Kamis, 23 Januari 2014

Gunung Kutu, si Gunung Guntur



Gunung Guntur nu mitutur... Kadé sing hadé ceuk Gunung Gedé… Cikuray nu kapiraray… Talagabodas matak waas… Papandayan ngagupayan.... Gunung Putri anu asri...

Gunung Kutu anu bihari, Gunung Guntur anu kiwari.


Mandala Dipuntang
Bihari di wewengkon Garut aya hiji karajaan kawilang gedé, ngaranna Karajaan Mandala Dipuntang. Puseur dayeuhna di Panémbong –Bayongbong Garut. Anu jadi raja mangsa harita, nya éta Dalem Paséhan, gelar nobatna: Sunan Permana Dipuntang. Anjeunna téh mertuana Prabu Siliwangi, margi siwi –anak awéwé na anu jenengannana Nyimas Ratna Inten Déwata, ditikah ku Prabu Siliwangi. Saparantos Dalem Paséhan tilar dunya –tilem di Gunung Satria, anu janten naléndra téh siwi na kuanjeun: Nyimas Ratna Inten Déwata, gelar nobatna: Ratu Maraja Inten Déwata. Kumargi teu kersaeun calik di karaton, kahoyongna midusunan baé, Ratu Maraja Inten Déwata ngangkat putrana janten raja di Mandala Dipuntang anu jenenganna Sunan Dayeuh Manggung. Upami Maharaja Inten Déwata nuju ngitung lembur milangan kori, anu ngiring ngiclik téh mung pangatik lalaki saurang –anu umurna geus kolot pisan, ngaranna Batara Rambut Putih. Gegentos Sunan Dayeuh Manggung saparantos tilar dunya –di makamkeun di Dayeuh Manggung Cilawu Garut, nya éta Sunan Prabu Derma Kingkin. Waktos pamangkuaji na ku Prabu Derma Kingkin, éta karajaan téh dipindahkeun ka wewengkon Timbanganten –deukeut Gunung Kutu. Laju, Prabu Derma Kingkin ngagentos nami Karajaan Mandala Dipuntang janten Karajaan Timbanganten. Ari puseur dayeuhna di Korobokan –Cipanas, deukeut Gunung Kutu/Gunung Guntur Garut di pasir luhur bukit alit. Anu ngagentos Prabu Derma Kingkin janten Naléndra di Karajaan Timbanganten salajengna, nya éta: Sunan Ranggalawé.
Gunung Guntur Garut, sasakala Karajaan Timbanganten.

Gunung Urug
Tatar Karajaan Timbanganten, ngawengku wewengkon: Tarogong Kalér; Tarogong Kidul; Samarang; Lélés; jeung Cikembulan –Kadungora. Karajaan Timbanganten kalebet nagri ‘madeg mandiri’ –hartina: teu kaéréh/kajajah ku nagara deungeun. Pangupa jiwa rahayatna, ngandelkeun  tina rupa-rupa tatanén. Henteu ari medah-meduh mah, ngan tara kabéjakeun kakurangan dahareun. Anu ngabahureksa jadi raja di Timbanganten mangsa harita téh nya éta Sunan Ranggalawé. Dipikaasih ku rahayatna, lantaran adil paramarta jeung kacida merhatikeun kana kahirupan sakabéh pangeusi nagri. Naon baé kahayang rahayatna –lamun éta hadé pikeun maranéhna, pasti ditedunan kalawan daria. Dina hiji mangsa, nagara katarajang tigerat panjang –nepi ka rahayatna kakurangan cai. Tong boroning keur pepelakan, dalah keur pangabutuh sapopoé ogé, cai téh hésé kacida. Mangkaning cai téh, pangabutuh anu kacida pentingna keur kahirupan mahluk hirup. Pikeun ngungkulan éta masalah, teu aya deui jalanna anu kaerong ku raja, iwal ti kudu nyieun situ. Lain baé keur sasadiaan cai dina mangsa halodo saperti harita, tapi bisa dipaké nyaian tempat-tempat anu angar lantaran kurang cai, nepi ka bisa dijieun sawah-sawah anyar. Sunan Ranggalawé ngeprak paramantri jeung ponggawa, sangkan néangan tempat pisitueun. Tempatna kudu anu hadé, anu henteu bangga –hésé ngabendungna. Sarta lamun geus jadi situ, caina bisa dipaké ku sakuliah pangeusi nagri. Dina hiji waktu, Patih unjukan ka Kangjeng Sunan. Ki Patih nétélakeun, yén geus manggihan tempat pisitueun. Nya éta di hiji léngkob, anu aya di wewengkon Gunung Kutu bogana Maraja Inten Déwata. Sunan Rangga Lawé kalintang bingahna, ngadangu piunjuk Patih kitu téh. Bungah amar wata suta, bungah ka giri-giri. Asa ka gunturan madu, ka urugan menyan putih. Lajeng miwarang hiji mantri pikeun ngadeuheus ka Maraja Inten Déwata, mundut éta tempat badé ditambak dijieun situ.
Maraja Inten Déwata rada ngajenghok waktu narima piunjuk ti mantri anu mundut-mundut tempat kanggo pisitueun. Sabab éta wewengkon anu dipénta ku Sunan Ranggalawé téh, anu pang dipika meumeut pisan ku anjeunna. Nya léngkob éta pisan anu di pikabetah ku Ratu Maraja Inten Déwata téh. Salian ti éta, lamun léngkob dijieun situ, tangtu bakal ngeueum panglinggihan anjeunna. Kumargi kitu, paménta Sunan Ranggalawé téh henteu ditedunan. Narima laporan ti mantri kitu, Sunan Ranggalawé ahirna maréntahkeun pikeun néangan deui tempat séjén, anu leuwih alus pikeun pisitueun. Bur-ber anu néangan pisitueun, tapi weléh taya anu manggih. Malah lila-lila mah, jul-jol rahayat anu ngadeuheusan sarta unjukan ka Sunan Ranggalawé, nyuhunkeun énggal éta léngkob ditambak didamel situ.
Sunan Ranggalawé tos dua-tilu kali miwarangan mundut éta pisitueun, tapi weléh teu dipaparinkeun baé ku Maraja Inten Déwata. Sunan Ranggalawé henteu tiasa maksa mirusa, tina ngaraos ajrih ka Maraja Inten Déwata.
Dina hiji waktu, aya mantri pangkolotna di éta nagara, unjukan ka Sunan Ranggalawé. Manéhna méré kamandang ka Sunan Ranggalawé tina jihad kakawasaan. Yén anu jumeneng ratu téh sabenerna henteu kénging dihalang-halang ku nu sanés, ku sing saha baé. Parentah ti ratu téh estuning janten hukum anu wajib ditaatan ku sakabeh pangeusi nagri, kalebet kedah ditaatan ku sanak-kadangna raja kuanjeun. Ngadangu piunjuk mantrina kitu, Sunan Ranggalawé ngaraos yén enya bener sapihatur mantrina téh teu nyalahan. Lajeng ngadawuh ka Patih pikeun ngumpulkeun abdi-abdi kabéh, sarta kudu marawa pacul, linggis, jeung sapuratina –parabot nu rék nyieun situ. Sarta poé éta kénéh, léngkob téh kudu di tambak. Sanggeus meunang dawuhan ti ratu kitu, breng atuh rahayat arindit ka pisitueun. Jalma datang ti suklakna ti siklukna, ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut. Maranggul pacul, ngajingjing linggis, katut parabot lianna keur ngali taneuh. Komo anu ngadéngé sorangan dawuhan raja, dalah anu harita ngadéngé béjana ogé, indit nuturkeun anu ngabrul, mapay-mapay nyatang pinang. Sunan Ranggalawé ogé angkat, diiring ku mantri sareng paraponggawa. Barang sumping ka pisitueun téa, teras ngadamel pasanggrahan di dinya. Margi émutanana ngadamel bendungan téh, sanés padamelan sapoé jadi. Rahayat unggal poé digarawé ti isuk jedur nepi ka soré jedér. Keur mah ngéstokeun timbalan raja, katambah-tambah lain keur kapentingan batur, tapi keur kapentingan maranéhna sorangan. Teu sirikna kabéh sanagara ubyag, nyarieun tambakan keur pisitueun. Capé gawé geus dianggap jamakna, sabab inget kana hasilna mun situ geus réngsé.
Sanggeus aya kana puluh poéna, tambakan téh réngsé ngalingkung léngkob. Teu sabaraha lilana deui ti harita, situ téh geus léb-léban pinuh, caina lébér ngamprah ka lembur-lembur. Sakumna rahayat saruka bungah. Ubyag deui digarawé poho di kacapé, nyieunan sawah-sawah anyar.
Tegal angar anu legana upluk-aplak, jaradi sawah anu teu kakurangan cai. Tapi kaayaan anu sarupa kitu téh, kanggo Maraja Inten Déwata mah matak ngenes kana manahna.
Anjeunna kagungan anggapan, yén Sunan Ranggalawé parantos metakeun kateuadilan, milampah panganggo sawenang-wenang. Ngabendung léngkob cangkingan anjeunna, bari henteu aya widi ti nu kagunganana. Manahna peurih, raos asa digerihan ku hinis. Ti dinya anjeunna lebet ka bumi, nyandak kekemben hiji, raksukan hiji, tuluy angkat ngajugjug ka gunung leutik anu sok dianggo ngarereb ku Maraja Inten Déwata –teu jauh ti Gunung Kutu disarengan ku Batara Rambut Putih. Saparantos Maraja Inten Déwata ngaso, lajeng miwarang Batara Rambut Putih mawa taneuh sakeupeul jeung nyieun jolang keur wadah cai. Keur candakeun anjeunna dék nanjak ka Gunung Kutu. Teu talangké Batara Rambut Putih tuluy nyieun jolang gedé sarta tuluy dieusian cai, bari mawa taneuh sakeupeul, ngiring ka Maraja Inten Déwata angkat ka Gunung Kutu. Sajajalan teu lémék teu nyarék, bingung neuleuman maksud dununganana. Sasumpingna ka puncak gunung, tuluy éta taneuh sakeupeul téh diawur-awur di luhur gunung jeung cai anu sajolang téa, dibahékeun. Sanggeus cai dibahékeun, Maraja Inten Déwata lungsur deui ti luhur Gunung Kutu ka gunung leutik pangrereban –bari Batara Rambut Putih ngiclik tukangeunana. Sapada harita kénéh aya kajadian anéh, panonpoé nu keur meujeuhna mentrang-mentring, ngadadak kawas anu leungit cahya sinarna. Tanah Timbanganten jadi poék mongkléng buta rajin. Henteu lila, kadéngé anu patingjelegur, datangna ti puncak Gunung Kutu. Seuneu muntab-muntab hurung mancur, silalatu tingbelewer ka ditu ka dieu. Gunung Kutu muncratkeun batu panas, dibarengan ku hujan lebu nu tohaga rongkahna. Lamun batu panas ninggang ka leuweung, ger atuh leuweung téh kahuruan muntab-muntab. Kitu deui mun ninggang ka pilemburan, atuh loba imah anu ancur. Jelama patulayah di sisi jalan. Malah di puseur dayeuh gur-ger kahuruan. Dayeuh Korobokan ruksakna liwat saking.
Tilas guntur/urugna Gunung Kutu, masih aya tapakna dugi ka kiwari.
Jelema anu henteu katinggang, barirat ka tempat anu leuwih aman –lantaran sieun katinggang ku batu, malah dina geus pépésna deui ogé, loba pisan anu teu baralik deui ka tempat asalna di Korobokan, tuluy baé ngalumbara di dinya, nepi ka ngarundaykeun anak-incu. Seuneu di Gunung Kutu muntab-muntab, batu-batu tingbelewer ka luhur, katénjona burahay jadi seuneu nyaangan sakuliahna. Lebu hideung ngadingding sakuriling bungking, ngeprul beurang peuting salila opat puluh poé. Sunan Ranggalawé geus ngaraos yén pangna nagara katarajang balai anu sakitu poharana téh, tangtu pisan lantaran ti Maraja Inten Déwata. Lajeng jengkar ti dayeuh Korobokan, kersana rék nyungsi Maraja Inten Déwata, ngajugjug ka Gunung Kutu.  Teu lami katingali ku anjeunna, Maraja Inten Déwata keur ngadeg dina batu. Sunan Ranggalawé gagancangan muru Maraja Inten Déwata terus ngarawu sampéanna, sasauran bari nangis lungas-lengis, mundut dihapunten tina sagala kalelepatan sareng kaluluputannana. Maraja Inten Déwata ngahampura kasalahan Sunan Ranggalawé, seuneu nu keur hurung ngabéla-béla téh bet dadak sakala pes pareum. Kitu deui sora nu patingbeledug, jep répéh. Batu nu cara hujan silantang datangna ti gunung, les leungit kabéh, musna teu sakara-kara. Ciri Déwata nu murbeng alam, nyakséni kana kabersihan haté Ratu Maraja Inten Déwata. Sunan Ranggalawé matur ka Maraja Inten Déwata, ngajak mulih ka karaton sasarengan. Nanging, Maraja Inten Déwata nyaur, moal balik deui ka karaton, deuk nurutkeun kahayang ati na waé. Jeung amanat mun isuk jaganing geto, baring supagi, upama ieu gunung jadi deui cara kieu petana, supados disambat baé ngaran Maraja Inten Déwata jeung ngaran Aki Batara Rambut Putih, tanwandé salamet moal aya kitu-kieu. Maraja Inten Déwata, kitu deui Batara Rambut Putih, sanggeus amanat kitu, les musna ti payuneun Sunan Ranggalawé. Leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana –ceuk sakaol, Ratu Maraja Inten Déwata sareng Aki Batara Rambut Putih lajeng arangkat ka tebéh Wétan nu dituju nya éta Gunung Talagabodas ayeuna, duanana maksad neraskeun ngasakkeun tatapana. Sarta didinya pisan marantenna tarilem. Ti harita Gunung Kutu dilandi ngaranna, sawaréh aya nu nyebut Gunung Agung –gunung gedé, sawaréh deui aya nu nyebut Gunung Guntur –gunung urug. Ari gunung anu leutik, urut Sunan Ranggalawé menta panghampura ka Maraja Inten Déwata téa, nelah nepi ka ayeuna disebut Gunung Putri. Ari situ anu didamel ku Sunan Ranggalawé katelah Situ Taman di Timbanganten. Ari Dayeuh Korobokan jeung kampung-kampungna, anu kaurugan ku taneuh jeung ku batu, ayeuna katelah: Tegal-urug. Sedengkeun karajaan Timbanganten sanggeus kajadian Gunung Kutu bitu, nya dipindahkeun ka Tarogong Garut –rada jauh ti Gunung Kutu.


 
Talagabodas Garut, pangtileman Ratu Maraja Inten Dewata jeung Batara Rambut Putih.



***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar