Jumat, 26 Desember 2014

Provinsi Munggaran di Indonesia



Mangsa jaman penjajahan Walanda di Nusantara, Jawa Barat téh mangrupa provinsi anu pangmimitina diadegkeun. Provincie Wést Java dibentuk kaping 1 Januari 1926, di-undang-keun dina Staatsblad Nomer 378 ping 14 Agustus 1925. Puseur dayeuh –ibukota provinsi na, di Batavia –Jakarta. Ngawengku: 5 karesidénan; 18 kabupatén; jeung 6 stadsgemeente –kotapraja. Pamaréntahanna dilaksanakeun ku Provincialeraad –Dewan Provinsi, anu dipingpin ku gubernur kalayan dibantu ku College Gedeputeerden –Badan Pemerintah Harian.

Dumasar pakta sajarah, aya tilu titimangsa diadegkeunana Provinsi Jawa Barat. Nya éta: mangsa penjajahan Walanda, kaping 1 Januari 1926; mangsa awal kamerdékaan, kaping 19 Agustus 1945; jeung mangsa Démokrasi Liberal, kaping 14 Juli 1950.
Saméméh taun 1925, digunakeun istilah: Soendalanden –Tatar Soenda/Pasoendan, keur nyebutkeun bagéan Pulo Jawa di Kuloneun Walungan Cilosari jeung Citanduy sarta padumukna lolobana ngagunakeun basa Sunda –sabagé basa indung.
Tatapakan anu digunakeun ku pamaréntah Hindia Walanda pikeun ngabentuk provinsi di Nusantara, dumasar kana: Wet Houdende Decentralisatie van Het Bestuur in Nederlands-Indie –disingget: Decentralisatie Wet, anu mangrupa undang-undang ngeunaan desentralisasi atanapi otonomi daérah jaman Walanda. Decentralisatie Wet diundangkeun ping 23 Juli 1903 –dipublikasikeun ngaliwatan Nederlandsche Staatsblad No. 329, mangrupa amandemen ti Regeringsreglement 1854 –RR 1854. Nga-amandemen Regeringsreglement 1854 téh, kucara nambahkeun tilu pasal anyar anu disisipkeun diantara pasal 68 jeung pasal 69 RR 1854 –nya éta: Pasal 68a; 68b; jeung Pasal 68c. Ku ayana tilu pasal anyar éta, diharepkeun réorganisasi pamaréntahan keur ngawujudkeun desentralisasi administratif di daérah-daérah, bakal bisa dilaksanakeun.
Kabupaten/Kota di Provinsi Jawa Barat

Provincie Wést Java
Pamaréntah Hindia Walanda henteu kitu waé ngadegkeun Provincie Wést Java –Provinsi Jawa Barat téh, tapi dirarancang heula anu leuwih gemet tur taliti. Ti taun 1903, ngabentuk heula Lokcale Raden –Déwan Lokal. Laju dina taun 1922, pamaréntah Walanda ngaluarkeun Besttuur shervormingswet –Undang-Undang Perubahan Pemerintahan. Kitu deui keur ngatur ngeunaan dibagi-bagina daerah otonom, nya dina taun 1924, ngaluarkeun deui Regentschap Ordonnantie. Ari keur sistim pamaréntahanana –pamaréntah otonom, dikaluarkeun Stadsgementee Ordonnantie taun 1926.
Dumasar titincakanana undang-undang jeung peraturan anu di luhur éta, di Pulo Jawa, Pamaréntah Hindia Walanda ngabentuk: 3 provinsi; 72 kabupatén; jeung 19 kotapraja. Anu munggaran dibentuk, nya éta: Provincie Wést Java dina kaping 1 Januari 1926. Provinsi ieu mangrupakeun hasil ngaleburna opat karesidénan heubeul, nya éta: Karesidénan Bantam –Banten; Karesidénan Batavia –Jakarta; Karesidénan Préanger –Priangan; jeung Karesidénan Cheribon –Cirebon. Anu saterusna, ngabawahan 9 nieuwe afdelingen –ogé sering disebat: residentie nieuwe stijl kalayan 18 otonome ontvoogde regentschappen. Tilu taun satutas ngabentuk Provincie Wést Java, Provincie Oost Java –Provinsi Jawa Timur resmi diadegkeun ping 1 Januari 1929. Heuleut sataun ti dinya, Provincie Midden Java –Provinsi Jawa Tengah diadegkeun ping 1 Januari 1930. Dibentukna tilu provinsi ieu, henteu leupas ti yasana: de Graff –Direktur Binnenlandsch Bestuur di Batavia.
Gubernur munggaran Provincie West Java jaman Walanda, dicangking ku: WP. Hillen. Waktu Nusantara dicekel ku Jepang –mimiti 9 Maret 1942, kalungguhan gubernur munggaran Jawa Barat jaman Jepang dicangking ku: Kolonel Matsui. Wakil Gubernurna, dicangking ku: Pandu Suryaningrat –jaman Jepang dibentuk pos anyar, nya éta: pembantu wakil gubernur, dicangking ku: Atik Suardi.

Proklamasi
Kakawasaan Jepang di Nusantara, ngan saukur tilu satengah taun. Kaping 15 Agustus 1945, Jepang serah-bongkokkan ka Sekutu. Dumasar dongsokan ti parapamuda, Soekarno-Hatta ngaproklamasikeun Indonesia jadi nagara merdéka, ping 17 Agustus 1945 –poé Juma’ah, meneran bulan Puasa. Isukna –18 Agustus 1945, Panitia Persiapan Kemerdékaan Indonesia ngayakeun sidang munggaran, anu hasil netepkeun: Undang-Undang Dasar 1945 jadi UUD nagara RI; Ir. Soekarno – Drs. Moh. Hatta diangkat jadi présidén jeung wakil présidén; jeung ngabentuk Panitia Kecil anu diketuaan ku R. Oto Iskandar Dinata pikeun nyusun rarancang ngeunaan “naon waé anu perlu gancang-gancang dipilampah ku nagara RI”.
Dina sidang PPKI anu kadua –19 Agustus 1945, keur ngajalankeun pamaréntahan di daérah, PPKI ngabentuk 8 provinsi, nya éta: Provinsi Jawa Barat; Jawa Tengah; Jawa Timur; Sumatera; Bornéo –Kalimantan; Sulawesi; Maluku; jeung Provinsi Sunda Kecil –anu ngawengku Pulo Bali jeung Kapuloan Nusa Tenggara.
Kalungguhan Gubernur Jawa Barat munggaran, mangsa awal kamerdékaan, dicangking ku: Mr. R. Sutardjo Kartohadikusumo –anu mangsa jaman Jepang, anjeunna jadi Residén Jakarta. Puseur dayeuh Provinsi Jawa Barat, di Jakarta. Tapi, ti mimiti bulan Séptémber 1945, puseur dayeuhna dipindahkeun ka Bandung –Jakarta, angger jadi karesidénan, mangrupa bagéan ti Provinsi Jawa Barat. Kituna téh kulantaran lalampahan nagara urang, henteu bisa lungsur-langsar. Walanda –bari ngamangpaatkeun tentara Sekutu, hayang deui ngawasa Nusantara.

Démokrasi Liberal
Kaping 10 Fébruari 1946, dina gempungan antara Walanda jeung pihak RI, Wakil Gubernur Jéndral Walanda –Dr. HJ. van Mook ngasongkeun pamikiran “dibentukna nagara federal”. Indonésia kudu dijadikeun nagara persemakmuran anu bentukna federasi, kalayan sistim pamaréntahanana dikadalian ku Karajaan Walanda. Atuh Provinsi Jawa Barat ngajanggélék jadi: Nagara Pasundan, anu diproklamasikeun ku Suria Kartalegawa dina kaping 11 Novémber 1946 –ngan ditentang ku sakumna masarakat Jawa Barat, nepi ka pamaréntahanana bubar. Pikeun ngabentuk deui pamaréntahan di Jawa Barat, lumangsung “Konférénsi Jawa Barat” di Bandung. Tilu kali diayakeunna, nya éta: kaping 13 dugi ka 18 Oktober 1947; ping 16 dugi ka 20 Désémber 1947; jeung ping 26 Fébruari 1948. Hasilna: kaping 2 Maret 1948, dibentuk: Nagara Pasundanasalna mah, ngaranna: Nagara Jawa Barat.
Sanggeus Pamaréntahan Walanda ngalaksanakeun “penyerahan kedaulatan” ka Républik Indonésia Serikat kaping 27 Désémber 1949, mimiti karasa yén nagara federal téh teu sesuai jeung bangsa Indonésia. Antukna, dina sidang parlemen Nagara Pasundan –kaping 8 Maret 1950, tur diluuhan ku 159 utusan ti kabupatén-kabupatén anu aya di Jawa Barat, kalayan sapuk-samiuk, Nagara Pasundan asup deui ngalebur ka wilayah Républik Indonésia. Éta putusan parlemen Nagara Pasundan, disaluyuan ku pamaréntah RIS ngaliwatan SK. Nomer 113, kaping 11 Maret 1950. Ahirna, RIS bubar dina kaping 17 Agustus 1950 –jadi: Negara Kesatuan Républik Indonésia.
Bubarna Nagara Pasundan jeung Républik Indonésia Serikat, ngalantarankeun perluna ngadegkeun deui Provinsi Jawa Barat. Pamaréntah pusat ngaliwatan UU Nomer 11 taun 1950, kaping 14 Juli 1950, ngabentuk Provinsi Jawa Barat –dikuatkeun ku Peraturan Pemerintah Nomor 31 Tahun 1950. Ieu undang-undang jeung peraturan pamaréntah téh, mimiti dipaké –berlaku ti ngawitan kaping 15 Agustus 1950.
Kiwari, Provinsi Jawa Barat téh wewengkonna ngaheureutan –tinggal urut karesidénan Cirebon jeung Priangan, anu ngawengku 17 kabupatén jeung 9 kota. Jakarta jeung Banten, geus misah ti Provinsi Jawa Barat. Malah mun disaluyuan mah, bakal kacocéng deui ku Cirebon.


***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar