Selasa, 13 Januari 2015

Bioskop Kaleng Biskuit



Gedong Bioskop Majestic anu perenahna di Jalan Braga Bandung, katelahna: Blikken Trammel Bioscoop, hartina: Bioskop Kaléng Timah atawa Bioskop Kaléng Biskuit, kulantaran ciri has wangunanna anu siga kaléng biskuit. Majestic jeung Elita téh jadi saksi bisu minangka bioskop anu midangkeun pilem munggaran karya pribumi di ahir taun 1926, nya éta: pilem Loetoeng Kasaroeng. Pilem Loetoeng Kasaroeng, teu leupas ti yasana RAA. Wiranatakoesoemah V (Dalem Haji). Munasabah atuh upami anjeunna téh, jadi: Perintis Film Cerita Pertama Indonesia. Kaping 30 Maret 1950, H. Usmar Ismail ngadegkeun NV Perfini. Ti mimiti pausahaan pilem; waragad produksi pilem; nepi ka anu ngagarap pilem, kabéh ogé urang pribumi. Antukna, Présidén BJ. Habibie, ngaluarkeun SK Présidén Nomer 25 tanggal 29 Maret 1999, anu netepkeun tanggal 30 Maret, jadi: Hari Film Nasional.
Bioskop Kaleng Timah - Kaleng Biskuit

Concordia Bioscoop
Kawasan Braga anu jadi puseur pertokoan élit Éropa mangsa taun 1920-an, beuki tambah dipasieup deui ku ngadegna Concordia Bioscoop –Bioskop Majestic taun 1925. Harita, bioskop téh jadi tempat hiburan anu populér di kalangan menéér-menéér Walanda. Ieu bioskop meunang yasana arsiték CP. Wolff Schoemaker –ti biro arsiték Technisch Bureau Soenda, ngagunakeun gaya Indo Europeeschen Architectuur Stijl –gaya anu ngadumaniskeun élémén-élémén arsitéktur tradisional jeung téhnik konstruksi modern. Katémbong dina seni ukiran katut ornamén barong, anu aya di hareup. Bentuk wangunan diwengku ku garis-garis vértikal tur horizontal anu sarérétan mah, bentukna téh bet siga kaléng biskuit.
Mangsa harita, pilem anu dipidangkeun téh mangrupa pilem-pilem pégo –film bisu. Promosi pilem dilakonan ku cara tumpak délman, mapay-mapay sabudeureun kota –bari mamawa poster pilem jeung ngabagikeun pamflet. Anu arék lalajo, kudu maké pakéan rapih. Tempat diukna ogé diatur, lalaki jeung awéwé dipisah dina jajaran nu béda. Pihak bioskop sok midangkeun orkés mini katut komentator, keur marengan pilem-pilem pégo jeung pireu mangsa harita. Pilem anu ngageunjleungkeun “Loetoeng Kasaroeng”, diputer munggaran di Concordia Bioscoop –Bragaweg jeung Elita Bioscoop –Alun-alun Bandung, saminggu campleng –ti 31 Désémber 1926 tepi ka 6 Januari 1927. Anu nongton, teu weléh ngantri.
Ngaran bioskop, geus sababaraha kali ganti. Munggaran mah: Concordia Bioscoop, tuluy: Oriéntal Bioscoop; Bioskop Déwi; jeung Bioskop Majestic. Ieu bioskop ngalaman kajayaan tepi ka mangsa kamerdékaan, mingkin ngetop dina taun 1970-an –luyu jeung mekarna dunya pilem Indonesia. Ngan dina taun 1980-an, dangiang Majestic beuki nyirorot –alatan ngadegna sinepleks atawa bioskop modern. Taun 2002, Majestic dirévitalisasi jadi gedong pertemuan –ngaranna robah, jadi: Asia Afrika Cultural Centre. Ahirna, ti taun 2010, ngaranna jadi: New Majestic tur dikokolakeun ku Dinas Kebudayaan dan Pariwisata Jawa Barat.
Elita Bioscoop di Alun-alun Bandung.
Pamflet Pilem Loetoeng Kasaroeng
Lutung Kasarung

Loetoeng Kasaroeng, Pilem Munggaran Indonesia
G. Krugers, 1928.
Bandung, boga peran anu kacida pentingna dina “marajian” jeung mekarkeun pilem Indonesia. Pilem carita di Indonesia téh, medal munggaran di Bandung taun 1926. Carita anu diangkatna ogé dumasar kana carita rayat Sunda: Loetoeng Kasaroeng –Lutung Kasarung, The Mystical Monkey. Parapamaénna, urang pribumi. Diproduksina di Bandung ku Java Film Company –pingpinan G. Krugers jeung L. Heuveldorf. Disutradaraan ku urang Walanda: G. Krugers jeung L. Heuveldorf. Anu ngawaragadan –ogé kapeto jadi sinématograf jeung éditorna: RAA. Wiranatakoesoemah V. Sanggeus milemkeun Loetoeng Kasaroeng, tuluy dina taun 1927 JFC ogé ngangkat novel Sunda “Eulis Atjih” –yasana Joehana jadi pilem. Laju taun 1930, sanggeus G. Krugers ngadegkeun pilem sorangan –anu dingaranan: Krugers Filmbedriff, inyana ogé milemkeun novel Sunda yasana Joehana jeung Soekria, nya éta: Karnadi Anemer Bangkong –Karnadi the Frog Contractor. Laju, dina taun 1932, milemkeun: Njai Dasima. G. Krugers téh Indo-Walanda asal Bandung anu jadi adi mantuna “raja bioskop Bandung” Buse. Sedengkeun L. Heuveldorf, saméméhna geus pangalaman dina widang penyutradaraan di Amérika.
Anu mokalan pikeun ngagarap Loetoeng Kasaroeng, taya lian ti Bupati Bandung mangsa harita, nya éta: RAA. Wiranatakoesoemah V –anu katelah: Dalem Haji. Ti keur jeneng kénéh jadi bupati di Cianjur –taun 1912 dugi 1920, anjeunna mikalandep tur mikareureus kana seni budaya Sunda –utamana: tembang Sunda Cianjuran. Atuh basa dileler jadi dalem di Bandung, Cianjuran téh diwariskeun ka urang Bandung. Kitu deui kana kasenian Sunda lianna, ku Dalem Haji dijeujeuhkeun pisan. Lain ngan sakadar dina widang kasenian wungkul, dalah dina pamaréntahan ogé peran Dalem Haji téh diaku nepi ka tingkat nasional –hanjakal, lantaran patula-patalina jeung ngadegna Nagara Pasundan mangsa harita, jenengan RAA. Wiranatakoesoemah V, jadi kalimpudan ku ‘halimun’ sajarah, anu tacan pati jéntré. Saméméh diangkat jadi pilem, taun 1921, Dalem Haji magelarkeun drama modern Sunda dina lalakon: Toonel Loetoeng Kasaroeng. Drama anu di sutradaraan ku RTA Soenarja téh –dipagelarkeun dina Kongres Java Instituut, digarap kalayan kolosal dina panggung raksasa hareupeun pendopo kabupatén tur dilalajoan ku rébuan jalma. Teu saukur kitu, waktu Krugers jeung Heuveldorf boga rarancang rék ngagarap pilem Loetoeng Kasaroeng, Dalem Haji sadia pikeun ngawaragadanna. Sakabéh pamaénna, warga pribumi –parapriyayi, utamana dulur-dulur jeung paraputra Dalem Haji ku anjeun. Anu dipercaya pikeun milih pamaén jeung ngalatih gerak katut aktingna, nya éta: Radén Kartabrata –guru kapala. Ketak RAA. Wiranatakoesoemah V –Dalem Haji kawas kitu, jadi kareueus balaréa. Munasabah atuh upami anjeunna téh, jadi: Perintis Film Cerita Pertama Indonesia.
Loetoeng Kasaroeng téh mangrupa carita pantun Sunda anu kacida populérna –malah ku sawatara pihak mah dianggap sakral, lain ngan sakadar carita biasa. Ieu carita ngalalakonkeun Guruminda –urang Kahiyangan anu salin rupa jadi Lutung, turun ka bumi pikeun néangan pipamajikaneun. Tuluy ngajodo jeung Purbasari, wanoja urang Pasirbatang anu keur nandangan tunggara lantaran dikaniaya ku lanceuk-lanceukna. Carita pantun Sunda Loetoeng Kasaroeng dina abad ka-19 kungsi dicatet ku Argasasmita –Mantri Kundang Kopi Kawunglarang, anu saterusna dipublikasikeun ku CM. Pleijte dina VBG LVIII taun 1910.
Koran De Locomotief, pedalan Agustus 1926, ngungkabkeun: “Pemain-pemain pribumi dipilih dengan seksama dari golongan priayi yang berpendidikan. Pengambilan film dilakukan disuatu tempat yang dipilih dengan cermat, kira-kira dua kilometer sebelah Barat Kota Padalarang”. Kitu deui dina édisi Séptémber 1926, nulis: “Inilah film yang merupakan tonggak pertama dalam industri sinema Hindia sendiri, patut disambut dengan penuh perhatian”.
H. Usmar Ismail syuting "Moch. Toha Pahlawan Bandung Selatan", di Stasion KA Garut - th 1962.
Kaping 30 Maret 1950, H. Usmar Ismail ngadegkeun NV Perfini –Perusahaan Film Nasional Indonesia. Tujuanna: hayang nembongkeun kamampuh pribumi dina ngagarap produksi pilem. Ti mimiti pausahaan pilem; waragad produksi pilem; nepi ka anu ngagarap pilem, kabéh ogé urang pribumi. Saméméhna mah, produksi pilem téh apanan dikawasa ku urang Walanda jeung Cina. Pilem munggaran Perfini: Darah dan Do’a –The Long March of Siliwangi. Sutradarana: Usmar Ismail, anu nulis skénariona: penyair Sitor Situmorang, ari pamaén utamana: Del Yuzar. Pilem Darah dan Do’a, nyaritakeun hijrahna Pasukan Siliwangi ti Jawa Barat ka Jogja, sarta mulang deui ti Jogja ka Jawa Barat. Séting utamana, nyaritakeun mangsa Pasukan Siliwangi mulang deui ka Jawa Barat. Sababaraha kali tokoh pilem ngusulkeun, malar tanggal 30 Maret dijadikeun Hari Film Nasional. Karék laksana jaman Présidén BJ. Habibie, anu ngaluarkeun SK Présidén No.25 tanggal 29 Maret 1999, anu netepkeun tanggal 30 Maret, jadi: Hari Film Nasional.
Aktor Garut Arman Effendi di lokasi syuting, Garut.


***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar