Kamis, 11 April 2013

Bangbalikan



Wawangsalan téh nyaéta sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna téh tara ditétélakeun, tapi kudu ditéangan tina bagian eusi. Wangsal téh sok murwakanti jeung salah sahiji kecap anu aya dina bagian eusi téa. Nilik kana wangunna, wawangsalan téh diwangun ku dua padalisan: sapadalisan sindir, sapadalisan deui eusi. Jumlah engang dina unggal padalisan nyaéta dalapan engang. Wawangsalan asal tina kecap wangsul (balik), kumargi kitu sok aya oge anu nyebat Bangbalikan. Wawangsalan anu nganggo ugeran Pupuh (nganggo aturan guru wilangan jeung guru lagu) sok disebat Wawangsalan Dangding.
1. Abdi mah caruluk Arab, henteu tarima téh teuing = korma
2. Abdi téh sok ngembang kawung, inggis teu ngareunah teuing = pengis
3. Abdi téh kapiring leutik, kaisinan ku gamparan = pisin
4. Abdi ti ménak ka somah, gamparan mah ieu aing = umaing
5. Ajag désa basa Jawa, lesuna teu aya tanding = asu
6. Ajag lembur Indramayu, naha bet kalangsu teuing = asu
7. Ajag lembur lamun engkang, énjing henteu wangsul deui = anjing
8. Alun-alun paleuweungan, gagal temen mun teu jadi = tegal
9. Anak beurit dina katung, kapan endén mundut encit = buncit
10. Anak munding masih nyusu, aduh endén buah ati = énéng
11. Anu siram kokojayan, abdi pamoyokan badis = ngoyok
12. Angeun somah pakampungan, kajeun bedo ti kamari = bodo
13. Areuy leuweung mérang daun, ulah sok japilus galih = pulus
14. Aringgis sok nyatang bolang, kapongpongan siang wengi = lompong
15. Asal hiji jadi dua, temah matak sesah ati = walimah
16. Awi ngora téh jaradi, temah matak jadi liwung = iwung
17. Aya nu dianjing cai, aya anu dihéroan = séro
18. Aya mesin bisa ngapung, kapidara diri abdi = kapal udara
19. Ayeuna gé sérah tegal, engkang mah sok matak peurih = eurih
20. Baku sok ngalebu badag, reueus keur sareng jeung istri = areng
21. Balandongan ngujur jalan, sok hayang geura los indit = elos
22. Balé diréka masigit, nya pikir bati rumajug = tajug
23. Bangkong lodor meuntas jalan, titis tulis bagja awak = bayawak
24. Bango héjo hérang jangjang, piraku engkang ka abdi = merak
25. Bango leutik bodas hulu, mo samar ka diri abdi = camar
26. Baréto gé batur pirus, juragan geuning pelekik = akik
27. Batuk eungap hésé damang, saé sumping baé wengi = mengi
28. Béas ditutuan deui, iraha atuh patepung = tipung
29. Bedil langit handaruan, engkang sapertos kalinglap = gelap
30. Bedog urang Darmaraja, kawantu abdi mah miskin = sekin
31. Belut sisit saba darat, kapiraray siang wengi = oray
32. Béndi panjang roda opat, ulah kalah ka carita = karéta
33. Béntang baranang di imah, samar bisa tepung deui = damar
34. Bedug wedalan Éropa, abdi teu asa dipuji = tanji
35. Beulit cingir simpay réma, ulah lali ka sim abdi = ali
36. Beunying leutik sisi cai, ari ras sok cimataan = amis mata
37. Beusi bodas cingcin kecrik, cumah baé dipicinta = timah
38. Biasa ngadodol gula, abdi henteu dipaduli = gulali
39. Bibi ka tipung tarigu, ku engkang tacan kaharti = roti
40. Buah kawung raranggeuyan, curuluk cisoca bijil = caruluk
41. Bulu panon wates taar, itu nyai mani geulis = halis
42. Cacangkir bahana beling, masing welas lahir batin = gelas
43. Cakcak gedé kadal bilik, ulah dipaké mokaha = toké
44. Careuh beureum pasawahan, nu dusun leuwih ti misti = lasun
45. Cariang beureum beutina, nya pikir bati aréwuh = cariu
46. Catetan bulan jeung taun, juragan ménak utami = almenak
47. Cau gedé ngan sasikat, taya teuing bagja diri = cau raja
48. Cek lémék Jawa sumuhun, hayang téh ulah kapanggih = enggih/inggih
49. Cikur jangkung pamuraan, kapalay siang jeung wengi = panglay
50. Cisusu kentel dimasak, ulah téga-téga teuing = mantéga
51. Cucuk basa Malayuna, duriat henteu laksana = duri
52. Dadampar di pagulingan, alim ka nu kirang surti = kasur
53. Dagangan pangrapet surat, mun kitu abdi mah alim = elém
54. Daun kasap kosok méja, tobat ulah nolas teuing = hampelas
55. Daun tuhur na tangkalna, sok rus-ras ka nu teu aya = kararas
56. Désémber tangtu ditéma, geulisna lir widadari = Janwari/Januari
57. Deukeut-deukeut anak taleus, nyangkéwok teu kanyahoan = téwok
58. Di Cikajang aya gunung, asa paturay jasmani = Cikuray
59. Dodol gula digolongan, nu hina kaluli-luli = gulali
60. Dudukuy panjang gagangna, pikir bati ngalanglayung = payung
61. Dukun tukang ngemat héwan, abdi mah ku alim teuing = malim
62. Ékék lembut pupuntiran, tingsérédét kana ati = cécéndét
63. Enggeus ka palupuh nangtung, ayeuna geus kapimilik = bilik
64. Engkang téh ngajukut laut, seger mun tepung jeung nyai = ager
65. Gagang caruluk karadak, pantes mun rék dinyenyeri = langari
66. Gamparan mah sangu atah, keur ménak kawuwuh sugih = gigih
67. Gedang atah keur lumayung, engkang mah jelema ginding = gumading
68. Gedong luhur panénjoan, narah keur saheulaanan = munara/menara
69. Gedong ngambang di sagara, kapalang geus béla pati = kapal laut
70. Gedong ngambang tengah laut, ulah kapalang nya béla = kapal laut
71. Gedong tempat nu titirah, ulah sok reueus binangkit = rumah sakit
72. Hayam cempa lalayaran, matak teuing nyeri ati = meri
73. Hayam sawah dipiara, abong kanu apes diri = meri
74. Hayam tukung saba gunung, uyuhan teuing nya diri = puyuh
75. Hiris ngora deungeun sangu, abdi mah kapok téh teuing = kapokan
76. Hui bulu réa akar, bongan sok rayungan teuing = kamayung
77. Imah leutik tempat ngaji, teu asa ngalanggar cegah = langgar
78. Imah ngambang di sagara, ulah kapalang nya bela = kapal laut
79. Indung kuar hama sirah, nu kitu ulah digugu = kutu
80. Ingsuning ngadaun luhur, ari ras ka diri abdi = kararas
81. Isuk basa Malayuna, tangtos abdi rék sayagi = pagi
82 Jagong tuhur beunang ngunun, dunungan bagéa sumping = emping
83 Jalaran bibit kalapa, isin da abdi mah santri = kitri
84 Jampana bugang dadakan, panasaran diri kuring = pasaran
85 Jati leutik jagong ngora, dodolog kirang utami = semi
86 Jawadah tutung biritna, sacarana-sacarana = cara
87 Jukut jangkung pipir gunung, haté abdi panas peurih = eurih
88. Kacang panjang disayuran, bati ngageremet ati = gemet
89. Kacang panjang gagabengan, sakieu darajat kuring = jaat
90. Kacang jangkung leutik daun, engkang mah satria raris = hiris
91. Kadal gedé saba darat, pareng alus bagja awak = bayawak
92. Kadeuleu langir caina, kayap-keyep anu geulis = keuyeup
93. Kalapa bakalan minyak, nu ampuh titis raspati = cipati
94. Kalong leutik saba gedang, sumedot rasaning ati = cocodot
95. Kararas daun kalapa, teu aya nu ngabangbrangkeun = barangbang
96. Kasintu di sisi situ, nu hayang kawanti-wanti = hayam/kunti
97. Kauntun tipung katambang béas, laksana meunang ijasah = laksa (surat nikah)
98. Kebon paré dicaian, siwah niat jalir jangji = sawah
99. Kembang biru di astana, abot pisah jeung kakasih = salasih
100. Kembang bodas buah bunder, ngaheruk nya pipikiran = jeruk
101. Kembang jambé kara beukah, kumalayang pikir abdi = mayang
102. Kendang gedé pakauman, dagdigdug rasaning ati = bedug
103. Kertas kabur kaanginan, kumalayang pipikiran = langlayangan
104. Ketuk leutik panayagan, ka abdi mah ningnang teuing = bonang
105. Keuyeup gedé saba laut, teu hadé liar ti peuting = kapiting
106. Koja awi dihuluan, sageuy lamun teu kasorang = korang
107. Kokotor saluar awak, da sanés rek hiri dengki = daki
108. Kota kuloneun Lampegan, purah-purah tunggu bumi = Sukabumi
109. Kulit teuas tungtung ramo, baku osok nganyenyeri = kuku
110. Kuring mah kabedil langit, da puguh matak kalinglap = gelap
111. Kuring téh kamenyan konéng, rumaos kawiwirangan = walirang
112. Kutu baju kuar sinjang, moal weléh tumarima = tuma
113. Lahang bari dibotolan, ningal anu suka galih = cuka
114. Laleur hideung panyeureudan, ngilari sakolong langit = reungit
114  Laleur hideung panyeureudan, kilangbara urang jadi = bangbara
115. Lampu leutik tengah imah, abdi samar méré idin = damar
116. Lamun kapalupuh nangtung, lamun jadi kapimilik = bilik
117. Lancah cai di walungan, engkang teu émut ka abdi = éngkang-éngkang
118. Langgir cai leumpang ngijing, kadeuleu kayap-keyepna = keuyeup
119. Lauk panjang dina parung, ari émut merod pikir = borod
120. Lauk rebing saba laut, kari-kari jalir jangji = pari
121. Manuk apung saba eurih, haté asa didudutan = dudut
122. Manuk hawuk beureum suku, katingal keur imut leutik = galatik
123. Manuk lindeuk di buruan, kuring bati panas ati = japati
124. Manuk lisung anu jalu, dagoan di pasampangan = jago
125. Manuk renggé saba ulam, hayang tepi ka ngajadi = caladi
126. Manuk tukung saba gunung, uyuhan daék ka abdi = puyuh
127. Maung tutul saba kasur, diri teu ngareunah cicing = ucing
128. Méga beureum surup burit, ngalanglayung panas pikir = layung
129. Melak bangsal di kotakan, wayahna dék sabar diri = nebar
130. Mencek leutik saba alas, abdi daék ngaréncangan = peucang
131. Meri pendék ngojay hayam, henteu négtog pikir abdi = éntog
132. Monyét hideung sisi leuweung, susah nu taya tungtungna = lutung
133. Mun inget mangsi Malayu, anjeun téh cinta ka kuring = tinta
134. Mun jaga kadadar tipung, upami kagungan rabi = surabi
135. Nganyam bola jadi lawon, peupeujeuh kudu sing junun = ninun
136. Nu dahar taya sésana, ngan asa dipoyok badis = ledis
137. Nu gering geus rampus dahar, kuring mah mo payu deui = mamayu
138. Nu nutu miceun huutna, mun awon moal ditampi = napi
139. Nya buah ngacung ka luhur, kuring mah sok panas ati = ganas
140. Nya hujan taya eureuna, abdi mah kalangkung ajrih = ngijih
141. Nyeupan sangu tacan timus, teu sanggup manggihan deui = gigih
142. Nyiar paré tutukeuran, teu pantes hayang ka abdi = nguyang
143. Nyiru gedé wadah bangsal, anjeun mah sok sindir sampir = tampir
144. Nyiruan genténg cangkéngna, masing mindeng pulang anting = papanting
145. Pangcalikan tonggong kuda, kudu satia buméla = sela
146. Paparem ngawurah ketan, mokaha atuh da wargi = ragi
147. Paribasa petis Cina, hayang nepi ka cacapna = kécap
148. Péso pangot ninggang lontar, acan katuliskeun diri = nulis
149. Péso patok kewung tungtung, hayang kapianjang teuing = rejang
150. Péso raut Cibarusa, sugan welas ka nu miskin = sekin
151. Pileuleuyan kebo gunung, ngadadak tineung nya pikir = badak
152. Piunjuk duméh rék wangsul, sanés abdi rék cilimit = pamit
153. Puguh mah ubar muriang, nu hina leuwih ti misti = Kina
154. Puter putih saba lembur, kuring seja béla pati = japati
155. Ranté ngait kana baju, memang geus cumantél ati = cantél
156. Salendro di papanggungan, ngomong kalepasan teuing = koromong
157. Sanggal hideung saba ranca, témbong léléwa nu manis = lélé
158. Sangrayan peupeus meueusan, ulah jadi rengat galih = rengat
159. Santri miskin geus maréman, tangtu tiis pikir abdi = pikir
160. Sapikul katian Cina, malah kumplit sareng cingcin = dacin
161. Séndok batok digagangan, geus lawas abdi ngalayung = gayung
162. Séréh leuweung turub saung, haté abdi panas peurih = eurih
163. Situ bendung di Citarum, gulang-guling ngan sorangan = Saguling
164. Sok rajeun ngabuah kawung, curuluk cisoca bijil = curuluk
165. Tegal tengah nagara, laun-laun sugan hasil = alun-alun
166. Teu beunang dihurang sawah, teu beunang dipikameumeut = simeut
167. Teu beunang dipiring leutik, teu beunang dipikaisin = pisin
168. Teu beunang diopak kembung, teu beunang dientong-entong = kolontong
169. Teu beunang dirangkong kolong, teu beunang dipikahayang = hayam
170. teu beunang disihung tipung, teu beunang dipapagonan = sasagon
171. teu beunang disitu lembur, teu beunang diulah-ulah = kulah
172. Teu beunang disupa dulang, teu beunang dibébénjokeun = kéjo
173. Teu beunang ditihang pondok, teu beunang dideudeuleukeun = deudeul
174. Teu beunang ditiwu leuweung, teu beunang dipikasono = kaso
175. Teu beunang diwaru leuweung, teu beunang diboro-boro = bisoro
176. Teu puguh monyét hideungna, teu puguh atuh tungtungna = lutung
177. Tepi ka kélor héjona, tepi ka parat antukna = katuk
178. Ulah sok kapiring leutik, ulah sok kaisinan teuing = pisin
179. Wadah minyak tihang beling, jadi budak kudu getol = botol
180. Walanda hideung soldadu, umambon engkang ka nyai = urang Ambon
181. Warisan sekin pusaka, haturan nyai pribadi = badi



Cag...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar