Rabu, 24 Desember 2014

Sunda, antara Seriwijaya jeung Majapait



Ieu tulisan, sabenerna mah ngan keur ngagampilkeun nangkep gambaran luarna. Sok sanajan kitu, muga-muga baé naon anu dipidangkeun bisa méré babandingan ngeunaan panulisan anu teu sajalan jeung kanyataan. Malah mandar bisa dijadikeun pikeun ayana panalungtikan ulang, keur manggihkeun bebeneran.
National Geographic Indonesia, edisi September 2012.

Interpretasi Kaleuleuwihi
Mr. Mohammad Yamin dina “Sumpah Indonesia Raya”, ngécéskeun: yén ka-Nusantaraan ieu téh ngawujud mangrupa produk tina sumpah anu tilu: KAHIJI, Sumpah Bukit Siguntang, taun 683, ngalahirkeun Karajaan Buddha Seriwijaya anu umurna nepi ka abad ka-13. Karajaan ieu téh kuat, bari jaya. KADUA, Sumpah Bukit Pananggungan, taun 1331, ku Patih Gajah Mada, ngalahirkeun Karajaan Hindu Majapait anu umurna nepi ka taun 1525. Sinar Karajaan Hindu Majapait, sumirat ka sakuliah Nusantara. KATILU, Sumpah Indonesia Raya, 28 Oktober 1928 di Jakarta, ngalahirkeun Negara Proklamasi 17 Agustus 1945, nurutkeun harepan jeung purwarasa, Republik Indonesia baris kekal-abadi.
Di luhur tadi, Mr. Moh. Yamin méré interpretasi anu kaleuleuwihi kana situasi jaman Karajaan Buddha Seriwijaya katut Karajaan Hindu Majapait. Seriwijaya, dipuji-puji salaku karajaan anu kuat jeung jaya. Kitu deui Majapait, sinarna sumirat ka sakuliah Nusantara. Atuh dina buku-buku palajaran di sakola, ditulisna: mangsa Seriwijaya disebut Negara Nasional Indonesia I; mangsa Majapait disebut Negara Nasional Indonesia II; jeung mangsa Proklamasi 17 Agustus 1945 disebut Negara Nasional Indonesia III.
Sakolébat pisan –lamun ku urang diimpleng mah, gedé pisan kasalahan analisis Mr. Moh. Yamin téh. Anéh pisan ogé deuih, lamun Candi Buddha Borobudur di Jawa Tengah anu “nyata”, bet kajadianana téh henteu ku lantaran ayana sumpah. Tapi, Seriwijaya –anu masih jadi paguneman catur kénéh titinggalna, diajén “kongkrit” ku Moh. Yamin mah. Seriwijaya anu teu puguh juntrunganana, leuwih écés batan sugrining paninggalan sajarah anu lainna.
Kitu deui sanggeus ilang-sirnana Karajaan Hindu Majapait taun 1478 –ku Moh. Yamin dituliskeun 1525, anjeunna leuwih mampuh mireungeuh titinggal kaca-kacana –gapura Karajaan Hindu Majapait, anu ngan hiji-hijina, bari teu sampurna, salaku monumén agung jeung diajén nga-Nusantara.
Kapuloan Sunda Besar: Jawa, Sumatra, Kalimantan.
 
Kapuloan Sunda Kecil: Bali, NTB, NTT.
Mitos
Karajaan Buddha Seriwijaya jeung Karajaan Hindu Majapait, leuwih kaangkat sajarahna batan karajaan jeung kamekaran sajarah séjénna di Jawa Barat. Ditembongkeun dina wangun analisisna, yén Sunda mah: “teu kungsi nga-Nusantara”.
Sacara jujur, lamun téa mah Karajaan Buddha Seriwijaya jeung Karajaan Hindu Majapait “kungsi” nga-Nusantara, pasti aya urutna –boh ngaran supitan (selat), sagara (laut), teluk, atawa nu séjénna deui. Kanyataanana, di sakurilingeun éta anu dua karajaan téh, teu aya urut ngaran-ngaranna acan. Sakadar conto, di Sumatra teu aya selat anu dibéré ngaran Seriwijaya. Mana komo deuih kapastian kadudukan Seriwijaya di Palembang mah, masih kénéh mangrupa “hipotesa”. Naha bener, Seriwijaya nga-Nusantara ?. Kitu deui di Jawa Timur, apanan teu aya ngaran Selat Majapait. Boh antara Banyuwangi (Jatim) jeung Gilimanuk (Bali), disebutna téh: Selat Bali. Antara Surabaya (Jatim) jeung Kamal (Madura), disebut: Selat Madura. Lamun kanyataanana kitu, kawasna mah bener anu dicaritakeun ku Prof.Dr. Sukmono, yén Karajaan Hindu Majapait téh nga-Nusantara, ngan ukur mitos –lantaran pangaruhna sa Jawa Timur waé, teu kungsi nepi ka sisi-sisi basisirna. Méh sanada jeung Sukmono, Hasan Djafar –ahli arkéologi; épigrafi; jeung sajarah kuno nyebutkeun yén wilayah Majapait mah di Pulo Jawa –éta ogé ngan saukur di Jawa Timur jeung Jawa Tengah wungkul.
Sabalikna, Sunda. Sacara écés-témbrés, jadi ngaran sakumna kapuloan Indonesia –Sunda Besar jeung Sunda Kecil. Sunda Besar ngawengku kapuloan anu baradag di Indonesia, kaya-kayaning: Pulo Jawa; Sumatra; jeung Pulo Kalimantan –nepi ka dasar lautna ogé maké ngaran Sunda, nya éta: Paparan/Dangkalan Sunda. Kitu deui Sunda Kecil, ngawengku kapuloan anu laleutik di Indonesia –Pulo Bali; Kapuloan Nusa Tenggara Barat; jeung Kapuloan Nusa Tenggara Timur. Ngaran selat ogé, nepi ka kiwari masih aya. Laut leutik antara Pulo Jawa jeung Pulo Sumatra, di ngaranan: Selat Sunda. Ngaran-ngaran éta téh dituturkeun deui ku ngaran “ujung” –sabagé ngaran ti Sunda, saperti: Ujung Kulon (Banten); Ujung Galuh (Surabaya Jatim); jeung Ujung Pandang (Makassar Sulsel).
Ku naon sanggeus ayana bukti-bukti ieu, Sunda teu disebut nga-Nusatara ? Panulisan anu disebut di luhur tadi, mangrupa salahsahiji tina sakitu lobana tulisan sajarah, anu teu luyu jeung kanyataan fakta sajarahna.

Mitreka Satata
Numutkeun Nagarakertagama –Kakawin Nagarakrtagama, Karajaan Hindu Majapait ngabogaan tradisi ngayakeun hajat rongkah unggal taun. Sakabéh panguasa karajaan Nusantara diondang, kalayan sok aya anu méré hadiah ka raja Majapait. Tapi, hadiah-hadiah anu dibikeun ka raja Majapait téh lain upeti –lain tanda taluk saolah-olah jadi karajaan jajahan Majapait. Hadiah-hadiah ti panguasa Nusantara, ngan saukur timbang kadeudeuh ti mitréka satata –mitra anu sajajar jeung Majapait. Jadi, Nusantara –kaasup Majapait, mangrupa “koalisi” antara karajaan-karajaan anu gawé bareng kalayan rancagé keur kapentingan maranehanana dina urusan perdagangan jeung kaamanan. Maranehanana gawé bareng, jadi Mitréka Satata –mitra satata. Munasabah atuh lamun salahsahiji mitra satata ieu ngabogaan hajat, anu lainna méré hadiah. Nanging dugi ka danget ieu, masih aya tafsir yén karajaan-karajaan Nusantara, tiap taunna “méré upeti” ka Majapait. Naha atuh bet kitu ?
Bisa jadi, kagémbang ku Moh. Yamin anu ngagunakeun “Gagasan Nusantara”, sabagé bentuk Negara Kesatuan Republik Indonesia. Tulisan Moh. Yamin dina buku “Gajah Mada, Pahlawan Persatuan Nusantara” –diterbitkeun taun 1945 jeung dicetak ulang welasan kali, ngagambarkeun épos kapahlawanan Gajah Mada salaku Mahapatih Majapahit. Dina buku ieu ogé, Moh. Yamin mintonkeun foto térakota anu ngagambarkeun wujud lalaki anu pipina kembu jeung biwirna kandel. Di handapeun foto, Moh. Yamin kalayan kayakinan élmu firasatna, nulis: “Gajah Mada… rupanya penuh dengan kegiatan yang maha tangkas dan air mukanya menyinarkan keberanian seorang ahli politik yang berpandangan jauh”. Buku Moh. Yamin ieu –kalayan teu sadar, geus jadi panutan ti mimiti sakola-sakola dasar di Indonesia nepi ka lembaga pamaréntah. Kiwari, patung lalaki anu awakna gempal jeung beungeutna jiga dina buku Moh. Yamin, ngajengléng di buruan Markas Besar Kepolisian Republik Indonesia (Kebayoran Baru). Hal ieu, ceuk Hasan Djafar, mangrupakeun: “skandal ilmiah dina sajarah”. Dina lampiran buku na, Moh. Yamin, aya peta wilayah Indonesia –ngawengku: ti Sabang nepi ka Merauké, ti Timor nepi ka Talaud, kalayan maké judul peta: Daerah Nusantara dalam Keradjaan Madjapahit.

Kakawin Pujasastra
Nagarakertagama anu ditulis dina taun 1365, mimiti dipanggihkeun deui ku Dr.J.L.A. Brandes –élmuwan Walanda waktu marengan ékspédisi KNIL di Lombok taun 1894. Nya inyana pisan anu nyalametkeun eusi perpustakaan Raja Lombok di Cakranagara –ratusan naskah lontar, saméméh karaton sang raja rék diduruk ku tentara KNIL. Ngaran Nagarakertagama, justru euweuh réngkolna dina ieu kakawin téh. Ngaranna kapanggih dina kolofon terbitan Dr. JLA. Brandes, anu nuliskeun: “Iti Nagarakretagama Samapta”. Nagarakertagama disalin kalayan maké hurup Bali di Kancana, dina bulan Aswina taun Saka 1287 (bulan Séptémber-Oktober 1365 Maséhi). Anu nulisna maké sandiasma –ngaran samaran, Prapanca. Sandiasma ieu dipaké pikeun nyamunikeun jati diri anu sabenerna, ti bujangga anu ngarang ieu sastra. Dina hasil panalungtikan kasajarahan, kapanggih yén anu nulisna téh: Dang Acarya Nadendra –dugi ka danget kiwari, umumna anu dikanyahokeun téh bujangga Mpu Prapanca anu nulis Nagarakertagama téh. Ieu kakawin téh sipatna “pujasastra”, anu hartina: karya sastra anu nga-agung-agung Raja Majapait –Hayam Wuruk, katut miagul kawibawaan Karajaan Majapait. Hal-hal anu jadi panyawadan tur dianggap “kurang hadé” kana kawibawaan raja katut karajaan, teu ditulis. Éta sababna, kajadian “Pasundan Bubat” teu disebut-sebut dina Nagarakertagama. Kulantaran Pasundan Bubat, ngajaheutkeun manah Hayam Wuruk –dianggap bakal ngurangan kawibawaan raja katut karajaan. Kusabab sipatna pujasastra téa, Nagarakertagama ku sababaraha kalangan dianggap “henteu nétral”.
Nagarakretagama –nagara kalayan tradisi/agama anu suci, disimpen di Perpustakaan Universitas Leiden Walanda jeung dibéré nomer kode: L Or 5.023. Basa Ratu Juliana datang ka Indonesia dina taun 1973, naskah ieu dipasrahkeun ka pamaréntahan Républik Indonesia. Kiwari, naskah Kakawin Nagarakrtagama disimpen di Perpustakaan Nasional RI kalayan dibéré kode: NB 9.


***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar