol, belut putih –belut bodas. Masing halodo entak-entakan ogé, caina tara saat. Kitu sababna, acara téh dingaranan: Nyaneut di Palabuhan Bulan.


***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar