Kamis, 30 Januari 2014

Ngariksa Jagat



“Gunung iuhan; lamping awian; darat imahan; lebak sawahan; jeung legok balongan.”
Pancawilayah Tatar Sunda.
Caah Dengdeng ka pamukiman

Saliwat mah, mémang alam siga anu pasrah sumerah dikukumaha ku manusa téh. Pasir ditugaran keur nyaeur lelemah; dibobok keur nyieun jalan; bulistir dipaké lahan tatanén. Saenyana alam teu cicingeun, teu narima kitu waé tapi ngabalitungkeun sagala rupa nu tumiba ka dirina alatan paripolah manusa. Balitunganana di luar kamampuh manusa, urang bisa nyaksian kumaha balukarna urug jeung banjir. Anu ngaranna manusia, tétéla teu manggapulia najan téknologi geus sakitu majuna. Serah bongkokan bari kaleungitan harta; banda; jeung nyawa.
Di sagigireun éta, alam saéstuna mah kacida pisan soméahna. Mun manusa ngamumulé; ngariksa; jeung miara alam, tinangtu alam moal ngambek malahan bakal terus-terusan mére jalan kahirupan keur manusa.
Paraluluhur Sunda, leuwih ngarti kana hal ieu. Leuwih-leuwih, apanan kaayaan alam di Tatar Sunda mah diwangun ku pasir; gunung; jeung tempatna luhur. Tina kaayaan tempat dumukna anu saperti ieu, lahir konsép-konsép dina ngariksa alam. Géostrategis ku luluhur Sunda geus dijalankeun, mana keur leuweung tutupan jeung leuweung produksi; mana keur paimahan jeung lahan tatanén, diatur luyu jeung kaayaan alamna.
Mitos-mitos keur ngajaga lingkungan ogé, patingpucunghul. Urang Sunda geus teu anéh deui kana pamali jeung sanget, lamun dilakonan sok aya matakna. Anu dipalar ngarah manusa henteu sakama-kama, kaleuleuwihi ngagunasika alam keur nunjang kahirupanana.

Iklim Ékstrim
Paraahli nuding yén pangna banjir jeung urug di mana-mana téh –tur leuwih rongkah batan taun-taun saméméhna, lantaran hujanna badag. Tudingan lainna deui téh: ayana parobahan cuaca atanapi parobahan iklim, nepi ka iklim/cuaca henteu bisa diduga jeung diperkirakeun, teu kawas baréto.
Sabenerna mah, tudingan éta téh rada méncog. Hujan badag lain kajadian anyar ayeuna-ayeuna ieu, tapi baheula ogé kajadian. Atuh kaayaan alam katut bentuk beungeut bumi, angger teu robah –teu béda jeung kaayaan saperti ratusan taun ka tukang. Kitu deui jeung parobahan iklim, baheula ogé kungsi aya. Anu jadi patalékan: “naha hujan badag kiwari ngabalukarkeun urug jeung banjir, ari bihari bet henteu ?”
Lebah dieu, perluna ngaguar interaksi manusa jaman baheula jeung alamna. Baheula: hujan badag jeung parobahan iklim, teu ngabalukarkeun urug katut banjir. Perlu ditalungtik tina jihad sajarah, diantarana:
1.    Kumaha sikep atawa kamandang manusa baheula ka alamna ?;
2.    Kumaha manusa baheula ngajaga tur miarana lingkungan ?; jeung
3.    Papagon naon anu dicekel ku manusa baheula dina nyusun tata ruang jeung tata wilayah nu luyu jeung kaayaan alam ?.
Data atawa fakta sajarah kitu, bisa dipaké patokan dina nyusun tata ruang ayeuna jeung jaga. Kajian saterusna lain ukur tina jihad sajarah wungkul, tapi ogé perlu panalungtikan anu leuwih gemet tina jihad géologi; géografi; jeung lingkungan. Hubungan atanapi interaksi manusa jeung ruang katut waktu jaman baheula anu teu ngabalukarkeun urug/banjir, perlu terus dipertahankan –malah perlu dironjatkeun ajénna. Mun téa mah interaksi bieu geus henteu harmonis, atuh perlu tarékah ‘diharmoniskeun’ deui.

Pancawilayah Tatar Sunda
Sajarah, lain ngan ukur béréndélan taun jeung kajadianana wungkul. Tapi anu leuwih penting, kudu bisa dipaké cecekelan keur ngigelan jaman pikeun ngaléngkah ka hareup. Sangkan bisa kitu, interaksi manusa jeung ruang katut waktu, perlu diungkab.
Konsép ngeunaan alam katut lingkungan hirup, asup kana bahasan géostrategis atawa tata ruang/tata wilayah anu geus dilaksanakeun ku luluhur Sunda. Ku Carita Parahiyangan, Prabu Niskala Wastukancana dipuji geus bisa nyaimbangkeun kahirupan jasadi jeung ruhani. Carita Parahiyangan, nyebutkeun: sanghyang apa(h); téja; bayu; akasa; sangbu; énak-énak ngalu(ng)guh di sanghyang jagatnaka. (cai; cahaya; angin; langit jeung bumi; ngarasa lugina ditangtayungan ku panguasa dunya). Ieu émbaran ti Carita Parahiyangan, lain hartina Prabu Niskala Wastukancana mampuh maréntah atanapi nalukeun mahluk nu teu nyawaan. Lebah dieu nuduhkeun yén Prabu Niskala Wastukancana mampuh ngatur tata ruang jeung tata wilayah, sabab wewengkon Pulo Jawa beulah Kulon –Jawa Barat téh diwangun ku pasir-pasir jeung gunung-gunung. Sumber cinyusu, leuwih loba batan wewengkon séjén. Atuh walungan –boh nu leutik, boh nu gedé, ogé réa. Walungan-walungan, aya anu ngamuara ka walungan anu leuwih badag. Aya ogé anu langsung ngamuara ka laut. Prabu Niskala Wastukancana, mampuh ngatur tata ruang katut tata wilayah anu diluyukeun jeung kaayaan alam Tatar Sunda.
Gunung anu pinuh ku kakayon tatangkalan, panyimpenan cai.
Pangaturan tata ruang jeung tata wilayah, ngalantarankeun pungsi lahan teu pacorok antara leuweung tutupan; leuweung produksi; lahan tatanén; jeung lahan keur pamukiman. Géostrategis anu dipraktékkeun ku Prabu Niskala Wastukancana, dipikawanoh ku sebutan: Pancawilayah (gunung iuhan, lamping awian, darat imahan, lebak sawahan, legok balongan).
1.    Gunung Iuhan/Kaian
Gunung iuhan, hartina: leuweung di gunung kudu héjo lémbok ku tangkal kai ngarah jadi tempat nyimpen cai, sangkan dina usum hujan teu banjir sarta mun usum halodo teu tigerat ku cai. Cai hujan teu langsung ngamalir ka lebak, tapi diserep ku taneuh anu loba akar tatangkalan. Dina kaluarna deui, jadi cinyusu anu ngocorna mayeng –kaasup dina usum halodo.
2.    Lamping/Gawir Awian
Lamping atawa gawir anu gurawés, kudu dipelakan awi. Tangkal awi bisa nyinglar taneuh rempag atawa urug. Di wewengkon Tatar Sunda, curah hujanna kawilang rada badag. Curah hujan anu badag, ngalantarankeun gancangna pelapukan batu-batuan –anu engkéna bakal jadi taneuh. Gancangna pelapukan batuan, ngabalukarkeun taneuhna jadi gampang ngagolosor –uduh henteu liket. Ku tangkal awi, akarna bisa mageuhan taneuh sangkan teu gampang urug. Salian ti éta, tangkal awi ogé sok diarah pancar-na –tangkal awi anu geus garing keur suluh. Pon kitu deui dina cara nuar awi, teu meunang sagawayah tapi kudu dipilih tina dapuran awi anu pangjerona, anu umur awina geus kolot, sabab lamun nu ngorana dituaran atuh bakal tumpur. Malahan 18 Séptémber, geus ditetepkeun ku Organisasi Awi Sa-dunya (World Bamboo Organization/WBO) minangka “poé awi sadunya”. Maksud ditetepkeun: pikeun ningkatkeun kasadaran masarakat kana pentingna mangpaat awi keur kahirupan
3.    Darat Imahan
Darat atawa lemah anu datar, keur dipaké pamukiman. Jadi, imah henteu diadegkeun di lamping.
4.    Lebak Sawahan
Lebak –lahan sahandapeun paimahan, keur sawah atawa lahan tatanén.
5.    Legok Balongan
Legok –hartina: daérah anu leuwih handap, dipaké nyieun balong.

Panutup
Banjir jeung urug téh akibat tina tata ruang jeung tata wilayah anu salah. Salah, sabab henteu diluyukeun jeung kaayaan alam. Konsép tata ruang jeung tata wilayah anu harmonis, bisa nyinglar datangna banjir jeung urug –paling henteu, bisa ngurangan banjir jeung urug. Konsép-konsép luluhur anu teu diéstokeun atawa teu dijalankeun, ngabalukarkeun dina usum hujan mindeng banjir.
Urang kiwari mumul wanoh kana alam, narah wawuh jeung alam –nepi ka teu paham kana karakter alam. Malah, urang siga anu ngénténgkeun ka alam. Pasir dikalian ditugaran, taneuhna dipaké keur ngurugan proyék paimahan; kantor; atawa jalan.
Asa aingna manusa ogé, bisa ditengetan di Jalan Lingkar Nagrég. Jalan dijieun ku cara mobok gunung jeung nyaeuran lamping, henteu nurut kana kahayang alam. Béda jeung jalan jieunan urang Walanda, jalan téh nyaluyukeun jeung alam –anu matak, di Priangan mah, jalan téh arula-arileu, pungkal-péngkol mapay-mapay tutugan pasir.
Lingkar Nagreg, mobok gunung.
Dina mangsa kiwari, alam téh ti ditu ti dieu terus-terusan ménta tumbal. Tumbalna téh: ‘Usum hujan, banjir jeung urug. Usum halogo, tigerat ku cai’. Hadéna, urang nolih deui kana amanat luluhur. Ngarah alam, teu teterusan ménta tumbal alatan kasalahan; kakaliruan; jeung kasombongan urang.
Gunung Kaian; Gawir Awian, Cinyusu Rumatan; Pasir Talunan, Lebak Caian; Sampalan Kebonan; Walungan Rawatan; Legok Balongan, Dataran Sawahan; Situ Pulasaraeun, Lembur Uruseun; Basisir Jagaeun.



***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar