Jumat, 02 Mei 2014

Wayang 8



Aya lima urang prajurit jeung saurang emban anu deuk béla pati ka Pandawa. Éta emban jeung para prajurit, geus gilig séba jiwa raga ka Pandawa. Maranéhna yakin mun tiwas di pasangrahan ngabéla Pandawa, lelembutanna baris manjing ka sawarga.

Salamet Tina Durukan
Duryudana katut dulur-dulurna ngarasa sugema, ngadéngé Pandawa jeung Déwi Kunti Nalibrata geus géhéng kawas areng. Anu kacida bungahna pisan mah, Sangkuni. Taktik anu geus dirarancangna, nenggel kana mataholangna pisan. Cucuk rungga anu jadi rereged, geus ilang. Tahta moal aya anu ngagugat, sabab anu boga hak na geus tiwas.
Béda jeung Kurawa, sesepuh Astina, Bisma jeung Widura ngarasa yakin Pandawa leupas tina bahla. Sabab, Pandawa salawasna ditangtayungan ku Déwata.
Nu diimpleng ku Bisma katut Widura, teu mencog. Pandawa teu kabeuleum, masih beleger. Éta téh patali jeung kaambeuna niat jahat Kurawa ka Pandawa. Saméméh Hajat Surya, Adipati Karna diutus ku Widura pikeun nepikeun rarancang Sangkuni anu rék ngabinasakeun Pandawa ka Yudistira. Adipati Karna ogé nepikeun talatah Widura ka Yudistira, sangkan nyieun torowongan jero taneuh. Naon pangna Karna anu diangkat darajat ku Kurawa, bet hianat. Saéstuna, Karna teu mikeun mun Déwi Kunti Nalibrata –indungna, jeung dulurna tiwas ku cara anu kurang hadé.
Waktu Kurawa nyieun pasangrahan, sababaraha puluh prajurit Astina anu biluk ka Pandawa ngali taneuh nyieun torowongan. Patali jeung waktu anu singget, torowongan téh dipigawéna beurang jeung peuting kalayan dibantu ku kelenci ciciptaan déwata. Sangkan teu katohyan ku pihak Kurawa, Widura méré pancén ka telik sandi, pikeun niténan Kurawa katut usung-ésangna. Sawirahma jeung réngséna wangunan pasangrahan, torowongan ogé geus réngsé. Liang paragi asupna ditutup deui kalawan rapih, sangkan Kurawa henteu curiga.
Saméméh Puracaya ngaduruk pasangrahan, manéhna nengetan heula kaayaan di jero pasangrahan. Anu katémbong ku Puracaya, aya satria anu keur sararé disarimbut di tempat pangreureuhan luyu jeung jumlah Pandawa punjul hiji. Anu lima, tangtungan satria. Anu hiji, tangtungan wanoja. Puracaya yakin, anu keur ngagolér dina babaléan téh: Yudistira; Bima; Arjuna; Nakula; Sadéwa; jeung Déwi Kunti Nalibrata. Geus kitu mah, obor anu geus diseungeut ku sababaraha puluh prajurit katut anu dicekel ku dirina, dialungkeun kana hateup pasangrahan. Dina waktu anu singget, hateup anu rahabna dijieun tina daun eurih katut injuk, diléntab ku seuneu. Rahayat anu nempo seuneu ngabebela, tingjarerit ngarasa hariwang Pandawa kabeuleum ku gangasna seuneu.
Pandawa jeung Déwi Kunti, geus arasup kana torowongan jero taneuh. Éta torowongan, brasna ka sisi walungan Gangga anu tepung wates jeung leuweung Amerta. Ku yasana Widura, Pandawa bisa meuntas walungan numpak parahu anu geus disiapkeun ku Widura. Sajeroning meuntas walungan, Pandawa jeung Déwi Kunti ngeclakeun cimata katurih batinna ku Kurawa anu geus téga nandasa ka dulur sagetih. Ka baraya beubeulahan jiwa, teureuh Barata.

Jabang Tutuka
Sanggeus meuntas walungan Gangga, Déwi Kunti Nalibrata anu satia marengan anak-anakna, asup ka leuweung Amerta. Leuweung geledegan, leuweung ganggong simagonggong. Leuweung anu kacatur réa dedemitna, garalak sato-satona. Tara aya mahluk pawayangan, anu ludeung asup ka éta leuweung.
Bima kacida waspadana, sabab remen ngadéngé gangasna leuweung Amerta. Ku kituna, lamun keur kukurubutan di nu bala atawa dina rembetna kakayon, Bima leumpang panghareupna. Basa aya oray sanca sagedé catang kalapa meulit kana awakna, ku Bima diudar beulitanna terus dibubat-babet tepi ka remukna. Kitu deui waktu aya maung badag ngagabrug, ngan sakilat kuku pancanaka Bima niruk beuheung maung nepika paragat nyawana. Leupas tina bahaya sato leuweung, ujug-ujug aya angin puyuh anu gedé kacida. Geuwat Bima ngarawu Déwi Kunti jeung dulur-dulurna. Ku bedasna tanaga Bima, kabéhannana salamet.
Raja Hidimba –Arimba, raja nagri Pringgandani di tengah éta leuweung, nganggap Pandawa jeung Déwi Kunti geus ngotoran katut ngaganggu katingtriman nagri danawa. Harita sang raja raksasa téh méré pancén ka adi awéwéna anu ngaran Hidimbi –Arimbi pikeun maténi Pandawa katut indungna. Arimbi salin jinis jadi putri anu geulis, ngarah teu katohyan niat juligna. Keketeyepan, ngadeukeutan tempat pangreureuhan Pandawa anu keur sararé. Niat julig Arimbi, katohyan ku Bima. Arimbi ngarénjag, dirina teu nyangka aya kénéh nu nyaring. Bolototna panon Bima anu mencrong seukeut ka dirina, ngareunteutkeun niat jahatna. Beuki lila neuteup panon Bima, dirina kacéot kana ulekan asmara. Eta rasa, teu kabendung. Nepi ka lat poho kana pancén ti lanceukna, malah, lali kana sajatining wanoja, luas ngedalkeun kacinta ka satria anu anyar pinanggih. Arimbi andiprek hareupeun Bima, nembrakkeun niat jahat lanceukna anu rék ngagunasika Pandawa. Arimbi ngingetan ka Bima, sangkan ngahudangkeun dulur-dulurna katut indungna. Bima teu ngawaro, manéhna embung ngagareuwahkeun dulur jeung indungna anu keur lalayaran dina sagara impian. Arimbi terus-terusan ngelingan ka Bima, yén Pandawa jeung Déwi Kunti keur didodoho pati ku lanceukna. Dirina baris bébéla ka Bima, asal dirina dipigarwa ku Bima.
Waktu Bima keur gunem catur jeung Arimbi, torojol raja Arimba bari téténjrag jeung sesengor. Ngancam deuk maténi Pandawa, kaasup Arimbi adina sorangan. Pudigdig Bima kahudang amarahna, atuh der waé galungan patutunggalan. Dulur-dulur Bima katut indungna, harudang kagareuwahkeun ku anu keur jogol. Ku rosana tanaga Bima, raja Arimba dibuntang-banting tepi ka awakna remek anu antukna paragat nyawana. Napsu Bima can leler, terus muru Arimbi rék dibinasa. Ngarasa kaancam patina, Arimbi lumpat nyampeurkeun Déwi Kunti Nalibrata, ménta panyalindungan. Waktu rék néwak Arimbi, Déwi Kunti ngahuit Bima. Ngélingan Bima, sangkan teu ngagunasika Arimbi. Sanajan rék dikakaya, rasa cinta Arimbi ka Bima beuki tambah rosa. Dina kaayaan Bima keur kekerot, Arimbi nembrakkeun rasa cintana sarta ménta dikawin. Puguh waé Bima beuki ijid, boro-boro hayang ngawin, anu puguh mah hayang ngajejewét adina raja Arimba éta.
Déwi Kunti Nalibrata ngalelemu haté Bima, ngolo sangkan Bima daék mihukum Arimbi. Sanajan dirina teu suka, ku hormatna ka nu jadi indung, Bima léah haténa, daék ngawin Arimbi. Satuluyna, Déwi Kunti ngusap beungeutna Arimbi. Ku usap leungeun Déwi Kunti, beungeut Arimbi teu balik deui kana jirim aslina. Tetep jadi wanoja anu hadé rupa, lir widadari ti kahyangan.
Tina buah cintana jeung Bima, ti guha garbana Déwi Arimbi medal jabang bayi dina wujud danawa –dina carita wayang golék purwa, wujud putra Bima téh lain danawa tapi mangrupa sinatria anu kasép tur sembada, gagah ngala ka ramana. Lahirna si jabang bayi, dibagéakeun ku sakumna rahayat Pringgandani. Nagri danawa anu aya di tengah leuweung geledegan, ngadadak ramé haneuteun. Ngan hanjakal, kabungah papayung agung nagri Pringgandani jeung Pandawa téh acan sampurna. Patali jeung tali ari-ari si jabang bayi, anu hésé diteukteukna. Taya pakarang pusaka anu bisa mutuskeun tali ari-ari si jabang bayi, kaasup pusaka-pusaka satria Pandawa.
Medalna jabang bayi, sawirahma jeung eundeurna kahyangan. Kawah Candradimuka, ngadadak ngagolak. Parabidadari patingjarerit, paradéwata patingkarocéak. Katambah-tambah deuih, kahyangan kadatangan raja raksasa sang Naga Percona. Kahyangan gunjang-ganjing, diamuk ku Naga Percona. Pangna nguwak-ngawik kahyangan, alatan Naga Percona dikantégan ku paradéwata pédah mikahayang ka Déwi Supraba. Déwi Supraba téh, bidadari pangméncrangna panggeulisna. Eta bidadari, rék dijadikeun praméswari ku Naga Percona. Sedengkeun, Hyang Oti Pati Jagat Nata teu ngidinan raksasa ngajodo jeung mahluk kahyangan.
Nurutkeun eunteung Gambar Lopian –Kaca Trenggana, pusakana Batara Guru alias Hyang Oti Pati Jagat Nata, anu baris meruhkeun Naga Percona téh taya lian nya éta si jabang bayi, putra Bima ti Déwi Arimbi. Patali jeung éta, Batara Guru ngutus Hyang Narada pikeun mawa si jabang bayi ti nagri Pringgandani ka kahyangan bari mawa pusaka Konta pikeun neukteuk tali ari-arina. Anu kabawa ku Narada lain pusaka Konta-na, tapi warangka-na. Sabab pusakana, geus jadi milik Adipati Karna.
Tali ari-ari si jabang bayi, ahirna diteukteuk ku warangka Konta. Warangka Konta geus bisa neukteuk tali ari-ari, ngan kacida ahéngna. Warangka Konta anu dipaké neukteuk ari-ari, ngadadak asup kana bujal si jabang bayi. Eta warangka teu bisa dikaluarkeun deui, ngahiji jeung tali ari-ari anu asup kana jero beuteung si jabang bayi. Di baring supagi, dina perang Barata Yuda, pusaka Konta milik Karna bakal manjing warangka, anu warangkana dina bujal si jabang bayi.
Si jabang bayi anu kakara medal, geus dijagragkeun di hareupeun Naga Percona. Puguh baé, Naga Percona seuri akey-akeyan. Ceuk pamikirna, tong boroning orok beureum, dalah paradéwa ogé geus teu walakaya nyanghareupan dirina. Kari-kari dirina, kudu tarung jeung orok beureum anu kakara beunta. Bari ajrag-ajragan, orok anu aya di hareupeun dirina, ku Naga Percona dirawu rék dikerekeb. Anéh bin ajaib, sang jabang bayi ujug-ujug ngajleng asup kana sungutna Naga Percona. Sang jabang bayi ngabedol elak-elakan Naga Percona, nepi ka Naga Percona ngocéak; ngudupruk; tepi ka perlayana. Sedengkeun, si jabang bayi kaluar tina sungut Naga Percona dina kaayaan beleger teu kua-kieu. Hyang Oti Pati Jagat Nata katut paradéwa, kacida bungahna ningali Naga Percona perlaya. Si jabang bayi ku Hyang Oti Pati Jagat Nata diasupkeun kana kawah Candradimuka, awakna digodog sangkan jadi satria anu sakti mandraguna. Uratna dicampur jeung kawat waja, tulangna dicampur jeung beusi waja. Sang jabang bayi ngajanggélék jadi mahluk anu liat tur teuas kacida, anu moal teurak ku pakarang naon baé. Jabang bayi anu geus digodog di kawah Candradimuka, ku Hyang Oti Pati Jagat Nata dibéré ngaran: Jabang Tutuka; Kancingjaya; Purabaya; jeung Gatotkaca. Satuluyna Gatotkaca dibajuan maké Kré Antakusumah, dimahkutaan ku mahkuta Gelung Supit Hurang. Leungeun Gatotkaca dibeungkeut ku Kilat Bahu Garuda Mungkur.



***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar