Senin, 06 Januari 2014

Wayang 4



Pandu… anjeun kacida telengesna. Geus téga maténi bojo kula, anu teu tuah teu dosa. Isuk jaganing géto, mun anjeun keur sosonoan jeung pamajikan anjeun. Anjeun baris nutup rénghap pikeun salilana. Anjeun baris nemahan pati, dina lahunan pamajikan anjeun !”.

Moro Sato
Ti saprak Pandu Déwanata jeneng jadi raja Astina, kaayaan nagri jadi tiis tingtrim ayem tengtrem. Sepi paling, towong rampog. Anu tani, sugih mukti. Anu dagang, suka senang. Réa ketan, réa keton. Buncir leuit, loba duit. Rahayat anggang tina berewit jeung ririwit. Para pangagung jeung rahayat paheuyeuk-heuyeuk leungeun, paantay-antay tangan. Ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara, muru udagan anu sarua: Karaharjaan keur Balaréa.
Dina raraga ngadalitkeun tatali batin antara pangagung jeung rahayat, Raja Pandu Déwanata sok moro sato ka leuweung. Anu jadi udagan, nya éta: ngadeukeutkeun pangeusi nagri kana sasatoan; tutuwuhan; lemah cai; tur sangkan bisa ngobét kahayang rahayatna.
Waktu keur di tengah leuweung, Pandu kasengsrem ku uncal anu nyatuan di tegalan. Kijang bikang téh kacida hadé rupana. Pandu mesat jamparingna. Dina itungan kiceup, kijang bikang katiruk beuheungna. Éta uncal teu walakaya, kokosodan tepi ka ngaleupaskeun nyawana. Singhoreng uncal bikang téh, pamajikan Resi Kindama anu keur nyamur jadi uncal. Sang resi nyupata ka Pandu, yén Pandu bakal ngalaman nasib anu sarupa saperti uncal mamalihan anu dipaéhannana.
Ngadéngé supata sang resi, Pandu ngalumburuk tumiba lemah lir kapuk kaibunan. Dirina ngarasa hanjelu geus maéhan uncal mamalihan. Rempag pangharepan moal bisa ngarundaykeun turunan, sabab ceuk supata sang resi, bakal mati saméméh nyicikeun getih suci ka praméswarina. Sajeroning di tengah leuweung, batin Pandu mungguh muyung. Leumpang rumanggieung, asa teu napak kana lemah. Ku pangapingna dibeberah, sangkan manah sang Raja Astina teu nguyung. Pandu digotong kana jampana, ngagotongna silibaganti.
Satepi ka karaton, bangbaluh anu ngaheumpikan dirina dicicikeun ka dulur-dulurna katut ka sesepuh nagri Astina. Pandu deuk ngabagawan, dina raraga nebus dosana. Tahta karajaan dipihapékeun ka Sang Dréstaratya. Pandu muka baju kaprabuan, diganti ku pakéan anu bahanna tina kulit tatangkalan. Seja ngabrahmana, nyucikeun diri di nu sunyi. Kalayan dibarengan ku praméswarina Déwi Kunti Nalibrata jeung Déwi Madrim, Pandu Déwanata miang ti karaton rék muru ka patapaan, dijajap ku hujan cimata rahayatna.

Pandawa
Sabada réngsé tatapana, Pandu gura-giru nepungan parabojona deuk nyicikeun kasono katut nepikeun kembang harepan, nya éta: hayang boga buah ati anu baris neruskeun tahta Karajaan Astina. Déwi Kunti Nalibrata jeung Déwi Madrim, ngarasa bagja pacampur jeung bingung. Bagja, duméh baris boga katurunan ti Pandu satria anu dipikacintana. Bingung, patali jeung supata ti sang resi. Sabab mun sapatemon, Pandu baris tumiba ajalna.
Dina kaayaan anu baluweng, Déwi Kunti inget ka mantra ti Batara Surya. Mun mantra diwiridkeun, déwata anu dipiharep méré pitulung baris datang sarta bakal ngaijabah. Déwi Kunti mapatkeun mantra, ku matihna jampé pamaké éta, tilu batara datang, nya éta: Batara Darma; Batara Bayu; jeung Batara Indra. Tilu batara, nyicikeun getih sucina ka Déwi Kunti. Tina getih Batara Darma, medal: Yudistira. Ti Batara Bayu, medal: Bimaséna. Jeung ti Batara Indra, medal: Arjuna. Sanggeus Déwi Kunti Nalibrata ngalahirkeun tilu satria, giliran Déwi Madrim anu mapatkeun mantra. Kersaning Hyang Tunggal, Batara Aswin méré anugrah dua satria kembar Nakula jeung Sadéwa anu medal tina guha garbana Déwi Madrim.
Yudistira, watekna: lungguh; jujur; ngadék sacékna nilas saplasna. Bima, watekna: gagah; ngomongna ceplak Pahang, teu apal kana undak-usukna basa tapi pribadina éstu lempeng; tara linyok bohong; nangtung dina tangtungan, napak dina tatapakan agama katut darigama; tanagana bedas pisan. Arjuna, satria anu: lungguh timpuh andelemi, tara ingkah tina étika jeung tatakrama; kasaluhureun hormat tilawat, kasahandapeun ngajénan; panengah Pandawa anu pangkasépna, kilang kitu éta kakasepan téh teu dijieun pakakas pikeun ngulinkeun wanoja. Nakula jeung Sadéwa, watekna: ladak/adab lanyap; laku lampahna taya cawadeun; najan béda indung jeung putra Pandu ti Déwi Kunti, teu tumarumpang lir madu jeung amisna.

Kurawa
Méh sawanci jeung lahirna lima satria –Pandawa ti Déwi Kunti jeung Déwi Madrim, pamajikan Dréstaratya anu ngaranna Déwi Gandari ogé ngalahirkeun. Anu medal tina guha garbana Déwi Gandari téh lain orok, tapi getih anu kintel sagedé bantal. Numutkeun pituduh ti Bagawan Wyasa, getih téh kudu diwadahan kana gentong tur ditungguan sapuluh poé lilana. Dina poé kasapuluh, tina gentong medal saratus orok. Anu munggaran medal, Duryudana. Dibarung ku eundeurna bumi; angin puyuh lilimbungan; gunung bitu; jeung seuneu ngabebela ngahuru leuweung jeung pakampungan, mungguh pikakeueungeun. Éta téh totondén, yén orok anu kakara medal téh baris mawa sasalad. Baris jadi bibit buit berewit pikeun nagara Astina. Sabada Duryudana, tina gentong mucunghul Dursasana sarta salapanpuluh dalapan orok lianna. Jumlahna jejeg saratus, tuluy dingaranan Kurawa –anu mibanda harti: katurunan raja Kuru, nya eta tuturus Raja Hatinapura.
Jumlah orok anu sakitu lobana téh luyu jeung kahayang Déwi Gandari, anu hayang males ka nyeri ka Pandu. Sabab manéhna ku Pandu, kalahka dibikeun ka Dréstaratya. Ceuk gerentes haté Déwi Gandari, mun dirina boga anak saratus, baris boga kakuatan keur ngéréd anak-anak Pandu ti Déwi Kunti jeung Déwi Madrim.
Ti barang gubrag ogé, ku Sangkuni –paman Kurawa geus dicician ku kaceuceub tur disiraman ku cai sirik pidik jail kaniaya. Munasabah atuh, Kurawa anggang jeung purbatisti purbajati teu napak dina tatapakan agama katut darigama. Hirupna tugul dirurud, catang dirémpak. Songong bedegong, adigung gedé hulu.
Sesepuh Astina –Bisma jeung Widura, ningali kalakuan Duryudana katut dulur-dulurna anu matak sareukseuk, osok digeuing diélingan. Tapi, panggeuing teu diwaro. Méh unggal usik, Kurawa nyieun pucuk ti girang ngalédék jeung ngahina Pandawa. Untungna teu saruana, Yudistira jeung dulur-dulurna asak hampura. Tapi, ari remen diganggu katingtriman mah, Pandawa ogé ahirna mah hojah. Sireum ogé ari diganggu, sok ngégél. Bima kasundut amarahna. Basa tangkal buah meunang melak Pandawa anu keur sumedeng gumading, diranjah ku Kurawa. Dina tangkal anu reuteum ku Kurawa téh, dieundeukkeun sarta dirabut, laju dibuntang-banting. Tanwandé, tanaga Bima anu diaping ku Batara Bayu, sakitu bedasna. Kurawa racleng kapangpéngkeun, awakna taratu bari terus ngabecir lumpat tipaparétot.

Pandu Palastra
Impian Pandu Déwanata hayang boga turunan, tinekanan. Pandawa, anu baris neruskeun tahta nagri Astina, geus jadi satria utama. Dina hiji waktu, Pandu lali kana temah wadi. Teu inget kana supata Resi Kindama. Bakat ku teu kuat nahan kasono ka Déwi Madrim, ahirna Pandu tinemu ajal, nyangsaya dina dada Déwi Madrim. Langit nu mayungan nagri Astina, ngadadak ceudeum. Sakumna pangeusi nagri, hujan citangis.
Kusabab tilar dunyana dina lahunan Dewi Madrim, atuh anu wajib labuh geni ku cara ancrub kana durukan waktu layon Pandu dibeuleum téh nya Déwi Madrim. Déwi Madrim anu kudu marengan Pandu ka alam padang poé panjang. Pandawa palid dina walungan sungkawa, komo Nakula jeung Sadéwa mah asa disamber heulang.
Saditinggalkeun ku Pandu Déwanata jeung Déwi Madrim, anu ngasuh Pandawa téh nya éta Déwi Kunti Nalibrata. Dina ngaping Pandawa, Déwi Kunti teu ngawilah-wilah kanyaah. Nakula jeung Sadéwa, ditanggeuy lir nanggeuy endog beubeureumna.




***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar