Rabu, 10 April 2013

Paripaos

Paripaos (lemesna tina Paribasa) nyaéta babandingan anu jadi perlambang lakuning hirup, ngawangun kalimah (omongan, ungkara) anu geus puguh éntép seureuhna, geus puguh surupannana geus puguh  pokpokannana.



Adab lanyap : Jiga nu handap asor, daék ngahormat ka batur, tapi boga haté luhur, tungtungna sok ngunghak jeung kurang ajar, temahna batur loba nu teu resepeun.
Adam lali tapel : Poho ka baraya jeung poho ka lemah cai.
Adat kakurung ku iga : Adat nu hésé digantina.
Adéan ku kuda beureum : Beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakéan batur.
Adigung adiguna : Gedé hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung omonganana.
Agul ku payung butut : Ngagulkeun luluhur sorangan.
Akal koja : Pinter dina kagoréngan atawa kajahatan.
Aki-aki tujuh mulud : Lalaki nu geus kolot pisan.
Aku-aku angga : Ngaku barang batur kalawan ngandung maksud hayang mibanda, ngaku baraya batur anu beunghar atawa jeneng mamrih kahormatan atawa kauntunganana.
Aku panggung : Daréhdéh jeung méré mawéh, ngan hanjakal ku ieu aing asa pangpunjulna, pangbeungharna jste.
Alak-alak cumampaka : Resep jeung hayang dipuji batur, boga rasa pangpunjulna. Anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu mulya.
Alak paul : Tempat anu lain dikieuna (ngeunaan jauhna jeung pisusaheunana).
Alus panggung/ Alus laur, hadé omé : Tegep dedeg pangadegna.
Ambek nyedek, tanaga midek : Ari napsu pohara gedéna, ngan masih bisa meper diri (napsu kapegung).
Ambekna sakulit bawang : Gampang pisan ambek, jeung mun geus ambek teu reureuh sakeudeung.
Anak puputon : Anak nu kacida didama-damana, nu pohara dipikanyaah.
Anjing ngagogogan kalong : Mikahayang nu lain-lain, nu pamohalan pilaksanaeun (Mikahayang nu moal bakal kasorang).
Ari diarah supana, kudu dipiara catangna : Naon baé nu méré hasil ka urang, kudu diurus bener-bener.
Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed : Ari umur geus kolot tapi haté ngongoraeun kénéh.
Asa dijual payu : Ngungun duméh nyorangan di panyabaan, jauh ti indung bapa.
Asa ditonjok congcot : Meunang kabungah nu gedé, anu saenyana teu diarep-arep.
Asa ditumbu umur : Boga rasa kahutangan budi anu pohara gedéna (keur manggih kasusah, aya nu nulungan).
Asa nanggeuy endog beubeureumna : Kacida nyaahna.
Asa potong leungeun katuhu : Leungiteun jalma nu pohara hadé gawéna.
Ati mungkir, beungeut nyinghareup : Palsu, siga sono, tapi henteu. Siga suka, tapi henteu, siga nyaah tapi henteu (munapék).
Aub payung, sabet panon : Saba-saba wewengkon, ngeunaan tanah.
Aya astana sajeungkal : Anu mustahil ogé bisa kajadian.
Aya bagja teu daulat : Arék meunang kauntungan tapi teu tulus.
Aya di sihung maung : Kulantaran loba kawawuh gegedén, dina aya karerepet atawa kaperluan penting téh gampang naker meunang pitulungna.
Aya peurah, aya komara : Aya harega, aya pangaji.
Aya nu dianjing cai : Aya nu diarep-arep atawa anu diheroan (aya anu dipimaksud).
Aya haté kadua leutik : Naksir, bogoh.
Aya jalan komo meuntas : Aya pilantaraneun atawa pijalaneun pikeun ngalaksanakeun atawa ngabulkeun kahayang.
Ayakan tara meunang kancra : Anu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung panghasilanana.


Balég tampélé : parawan anu rasa tresna ka lalaki geus aya, ngan lamun papanggih jeung jelemana gedé kénéh kaéra.
Bali geusan ngajadi : Tempat dilahirkeun.
Balung kulit, kotok meuting : Teu eureun-eureun nyeri haté ti baheula nepi ka kiwari.
Balungbang timur, caang bulan opat belas, jalan gede sasapuan : Béak karep ku rido jeung beresih haté.
Banda tatalang raga : Lamun urang papanggih jeung karerepet, gering upamana, euweuh halangan urang ngajual barang nu aya pikeun ngabela diri, meuli ubar sangkan séhat.
Belang bayah, gindi pikir : Boga pikiran goréng ka papada kawula.
Bengkung ngariung, bongkok ngaronyok : Babarengan sok sanajan dina hina, rugi, atawa cilaka.
Beurat birit : Hésé jeung sungkan lamun dititah.
Beurat nyuhun beurat nanggung, beurat narimakeunana : Pohara narimakeunana kana pitulung, ngan teu kawasa ngedalkeun ku lisan atawa tulisan.
Beureum paneureuy / Seuseut batan neureuy keueus: hésé pisan, seuseut-seuat ngahasilkeun maksud.
Beuteung anjingeun : Ngeunaan ka jelema nu beuteungna cara/siga beuteung anjing.
Bilih aya turus bengkung : Bisi salah pokpokanana.
Biwir nyiru rombengeun : Resep mukakeun rasiah sorangan atawa rasiah batur.
Biwir sambung lémék, suku sambung léngkah : Henteu milu nanggung jawab, ngan saukur mangnepikeun duméh jadi utusan (ngemban timbalan tinu lian).
Bluk nyuuh, blak nangkarak : Kabina-bina rajina dina enggoning nyiar kipayah.
Bobot sapanon, carang sapakan : Aya kuciwana, lantaran aya kakuranganana atawa karuksakanana.
Bobor karahayuan : Henteu rahayu, henteu salamet, meunang kacilakaan atawa tiwas.
Bonteng ngalawan kadu : Nu leutik ngalawan nu gedé.
Buburuh nyatu, diupah béas : Nyiar pangarti tur diburuhan atawa digajih.
Budi santri, légég lebé, ari lampah euwah-euwah : Ari laku lampah mah kawas santri tapi sok ceceremed.
Buluan belut, jangjangan oray : Pamohalan kajadian.
Bungbulang tunda / tunda talatah : Lamun dititah tara sok pék ku manéh, tapi sok nitah deui ka batur.
Buntut kasiran : Korét, medit, ngeupeul, tara pisan daék barang béré.
Bur beureum bur hideung, hurung nangtung siang leumpang : Ginding, loba pakéan anu aralus dipaké.
Buruk-buruk papan jati : hadé goréng oge dulur kénéh, ka sobat atawa ka baraya mah sok hayang ngahampura baé lamun aya kasalahan.


Caang bulan dadamaran : Migawé nu kurang mangpaat.
Caang bulan opat welas, bersih jalan sasapuan: teu geuneuk teu maleukmeuk, beresih haté.
Cacag nangkaeun : Hanteu bérés, hanteu rata, henteu sampurna.
Cangkir emas, eusi delan : Omonganana mah alus nepi ka urang jadi percaya jeung kataji, tapi haténa jahat jeung matak bahaya ka urang.
Cara bueuk meunang mabuk : Ngeluk baé, teu lémék teu carék, euweuh hojah, euweuh karep, euweuh kahayang sabab éra tawa sieun.
Cara gaang katincak : Anu tadina ramé kacida, ayeuna mah jadi jempling pisan.
Cara jogjog mondok : Carékcok baé, mani gandéng naker.
Cara simeut hiris, tai kana beuheung-beuheung : Pohara bodona, beunang dibobodo atawa ditipu ku batur.
Cécéndét mandé kiara : Nu leutik nyaruaan anu gedé, nu miskin nyaruaan nu beunghar.
Ceuli lentaheun : Sok gancang nyaritakeun ka batur naon baé anu kadéngé, tur tacan karuhan éta béja téh bener henteuna.
Cicing dina sihung maung : Nganjrek di jelema anu nyusahkeun atawa bakal nyilakakeun ka diri urang.
Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok : Ku dileukeunan mah sakumaha héséna ogé lila-lila mah jadi bisa (najan bodo asal leukeun diajarna lila-lila ogé tangtu bisa).
Cileuncang mandé sagara, cécéndét mandé kiara, hunyur nandean gunung : Nyaruaan ka jelema anu saluhureun harkatna, darajatna atawa pangabogana.
Ciri sabumi, cara sadésa : Béda tempatna, béda deui adat jeung kabiasaanana.
Clik putih, clak herang : Kaluar tina haté anu beresih, rido pisan, teu aya geuneuk maleukmeuk.
Congo-congo ku amis, mun rék amis ogé puhuna : Kumaha arék bageurna dinu jadi anak, lamun bapana henteu bageur tiheula.
Daék macok, embung dipacok : Daék ngarah kana rejeki atawa pakaya batur, tapi diarah rejekina atawa pakayana sorangan ku batur mah embung.
Dagang oncom, rancatan emas : Ari modalna gedé kacida, ngan batina anu diarah kacida leutikna.
Dah bawang, dah kapas : tah barangna, tah duitna.
Daluang katinggang mangsi : Susuganan katuliskeun aya jodona (waris).
Deugdeug tanjeuran pada ngadeugdeug : Pada nongton, jadi tongtonan kulantaran pinter dina kasenian.
Deukeut-deukeut anak taleus : Ari imahna mah puguh padeukeut, ngan hanjakal teu nyaho tibaréto yén éta téh masih baraya.
Dihin pinasti, anyar pinanggih : Baheula ditangtukeunana, ngan kakara ayeuna kalakonanana atawa kapanggihna.
Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban : Ari dipirak mah teu acan, ngan geus teu dipeutingan jeung teu dibalanjaan ku salaki.
Dipiamis buah gintung : Disangka hadé jeung bageur tapi buktina goréng jeung jahat.
Disakompét daunkeun, dihurun suluhkeun : Dihijikeun baé, disaruakeun baé, teu dibéda béda.
Ditangtang diténgténg, dijieun bonténg sapasi : Dialak-ilik lantaran dianggap aneh.
Ditilik ti gigir lenggik, disawang ti tukang lenjang, diteuteup ti hareup sieup : Lenjang jeung geulis pisan, pantes kewes.
Dogdog pangréwong : Bantuan anu euweuh hartina, dina teu aya oge teu naon naon.
Dosa salaput hulu : Kacida loba dosana.
Dogong-dogong tulak cau, geus gedé dituar batur : Ngantian jeung mahugi parawan ti keur leutik keneh, sugan diparengkeun ku nu kawasa jadi pipamajikaneun, na ari geus gede dikawin batur, atuh hese cape taya gawe.
Dulang tinandé : Awewe mah nurutkeun bae, kumaha diaturna jeung diparentahna ku nu jadi salaki.
Duum tinggi : Ngabagikeun


Élmu ajug : Pinter ari mapatahan batur mah, tapi prak ku sorangan mah henteu.
Élmu sapi : Samiuk (ngahiji) kana kagorengan.
Élmu tumbila : Nu boga imah ngarugikeun ka tatamu.
Elok bangkong : Nuju sakarat, ngan kari tunggu dawuh bae.
Endog sapatarangan, peupeus hiji, peupeus kabéh : Kasusah atawa karerepet anu tumiba ka dulur, baraya atawa sobat,balukarna ngabingungkeun atawa nyusahkeun ka sarerea.
Endog tara megar kabéh : Najan saindung sabapa hneteu sarua milikna,rejekina atawa darajatna.

Galéhgéh gado : Darehdeh tapi henteu terus kana hate.
Gancang pincang : Kulantaran digawena buru-buru jeung kurang ati-ati, hasilna teh teu nyugemakeun.
Gantung déngéeun : Hanteu terus bisa ngadengekeun hiji perkara jeung pohara hayangna neruskeun ngadengekeun.
Gantung teureuyeun : Hanteu terus daharna sabab dahareunana geus beak atawa daharna kapaksa kudu eureun heula ku lantaran aya dahareun nu didagoan.
Gedé-gedé kayu randu, dipaké pamikul bengkung, dipaké lincar sok anggang, dipaké pancir ngajedig : Ngeunaan ka jelema anu jangkung ahrelung tur dedeg ngan hanjakal gawena jeung karajinanana goreng.
Gedé gunung pananggeuhan : Boga kolot,baraya atawa kawawuhan anu beunghar atawa jadi gegeden, dina urang aya karerepet atawa butuh ku pitulung,eta jalma bisa nulungan ka urang ku kabeungharan atawa kakawasaan.
Getas harupateun, pingges harepan : Gampang pisan nyalahkeun atawa ngahukum ka batur.
Geulis sisi, laur gunung, sonagar huma : Ari rupa mah tegep, ngan dangong dusun.
Gindi pikir, belang bayah : Goreng hate, dolim, julig, dengki.
Ginding kakampis : Ari pake mah ginding ngan duit teu boga.
Giri lungsi tanpa hina : Nu luhur jeung nu handap sarua bae ulah dihina.
Goong saba karia : Datang sorangan ka anu keur kariaan sanajan hanteu di ondang, maksudna hayang dititah gawe sangkan seubeuh baranghakan.
Gunung tanpa tutugan, sagara tanpa tepi : Euweuh anggeusna, euweuh beakna.
Gurat batu : Pageuh kana jangji.
Gusti Alloh tara nanggeuy dibongkokna : Gusti Alloh tara nangtayungan ka mahlukna anu salah atawa boga dosa ka papada kawula.


Hadé gogog, hadé tagog : Hade basa jeung hade tingkah lakuna.
Hadé ku omong, goréng ku omong : Omongan nu hade balukarna hade jeung omongan nu goreng, goreng deui balukarna.
Halodo sataun lantis ku hujan sapoé : Kahadean anu sakitu gedena tur lilana leungit pisan ku kagorengan atawa kasalahan sapoe.
Hambur bacot, murah congcot : Goreng sungutna jeung sok mindeng nyarekan deuih tapi berehan sok daek barangbere dahareun.
Hampang birit : Gampang jeung daekan dititah.
Hanteu gedag bulu salambar : Hanteu sieun atawa gimir saeutik eutik acan.
Hapa-hapa gé ranggeuyan : Miskin-miskin oge da boga salaki nu ngurus jeung nangtayungan.
Haréwos bojong : Harewos anu cukup tarik, nepi kadenge ku jelema anu deukeut kalawan tetela pisan.
Haripeut ku teuteureuyeun : Gancang atoh dina meunangna rejeki, boh dahareun boh duit kalawan teu ngingetkeun balukarna ieu teh rejeki halal atawa haram.
Harus omong batan goong : Beja teh sasarina sok gampang jeung gancang nerekab, kulantaran umuna sok pabeja beja.
Hayang untung jadi buntung : Teu papanggih ari jeung kauntungan mah, papanggih soteh jeung karugian anu sama sakali henteu diarep arep.
Héjo tihang : Resep jeung remen gunta ganti imah tempat atawa pagawean.
Hérang caina, beunang laukna : Maksud bisa kahontal kalawan beres teu aya pihak anu dirugikeun atawa dinyenyeri.
Hérang-hérang kari mata, teuas-teuas kari bincurang : Bareto mah beunghar ayeuna kari miskina.
Heueuh-heueuh bueuk : Nyatujuan ari diluar mah, ngan bae henteu terus jeung hatena.
Heurin ku létah : Hayang jeung perlu ngabejakeun hiji perkara, ngan sieun pok kulantaran loba karisi/ karempan.
Hirup ku panyukup, gedé ku paméré : Hirup samahi-mahi ku pamere batur bae, sabab teu purun hojah sorangan dina enggoning nyiar kipayah.
Hirup nuhun, paéh dirampés : Rido pisan pasrah pisan, teu boga kahayang naon naon.
Hirup kudu jiga Jagong, ulah jiga Jambu Monyét : jadi jalema teh ulah sok pamer atawa adigung.
Hirup ulah manggih tungtung, paéh ulah manggih béja : Kudu bageur kudu hade laku lampah supaya alus kacaritakeunana.
Hirup kudu Jiga Duren ulah jiga Kadongdong : Alus jeung gorengna hiji jalma teu bisa ditangtukeun ku luarna wungkul.
Hirup kudu jiga Bangkuang : Kudu pinter ngajaga diri ulah kapangaruhan ku lingkungan alias kabawa ku sakaba-kaba.
Hulu dugul dihihidan : Nu keur senang tambah senang, nu keur untung tambah untung.
Hunyur nandéan gunung : Nyaruaan ka jelema saluhureun harkatna atawa pangabogana.
Hurung nangtung, siang leumpang : Ginding lantaran make papakean atawa perhiasan anu aralus.

ieu aing uyah kidul : Boga rasa pangleuwihna ti batur, boh ngeunaan rupa, pangarti, pangaboga, pangkat atawa kakawasaan (adigung).
ilang-along margahina, katinggang pangpung dilebok maung, rambutna salambar, getihna satétés, ambekanana sadami, agamana darigamana, kaula nyérénkeun : Masrahkeun sagalagalana hadena gorengna, bagja cilakana (biasana sok dipake dina seserahan).
indung lembu, bapa banténg : Ti indung jeung bapa turunan menak jeung beunghar.
ipis kulit beungeut : Gede kaera.
inggis batan maut hinis, rempan batan mesat gobang : Inggis jeung paur kabina bina.
iwak nangtang sujén : Wani nyorang picilakaeun, pibalaieun atawa pibahayaeun.

Jabung tumalapung, sabda tumapalang : Milu nyaritakeun hiji perkara sakapeung nempasan omongan batur,nyeta nyeta siga nu nyaho,padahal teu nyaho nanaon.
Jadi maung malang : Jadi panghalang, ngeunaan ka lalaki nu ngahalangan pijodoeun hiji awewe.
Jadi sabiwir hiji : Jadi carita jalma loba.
Jadi senén kalémékan : Mindeng dicaritakeun batur.
Jaman cacing dua saduit : Jaman baheula pisan.
Jati kasilih ku junti : Pribumi kaeehkeun ku urang asing.
Jauh-jauh panjang gagang : Hanas jauh jauh oge dijugjug,ngan hanjakal ku teu hasil.
Jauh ka bedug, anggang ka dulag : Dusun, teu nyaho di tata-titi, tindak tanduk, suba sita, duduga jeung peryoga.
Jawadah tutung biritna, sacarana sacarana : Unggal bangsa beda adat jeung kabiasaanana.
Jegjeg cékér : Cape kulantaran leumpang ka dieu ka dieu.
Jéjér pasar / jajar pasar : Lumrah bae, mun ka lalaki,kasep henteu, goreng henteu.
Jeung léwéh mah mending waléh : Leuwih hade wakca balaka ngedalkeun kahayang ti batan ngandung kabingung teu wani pok nyarita.
Jogjog neureuy buah loa : Mikarep ka anu lain babad, Milampah anu moal pihasileun.
Ka luhur teu sirungan, kahandap teu akaran : Jelema nu jahat, julig jeung dengki mah moal jamuga, moal aya kamajuan boh ngeunaan pangkat, boh rejeki.
Kaceluk ka awun-awun, kawentar ka janapria, kakoncara ka mancanagara : Kawentar pisan, kawentar kamana-mana.
Kaciwit kulit, kabawa daging : Kababawa, katarik kana hiji perkara, keukeuh milu susah, sanajan teu boga salah jeung henteu milu ulubiung perkarana.
Kahieuman bangkong : Ku ayana barang titipan di urang, urang teh nepi ka jiga beunghar katenjona ku batur mah padahal miskin teu boga nanaon.
Kai teu kalis ku angin : Unggal jelema awal ahir tangtu bakal pinanggih jeung kasusahan.
Kajeun pait - tungtung amis, batan amis - tungtung pait : Tibatan ahirna matak susah,leuwih hade dicaritakeun ti heula naon anu matak pisusaheunana.
Kajeun panas tonggong, asal tiis beuteung : Kajeun teuing cape gawe asal bisa dahar kalawan cukup.
Kalapa bijil ti cungap : Ngucah ngaceh rasiah sorangan anu matak cilaka.
Kandel kulit beungeut : Euweuh Kaera.
Katempuhan buntut maung : Batur anu salahna atawa anu boga dosana,tapi urang anu kudu nyanghareupan balukarna.
Katumbukan catur, kadatangan carita : Loba anu embung sabab ngagedekeun jeung ngagugulukeun panyerewedan.
Kawas anjing kadempét lincar : Mere parentah ka batur teu kalawan sabar,malah bari ambek ambekan sagala.
Kawas budak rodék hulu : Teu ngupama, teu ngajenan, teu ngahargaan pisan.
Kawas cucurut kaibunan : Ngeunaan ka jelema anu matak sareukseuk panon.
Kawas hayam keur endogan : Cilingcingcat bae, teu bisa cicing.
Kawas hayam panyambungan : Tacan nyaho di kaler kidul, kawantu anyar keneh aya di eta tempat.
Kawas kacang ninggang kajang : Ngomongna tarik tur gancang, biasana ngeunaan ka awewe nu keur ngambek bari nyarekan.
Kawas kuda leupas ti gedogan : sakama-kama nganteur kahayang, ngalajur napsu, kulantaran euweuh anu ngageuing atawa euweuh nu nyengker.
Kawas lauk asup kana bubu : Gampang meunangna jeung asup kana hiji pagawean, tapi hese kaluarna jeung negcagkeunana eta pagawean (masalah).
Kawas nu mulangkeun panyiraman : Sok nu lain lain,jeung hese ngayakeunana nu dipikayang ku jelema nu tereh ajal,kahayangna sabisabisa kudu dicumponan bae, sanajan matak ngarepotkeun ka ahlina/ kulawargana.
Kawas siraru jadi : Pabaliut ku tina lobana,ngeunaan ka jelema.
Kawas wayang pangsisina : Ngeunaan jelema nu goreng rupana.
Kéjo asak, angeun datang : Sapagodos jeung maksud urang, atuh teu talangke deui harita keneh dilaksanakeun.
Keur meujeuhna bilatung dulang : Laleutik keneh pisan keur meujeuhna bareuki dahar.
Keur meujeuhna héjo lembok, rambay carita : Keur meujeuhna loba pakaya jeung loba rejeki.
Keur nuju béntang surem : Keur sue atawa tiis badan (lamun tani ku hama, lamun dagang terus-terusan rugi bae).
Kiceupna sabedug sakali : Pohara lungguhna.
Kiruh ti girang, kiruh ka hilir : Lamun anu di luhruna teu balageur jeung teu balener, tangtu nu dihandapna oge milu teu bener milu teu bageur.
Kokoro manggih mulud, puasa manggih lebaran : Anu saumur-umur miskin tuluy dina hiji waktu pinanggih jeung kamulyaan atawa rejeki anu gede, sasarina sok mangpang-meungpeung.
Kokoro nyoso, malarat rosa, lebaran teu meuncit hayam : Kacida miskin-na.
Kotok bongkok kumorolong, kacingcalang kumarantang / Lauk buruk milu mijah / Piritan milu endogan : Pipilueun kana hiji kalakuan kulantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goreng katenjona.
Kudu bisa ngeureut neundeun : Kudu bisa nyukupkeun rejeki atawa pangala anu saeutik.
Kudu boga pikir kadua leutik : Ulah sabongbrong teuing, kudu aya pikir rangkepan, kudu aya rasa curiga.
Kujang dua pangadékna : Hiji pagawean anu ngandung dua rupa maksud.
Kulak canggeum, bagja awak : Milik hade atawa goreng anu geus ditangtukeun ti ajalina keneh ku Gusti Nu Maha Suci.
Kumaha bulé hideungna baé : Kumaha engke bae buktina,kumaha behna.
Kumaha kecebur caina, geletuk batuna : Kumaha jadina bae,henteu jadi pikiran.
Kunang-kunang nerus bumi : Ramana geus teu jeneng deui,di putrana awal ahir aya nu jeneng cara ramana.
Kuru cileuh, kentél peujit :Daek tirakat,ngadoakeun budak sangkan sangkan junun.
Kurung batok : Teu resep nyanyabaan, ni’mat cicing diimah bae (euweuh kahayang).

Lain ku tulang munding kabeureuyan mah, tapi ku cucuk peda : Arek cilaka mah ku kasalahan anu leutik oge bisa, teu kudu ku kasalahan anu gede bae.
Lain lantung tambuh laku, lain lentang tanpa béja, lain leumpang maladra : Indit ti imah kalawan ngandung maksud anu tangtu, lain lampah sakaparan-paran henteu puguh anu dijugjug.
Landung kandungan, laér aisan : Gede timbanganana, gede pangampurana.
Langkung saur, bahé carék : Sok gampang ngagelendeng atawa nyarekan (nyarita kaleuleuwihan).
Lauk buruk milu mijah / piritan milu endogan : Pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goreng katenjona.
Legok tapak, genténg kadék : Loba luangna pangalamanana jeung kanyahona.
Leubeut buah, hejo daun : Keur meujeuhna loba rejeki, loba pakaya.
Leuleus jeujeur, liat tali : Pohara adilna, dina mutus hiji perkara tara beurat sabeulah, jeung loba pertimbanganana.
Leunggeuh cau beuleum : Teu lutreuk dina ngajalankeun hiji pagawean.
Leutik burih : Euweuh kawani.
Leutik cahak, gedé cohok : Ari panghasilan saeutik tapi ari pangaluaran mah gede.
Leutik-leutik ngagalatik : Sanajan leutik awakna henteu jangkung tur gede, tapi leber ku wawanen.
Leutik ringkang, gedé bugang : Jelema mah teu beunang disapirakeun sabab sanajan leutik warugana, dina aya papaitna atawa bobor karahayuan mah bisa jadi kasusah sarerea.
Leuwi jero beunang diteuleuman, haté jelema najan déét teu kakobét : Hade gorengna pikiran jelema hese dikira kirana.
Lieuk euweuh, ragap taya : Teuing ku miskin nepi ka teu boga naon-naon.
Loba teuing jaksa : Loba teuing anu pinter nu ngatur jeung mapatahan, balukarna matak bingung nu dipapatahan.
Lodong kosong ngelentrung : Kalah ka loba omong bae, ari pangartina mah euweuh.
Luhur kuta, gedé dunya : Gagah tur beunghar taya kakurang.
Luncat mulang : Teu beunang dicekel omonganana, ayeuna kieu engke mah kitu.
Lungguh tutut : Katenjona siga lungguh tapi saenyana mah henteu.
Maléngpéng pakél ku munding, ngajul bulan ku asiwung : Ngajalankeun (mikarep) hiji perkara anu taya pihasileunana (pamohalan hasil).
Maliding sanak : Henteu adil, pilih kasih.
Mangpéngkeun kuya ka leuwi : Nitah mulang ka lemburna atawa nitah pindah ka tempat bali geusan ngajadi.
Mapay ka puhu leungeun : Mamawa ka kolot atawa ka guru,turtaning kolot atawa guru mah teu nyaho naon naon jeung euweuh patalina saeutik-eutik acan.
Marebutkeun paisan kosong : Marebutkeun hiji perkara anu teu aya hasilna atawa mangpaatna.
Maut nyéré ka congona : Keur ngora senang, tapi ari ka kolotnakeun susah.
Melengkung bekas nyalahan : Ari keur ngora keneh bageur tapi kakolotnakeun jadi teu bageur.
Mere langgir kalieun : Mere naon naon anu bisa jadi aya pisusaheunana atawa pibahlaeunana.
Meuli teri meunang japuh = nyair hurang meunang kancra : Kalawan teu disangka sangka meunang milik, darajat atawa kauntungan anu leuwih gede.
Meungpeun carang ku ayakan : Nyaho yen batur teh salah atawa migawe anu dilarang ku Nagara, tapi teu kitu kieu kalahka api api teu nyaho.
Meungpeung teugeu harianeun : Embung pisan tutulung ka batur nu keur susah atawa loba kabutuh.
Miceun batok meunang coét : Miceun nu goreng kulantaran hayang meunang anu alus, tapi tungtungna meunang nu goreng deui bae.
Mindingan beungeut ku saweuy : Ari hate goreng, ngan budi parangi marahmay, perluna pikeun mindingan hate nu goreng tea maksudna supaya ulah kaciri tea.
Mipit teu amit, ngala teu menta : Maling boga batur.
Miyuni hayam kabiri : Leutik burih babari sumerah eleh (lalaki nu babari sumerah ka awewe).
Moal ceurik menta eusi : Keun bae mawa wadah anu gede oge da lain hayang loba diberena.
Moal neangan jurig teu kadeuleu : Arek nyekel jelema nu aya bae, moal neangan jelema nu euweuh.
Mobok manggih gorowong : Aya lantaran pikeun ngalaksanakeun kahayang anu henteu gampang pihasileun.
Monyet kapalingan jagong : Tukang maling kapalingan, tukang tipu katipu, tukang ngarah ngarinah karoroncodan.
Mopo memeh nanggung : Hoream, teu sanggup samemeh prak.
Mun teu ngoprék moal nyapék, Mun teu ngakal moal ngakeul, Mun teu ngarah moal ngarih : Lamun teu digawe niar kipayah tangtu pisusaheun pikeun hirup.
Muncang labuh ka puhu, kebo mulih pakandangan : Mulang ka lemburna sabada mang taun taun aya di pangumbaraan/panyabaan.
Mupugkeun tai kanjut : Ngetrukeun pangaboga dina waktuna nyunatan atawa ngawinkeun anak anu kacida dipikameumeutna.
Ngajul bulan ku asiwung, mesek kalapa ku jara : Usaha anu mubadir,moal ngadatangkeun hasil (asiwung:kapas nu geus diberesihan sikina,biasana dipake keur mayit nutupan liang-liangan).
Ngadu angklung di pasar : Papaduan nguruskeun nu euweuh mangpaatna di hareupeun jalma loba.
Ngadu-ngadu rajawisuna : Mawakeun omongan si a ka si b jeung sabalikna, temahna si a jeung si b pasea, parerea omong.
Naheun bubu pahareup-hareup : Dina pangabutuh silih injeuman duit.
Nangkeup mawa eunyeuh : Mawa cilaka ka jelema anu dipentaan tulung jeung geus nulungan ka urang.
Nangtung kariung, ngadeg karageman : Ngariung rarageman ngabadamikeun hiji perkara.
Nepak cai malar cérét : Ngomongkeun jeung ngagogoreng batur,supaya batur teh ragrag ngarana jeung kawentar kagorenganana.
Népakeun jurig pateuh : Puguh urang nu goreng tapi kagorengan urang teh ditamplokeun ka batur sangkan urang sorangan salamet.
Nété porot, ngeumbing lésot : Cukup ari ihtiar mah kalawan mangrupa rupa akal tarekah tapi teu hasil bae.
Nété semplék, nincak semplak : Ninggang dina salah jeung rugi bae, turug-turug kasusah nambahan deuih (kitu salah, kieu salah).
Nété tarajé, nincak hambalan : Kudu merenah,lamun aya uruskeuneun teh urang kudu datang ka nu handap heula,kakara terus kaluhur.
Neukteuk curuk dina pingping : Ngadakwakeun nu lian, tapi nu ngadakwakeunana milu susah, sabab milu katarik kana perkara, milu adu hareupan jeung hakim.
Neukteuk mani anggeus, rokrok pondokeun, peunggas harupateun : Heuras hatena teu sabar dina nyanghareupan rupa rupa kasusahan jeung babari luluasan.
Neundeun piheuleut, nunda picela : Neangan pilantaraneun supaya jadi goreng supaya temahna papisahan teu ngahiji deui.
Ngabudi ucing : Teu wani nembongkeun atawa ngedalkeun kahayang atawa kadeudeuh.
Ngadagoan kuah beukah : Ngadagoan pasesaan kadaharan (Hal ieu ngan wungkul tukang babantu di imah batur bae, anu saenyana mah ayana tukang babantu teh henteu perlu).
Ngadagoan uncal mabal : Ngadagoan jeung mikahayang kana rejeki tapi sungkan ihtiar pikeun ngadatangkeun eta rejeki.
Ngadaweung ngabangbang areuy : Pohara nineungna kana jaman nu geus kasorang nepi ka matak waas pacampur jeung sedih.
Ngadék sacékna, nilas saplasna : Ngomong/nyarita anu teu dileuwihan atawa dikurangan.
Ngadeupaan lincar : Ngadeukeutan anu keur sidekah atawa kariaan, supaya katenjo ku anu boga imah jeung diajak dahar.
Ngagandong kéjo, susah nyatu : Loba ari titaheun mah boh anak boh bujang ngan hanjakal ku hese nitah,euweuh nu daekeun ari dititah teh.
Ngagedag bari mulungan : Nanyakeun hiji perkara ka batur anu urang tacan nyaho, tapi embung kanyahoan yen urang tacan nyaho, kulantaran kitu api api geus nyaho bae.
Ngaliarkeun taleus ateul : Ngabeja bejakeun kagorengan atawa kajahatan batur.
Ngaliarkeun taleus ateul : Ngabeja bejakeun kagorengan batur atawa kajahatan anu lian.
Ngarep-ngarep bentang ragrag : Ngarep-ngarep nu pamohalan bakal kasorang atawa kajadian.
Ngarep-ngarep kalangkang heulang : Ngarep ngarep hiji perkara anu kacida banggana jeung sudah pihasileunana.
Ngawur kasintu, nyieuhkeun hayam : Ngaraeh jeung darehdeh ka deungeun, sabab hayang kapuji, tapi teu nolih jeung nyapirakeun ka dulur atawa ka baraya sorangan.
Ngeplek jawer, ngandar jangjang, miyuni hayam kabiri : Leutik burih, borangan, sieunan, kecing.
Ngeupeul ngahuapan maneh : Lungas lengis mikawelas mikaasih ka diri sorangan, supaya batur welaseun jeung nulungan ka urang.
Nginjing sila, bengkok sembah : Goreng hate, teu satia ka anu jadi pamingpin atawa dunungan.
Ngodok liang buntu, hese cape taya gawe, susah payah taya guna : Sanajan tihothat oge moal atawa henteu beubeunangan.
Ngodok liang jero : Teu hasil enggoning nyiar rejeki, kaditu kadieu luput bae.
Ngukur ka kujur, nimbang ka awak : Ngaluarkeun duit pikeun kaperluan hirup, pakan, pake jste disaluyukeun jeung pangala.
Ngukut kuda kuru ari geus gede sok nyepak : Ngukut bujang anu tadina pohara balangsakna, susah dahar susah make, tapi ari geus mulya awak lintuh jeung pake hade, ngalawan ka anu jadi dunungan.
Ngusap birit : indit kulantaran ambek nyedek atawa era parada, leos bae indit, teu amitan heula ka anu araya didinya.
Nimu luang tinu burang : Nambahan luang atawa pangarti waktu keur pinanggih jeung kacilakaan atawa hukuman.
Nincak parahu dua : Ngadunungan ka duaan atawa boga dua pausahaan.
Ninggang kana kekecrekna : Keur mah goreng rupana, goreng laku lampahna deuih.
Nini-nini dikeningan, awewe randa dihiasan : Ngamahalkeun barang naon bae anu geus ruksak.
Noong ka kolong : Leutik hate, leutik pangharepan.
Nuturkeun indung suku : Leumpang sakaparan-paran, kusabab henteu puguh tujuan.
Nu asih dipulang sengit, nu haat dipulang moha : Nu hade jeung loba jasana ka diri urang, dinyenyeri ku urang, ku omongan atawa ku kalakuan urang anu goreng.
Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan : Nu keur susah ditambah deui kasusahna.
Nu burung diangklungan, nu edan dikendangan : Ngahaminan omongan atawa carita batur, sanajan ceuk hate sorangan eta omongan atawa carita teh salah.
Nu tani kari daki, nu dagang kari hutang : Nu tani jeung nu dagang sarua ripuhna, euweuh nu mulya (teu aya kauntungannana tina pakasaban anu dipigawe).
Nuju hirup ninggang wirahma : Ngeunaan ka jelema anu keur alus milik.
Nulungan anjing kadempet : Nulungan jelema nu teu boga pisan rasa tumarima.
Nya di hurang nya dikeuyeup : Di unggal jelema oge taya bedana, sarua bae, mungguhing wiwirang atawa katugenah hate mah boh di menak boh disomah sarua bae.
Nya ngagogog, nya mantog : nitah ka batur tapi prak dipigawena mah kumanehna keneh.
Nya picung, nya hulu maung : Nu nanya jeung nu ngajawab teu sapagodos, pananya jeung jawaban pasalia, henteu nyambung.
Nyaeuran gunung ku taneuh, sagara ku uyah : Nambahan kauntungan atawa kakayaan ka anu geus beunghar.
Nyair hurang meunang kancra : Sugan teh rek meunang kauntungan/kamuliaan atawa bagja anu leutik manahoreng meunang kauntungan atawa bagja anu gede.
Nyaliksik ka buuk leutik : Nyusahkeun, peperedih atawa pepentaan ka jelema anu sahandapeun darajatna jeung pangabogana.
Nyalindung ka gelung : salaki anu milu hirup ka pamajikan anu loba pakayana.
Nyanggakeun suku genteng belokeun, beuheung teukteukeun, disiksik dikunyit-kunyit, dicacag diwalang-walang : Sumerah, masrahkeun diri rek dibeureum rek dihideung kari kumaha didinya bae, dina rumasa geus salah atawa rumasa boga dosa.
Nyanghulu ka jarian : Ngawula ka jelema anu sahandapeun harkatna atawa pangartina.
Nyeri beuheung sosonggeteun : Pohara ngarep-ngarepna, tapi anu diarep-arep teu jol bae datang.
Nyeungeut damar di suhunan : Mintonkeun kakayaan atawa barangbere supaya dipuji.
Nyeungseurikeun upih ragrag : Akey-akeyan nyeungseurikeun batur, dumeh: buuk geus bodas; huntu geus ompong; tonggong geus bengkung, padahal ieu teh kahareup mah ku urang sarerea bakal kasorang.
Nyiar batuk piaraheun : Nyiar-nyiar pigujrudeun, pipaseaeun.
Nyicikeun cai, murulukkeun lebu : Turun cadu (cacaduan), pantang ngalampahkeun hiji perkara anu dilarang ku luluhur.
Nyieun catur taya dapur : Nganggitkeun hiji dongeng nu teu aya galurna.
Nyieun heuleur/heler jeroeun huma : Henteu raket jeung dulur, pahare-hare bae.
Nyieun pucuk ti girang : Pangheulana neangan pipaseaeun.
Nyiruan mah teu resepeun nyeuseup nu pait : Lumrahna manusa teu resep reureujeungan jeung nu teu boga.
Nyiuk cai ku ayakan : Pagawean nu mubadir, moal ngahasilkeun naon-naon.
Nyium bari ngegel : Omongannana hade ngan hate jeung maksudna goreng, salakina dipisobat ari pamajikanana dibogohan atawa sabalikna.
Nyokot lesot ngeumbing porot : Teu aya usaha anu ngahasilkeun.
Nyolok mata buncelik : Nganyenyeri, ngahina atawa ngawiwirang di hareupeunana.
Nyuhun nanggung ngelek ngegel : Rebo pisan, babawaanana loba naker.
Nyuhunkeun bobot pangayon timbang taraju : Menta pangampura jeung menta timbangan da geus puguh rumasa ari salah jeung dosa mah.
Nyukcruk walungan, mapay wahangan : Kalawan taliti pisan nalungtik luluhur, imeut pisan pancakakina.

Omong harus batan goong : Beja mah gancang naker nerekabna, malah sasarina mah beja anu nerekab teh leuwih hebat batan aslina.
Owah gingsir : Hanteu tetep, henteu ajeg, gunta-ganti pamadegan.

Paanteur-anteur julang : Silih anteur nepi ka aya dua tilu kalina.
Pacikrak ngalawan merak : Tangtu elehna sabab nu leutik ngalawan anu gede.
Pada rubak sisi samping : Sarua bae pada loba luangna, pada loba pangalamanana.
Pagirang-girang tampian : Paunggul-unggul dina neangan pangupa jiwa, paunggul-unggul nyiar rejeki, teu daek silih seblokan (egois).
Paheuyeuk-heuyeuk leungeun : Silih bantuan, silih belaan, silih tulungan.
Pait daging pahang tulang : Jarang gering, cageur teu keuna ku panyakit naon bae
Pakotrék iteuk : Laki rabi ti ngongora napi kakolot pisan, pada-pada geus jadi aki-aki nini-nini.
Paluhur luhur diuk : Pagede gede kauntungan dina nyiar kipayah.
Panday tara bogaeun bedog : Sasarina ari tukang mah sok tara bogaeun.
Papadon los ka kolong : Cidera jangji, teu nedunan jangjina, sulaya.
Peureum kadeuleu, beunta karasa : Inget bae, teu bisa poho.Biasana mah lain kana barang tapi ka jelema anu dipikancinta.
Piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir : Mikarep kaanu lain babadna, tangtu moal kasorang.
Pindah cai, pindah tampian : Robahna tempat matuh sok ngarobah adat jeung kabiasaan.
Pinter aling lain bodo : Pinter tapi embung kanyahoan ku batur, kusabab eta nyeta anu bodo.
Pipilih meunang nu leuwih, kocéplak meunang nu pécak : Milih kalawan ati-ati pisan ku lantaran hayang meunang nu leuwih hade, ngan ahirna meunang nu leuwih goreng.
Piruruhan katengah-imahkeun : Nu dusun didikana dibawa kana pasamoan.
Poék mongkléng, buta rajin. Poék mongkléng, buta radin. Poék mongkléng, buta rata : Poek pisan.
Pondok jodo, panjang baraya : Saha oge jodo urang, silaturahmi mah kudu tetep dijaga (najan geus teu jadi salaki-pamajikan, tapi tetep jadi dulur).
Pupulur méméh mantun : Menta ganjaran memeh aya jasa atawa menta buruhan memeh prak digawe.
Pur kuntul kari tunggul, lar gagak kari tunggak, tunggak kacuwatan daging : Dina cidrana anu diborehan, boreh anu katempuhan, kudu mayaran hutang anu dipangnanggungkeun (katempuhan).
Puraga tamba kadengda : Migawe hiji pagawean henteu jeung enya enya. Henteu ngandung maksud supaya hade hasilna ieu mah pada ulah dipaido bae.

Raweuy beuweungeun, rambay alaeun : Loba dahareun da loba pepelakan.
Rumbak caringin di buruan : Dina hiji kasusah atawa karerepet, geus teu boga kolot anu mepelingan ka urang.
Rumbak kuntieun : Henteu lengkep, aya bae anu kurang nu matak cua kana hate.
Rup ku padung rap ku lemah, katuruban ku taneuh beureum : Maot. Sasarina ngeunaan kanyeri anu satungtung hirup mah moal poho, sanajan nepi ka maot.
Rusuh luput, gancang pincang : Migawe naon bae anu rurusuhan, temahna matak kaduhung sabab hasilna teu matak nyugemakeun.

Sabobot sapihanéan : Sauyunan, sapapait samamanis sabagja sacilaka.
Sabuni-buni anu ngising : Sanajan dibunian atawa disumputkeun oge ari laku lampah anu goreng mah awal ahir sok kudu kanyahoan bae.
Sagalak-galakna macan tara ngadahar anakna : Sanajan pohara bengisna nu jadi indung-bapa, umumna tara tega ka anu jadi anak.
Sagolék pangkék, sacangreud pageuh : Hanteu cidra kana jangji.
Sahérang-hérangna cai béas : Galibna hate teh hese pisan beresihna ka jelema anu geus bukti tas nganyenyeri ka urang.
Sahérang-hérangna cibéas, moal hérang cara cisumur : Sasarina lamun geus aya pacengkadan sok tara hade deui cara bareto samemeh aya pacengkadan.
Sakecap kadua gobang : Gampang ngambek jeung gampang ngadek deuih.
Sakiriciking duit, sakocopoking bogo : Naon bae anu matak narik kana hate urang.
Saluhur-luhur na punduk, tara ngaliwatan hulu : Sapinter-pinterna murid, pangartina moal ngaluhuran guruna.
Sangsara di geusan betah : Teuing ku miskin, teu boga naon-naon pisan kulantaran geus embung digawe nyiar kipayah. Anehna teh ari hirup mah hayang keneh.
Samar polah, samar rasa : Henteu puguh tingkah upamana ku sabab tepung jeung jalma anu dipikacinta tapi kakara disidem dina hate bae, tacan bruk-brak.
Sapu nyéré pegat simpay : Paturay papisahan.
Sareundeuk saigel, sabobot sapihanéan, sabata sarimbangan : Sauyunan, layeut, tara aya pacengkadan.
Satungtung deuleu : Ngagambarkeun anu upluk-aplak lega pisan.
Satengah buah leunca : Teu jejeg ingetan, langlang lingling, kurang saeundan.
Saumur nyunyuhun hulu : Saumur hirup rumingkang di bumi alam.
Saungkab peundeuy : Omongan anu pondok tur kurang hade.
Séngsérang padung : Ngeunaan awewe atawa lalaki anu boga keneh napsuna cara baheula keur ngora keneh, sasarina aya di jelema nu geus kolot, nu tereh paeh.
Sentak badakeun : Teu ceehan dina gawe, mimiti pohara getolna, tapi beuki lila beuki ngedul nu tungtungna teh diantep teu dipigawe pisan.
Sereg di panto, logor di liang jarum : Nyingkahan hirup kumbuh jelema loba, sabab loba dosa, loba kasieun jeung kaera, betahna dinu suni nu teu aya jelema.
Sereg di buana, logor di liang jarum : Kulantaran loba kasalahan atawa dosa, embung cicing di nu rame, sabab sieun, karesepna teh di nu suni nu euweuh jelema.
Seukeut ambeu, seukeut deuleu : Loba mata-matana jeung pinter nyusud perkara (keur pagawean pulisi).
Seukeut tambang banan gobang : Sakumaha gagahna; wanina; jeung ngalawana oge, jalma jahat mah awal ahir tangtu katangkep pulisi.
Seungit angin-anginan : Seungit pisan meleber ka mana-mana.
Seuneu hurung, cai caah : Keur ambek, keur amarah, keur napsu.
Seuneu hurung dipancaran : Nu keur napsu, heug ditambahan pisan pikakeuheuleun, tangtu bae ngambekna jadi tambah.
Seuseut batan neureuy keueus : Hese pisan.
Silih jenggut jeung nu dugul : Menta tulung ka papada anu sarua butuhna atawa sarua papada henteu boga.
Sibanyo laleur : Ledis pisan, teu nyesa saeutik-eutik acan.
Sirung ngaliwatan tunggul : Darajat atawa milik anak, ngaliwatan bapana.
Sosoroh ngadon kojor : Kikiriman ku lantaran aya pangarahan tapi boro-boro meunang kauntungan, kalahka meunang wiwirang jeung karugian.

Tamplok bacoteun : Mun ngaladangan kadang leuwih atawa kadang kurang.
Tamiang meulit ka bitis : Malindes ka diri sorangan.
Tamplok batokkeun : Berehan teuing.
Taya tangan pangawasa : Jiga anu dipupul bayu, henteu boga tanaga.
Taya halodo panyadapan : Taya eureuna digelendeng atawa di dicarekan (terus bae digelendeng atawa dicarekan).
Tarajé nangeuh, dulang pinandé : Saban tugas kudu dilaksanakeun kalawan alus sarta bener.
Téng manuk téng, anak merak kukuncungan : Sipat-sipat nu aya di anak, babakuna nu hadena, sasarina loba anu diturunkeun ku kolotna (indung-bapa).
Teu aya sarebuk samerang nyamu : Teu aya saeutik-eutik acan.
Teu beunang dikoét kunu kékéd : Teuing ku koret, tara pisan tutulung ka nu butuh tatalang ka nu susah.
Teu boga pikir rangkepan : Teu boga curiga saeutik-eutik acan.
Teu usik bulu salambar : Teu regrog-regrog, malah unggul dina juritna. Wanian.
Teu cari ka Batawi tapi ka salaki : dahar jeung pake hayang ti salaki.
Teu diambeuan : Teu dipikarisi ,teu dipikagimir, teu dihargaan/diajenan.
Teu didingding kelir : Teu dibuni buni, ditembrakeun bae, teu dirasiahkeun.
Teu dipiceun sasieur : Sarua pisan, teu aya bedana saeutik-eutik acan.
Teu ditarik, teu ditakon : Teu dipalire diantep bae, teu ditanya-tanya acan.
Teu gugur, teu angin : Samemeh kajadian naon-naon, teu aya pisan beja. Teu aya lantaran atawa ciciren samemehna.
Teu jauh ti tihang juru, teu anggang ti tihang tengah : Nya goreng rupana nya goreng kalakuanana, sok daek pulang-paling.
Teu mais, teu meuleum : Teu aya patalina pisan, teu pipilueun.
Teu ngalarung nu burung, teu nyésakeun nu édan : Ngalajur napsu ka awewe, ka anu halal jeung anu haram oge disaruakeun bae.
Teu nginjeum ceuli, teu nginjeum mata : Ngadenge jeung nenjo sorangan, lain cenah jeung beja.
Teu nyaho di alip bingkeng : Bodo teu bisa maca-maca acan, da teu sakola.
Teu puguh alang ujurna : Teu puguh entep seureuhna, teu beres lain kitu kuduna.
Teu wawuh wuwuh pajauh, teu loma tambah paanggang : Sing wawuh tur sing loma sabab balukarna alus pisan.
Teui hir teu walahir, teu kakak teu caladi, teu aro-aro acan : Teu baraya, teu raka, teu adi teu alo-alo acan. Deungeun-deungeun tulen.
Ti luhur sausap rambut, ti handap sahibas dampal : Menta dihampura tina rumasa geus salah atawa boga dosa.
Ti peuting kapalingan, ti beurang kasayaban : Sababaraha kali karurugian atawa karoroncodan.
Tiis ceuli, hérang mata : Ngeunah hate kulantaran ngeunah deudeuleuan jeung dedengean.
Tikoro tandon peso : Ngadeukeutan jelema nu bakal ngahukum atawa nganyenyeri ka diri urang.
Tinggar kalongeun : Teu sieun atawa teu nurut kulantaran remen teuing digelendeng atawa dicarekan.
Tipu keling, ragaji Inggris : Pinter dina kajahatan, pinter dina ngbobodo atawa nipu.
Titip diri, sangsang badan : Mihapekeun maneh.
Titirah ngadon kanceuh : Sejana nyiar kasenangan, tapi jadina pinanggih jeung kasusah nu leuwih gede.
Totopong heureut dibébér-bébér, tangtu soéh : Nyukupan ku pangala nu sakitu saeutikna, tangtu bae matak jadi susah. Lamun rejeki atawa pangala saeutik, ari keperluan jeung pangaluaran anu sakitu lobana.
Tugur tundang cuntang gantang : Ngajalankeun pagawean pikeun nagara, babakti ka nagara.
Tunggul dirarud, catang dirumpak : Euweuh anu dipikaserab, terus bae ngalajur napsu.
Tunggul sirungan, catang supaan : Aya kajadian anu goreng atawa matak teu genah ahirna.
Tungkul ka jukut, tanggah ka sadapan : Junun nyanghareupan pagawean anu dipilampah, teu kaganggu ku naon-naon.

Ulah lunca-linci luncat mulang, udar tina tali gadang : Ulah lali tina purwadaksina kudu nuturkeun etika anu aya.
Ulah ngaliarkeun taleus ateul : Ulah nyebarkeun fitnah.
Ulah ngukur baju sasereg awak : Ulah menyimpulkan nurutkeun diri sorangan.
Ulah pahilir-hilir mandi, pagirang-girang tampian : Ulah rebutan kakawasaan.
Ulah beunghar méméh boga : Ulah adigung. Nyeta anu beunghar henteu atawa tacan boga pakaya.
Ulah cara ka malati, kudu cara ka picung : Ulah sok bosenan ari ka pamajikan teh, hadena mah ti keur ngora keneh nepi ka geus kolot teh kudu beuki welas asih.
Ulah kabawa ku sakaba-kaba : Ulah kabawa ku nu teu puguh, maksudna kabawa jurig, dedemit atawa ku jalma jahat.
Ulah muragkeun dewegan ti luhur : Masing nyaah kana rejeki meunang hese cape ladang kesang, ulah arek dimonyah monyah.
Ulah pangkat méméh jeneng : Ulah adigung adiguna hayang nyaruaan ka nu geus jeneng.
Ulah tiis-tiis jahé : Kudu iatna tur ati-ati, kudu cingceung.
Ulah unggut kalinduan, ulah gedag kaanginan : Ulah kagoda, ulah kaganggu atawa kabengbat ku rupa rupa, lamun urang keur nyanghareupan hiji maksud anu hade.
Uncal tara ridu ku tanduk : Duduluran karumpul kabeh.
Uyah tara téés ka luhur : Galibna sipat indung bapa anu harade atawa anu goreng sok diturunkeun ka anak incuna.
Ulah kuméok méméh dipacok : Ulah sieun saacan ngalakonan.
Ulah leutik haté : Ulah sieun atawa putus pangharepan.

Waspada permana tingal : Bisa nyaho kana naon-naon anu bakal kajadian.
Watang sinambungan: Nu boga perkara batur, nu diajak cekcokna urang
Wiwirang di kolong catang, nya gedé nya panjang : Wiwirang anu pohara gedena.




Kirang langkungna, hapunten nu kasuhun.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar