Sabtu, 13 April 2013

Wangunan Urang Sunda



Di Tatar Sunda, seueur pisan sesebatan anu ditujukeun kana hiji adegan atanapi wangunan. Ngaran wawangunan jaman baheula anu perlu dikanyahokeun, kirang langkung:
 
Babancong 
Babancong









Babancong nya eta wangunan leutik rada luhur di sisi alun-alun, minangka panggung paranti gegedén. Biasana sok dianggo biantara.














Bagan/Bagang 
Bagan
Bagan atanapi sok aya nu nyebatkeun Bagang, nya eta saung ranggon di laut paranti Pamayang –tukang ngala lauk di laut, masangkeun sirib atawa jaring.












Gosali 
Gosali
Gosali teh nya eta adegan tempat digawé Panday –tukang nyieun parabot tina beusi. Salian ti Panday, anu tukang nyieunan parabot téh aya sesebutan lain. Palédang –tukang nyieun parabot tina tambaga, Gending –tukang nyieun parabot tina kuningan jeung Kamasan –tukang nyieun parabot tina emas atawa pérak.

Gedogan 
Gedogan




Gedogan nya eta adegan/kandang kuda, sok disebat oge istal. Nu numpakan kuda sok disebat Sais atanapi Kusir. Nanging sanes Sais/Kusir wae sesebatan kanggo anu numpakan kuda teh, aya deui anu disebat Kulaer nya eta kusir anu tumpakna dina kuda karéta pangagung, teras aya Palatuk nya eta anu tumpak kuda saheulaeun pangagung keur méré iber (béja).  



Karapyak 
Karapyak








Karapyak nya eta adegan/kandang munding atawa sapi anu biasana sok dikurilingan ku pager. Tapi aya oge anu masihan nami lain kanggo kandang munding/sapi teh, sapertos: Saung Munding atanapi Saung Sapi.











 
Kobong 
Kobong






Kobong nya eta kamar leutik kanggo para santri anu mukim di Pasantren, mun kiwari mah sok nelah Asrama.









Langgar 
Langgar - Tajug
















Langgar nya eta adegan tempat salat atawa diajar ngaji di Pakampungan. Salian ti eta, aya oge sesebatan Tajug nya eta masjid leutik di Pakampungan.

















 
Lio 
Lio








Lio nya eta saung tempat nyieun kenténg atawa bata. Biasana anu didamel dina eta Lio sok kenging landian Anjun (tukang nyieun parabot tina taneuh).







Pagupon 
Pagupon






Pagupon nya eta adegan/kandang japati.  









Pagupon - kandang japati

Palalangon 









Palalangon nya eta tempat nempo ti kajauhan. Kaayaanna leuwih jangkung ti saung ranggon. Tempatna oge milih tempat anu luhur sangkan leuwih nenggang.










Pangbelokan 
Pangbelokan










Pangbelokan nya eta wangunan tempat ngabelok jalma gélo anu galak, dibelok teh supados teu ngaganggu ka nu lian.












 
Pangbérokan 
Pangberokan
Pangberokan nya eta wangunan tempat ngerem jalma jahat atawa Jinem –nu dihukum. Patugas anu ngajaga Pangbérokan, osok disebat Kajineman: mandor sakitan (tukang ngajaga Jinem).

Paranje 
Paranje







Paranje nya eta adegan/kandang hayam. 
   








Saung Pangasoan 
Saung Pangasoan
Saung Pangasoan nya eta saung tempat ngaso atawa reureuh anu keur nyaba. Biasana loba anu dagang lahang, bubuahan jeung kadaharan.

Saung Ranggon 
Saung Ranggon
Saung Ranggon nya eta saung di tengah huma/sawah paranti tunggu paré sangkan ulah ku manuk.




Cag...
 Hapunten upami lepat.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar