Jumat, 01 April 2016

Hampura Simkuring



Budaya, cicirén hiji bangsa. Leungit budayana, bakal leungit ogé bangsana. Teu béda jeung “Kulonuwun” tina budaya Jawa atanapi “Horas” ceuk urang Batak, kecap “Sampurasun” dina budaya Sunda mibanda beuti harti: kudu silih-ajénan. Islam jeung Sunda, diucapkeunana ogé dina tarikan napas anu sarua. Taya pagedrug antara ajaran Islam jeung Sunda, iwal ti aya anu ngagedrugkeunana mah.

Etimologi
Kecap “sampurasun” mimitina diucapkeun ku nu rék nyémah atawa ku anu rék natamu. Hareupeun panto, anu rék nyémah téh sok ngucapkeun: Sampurasun !. Nu boga imah, biasana sok ngajawab: Rampés !. Ka béh dieu-eun, kecap sampurasun dipaké bubuka dina pidato –boh basa Sunda atawa pidatona maké basa Malayu. Diucapkeunana, sanggeus awéh salam –assalamu’alaikum warohmatulloh wa barokatuh. Ku kituna, di Tatar Sunda, bubuka pidato téh aya dua ucapan, nya éta: salam jeung sampurasun.
Aya anu nyebutkeun kecap “sampurasun” téh, asalna tina kalimah: sampurna ning ingsun –hartina: sampurnakeun diri urang. Ngan tina jihad élmu pangaweruh, éta kalimah téh tacan kapanggih jujutanana –leuwih deukeut kana: kirata (dikira-kira sangkan nyata). Atuh, ti mana asalna kecap sampurasun ?
Dina Kamus Umum Basa Sunda anu dikaluarkeun ku Lembaga Basa & Sastra Sunda, kecap sampurasun téh hartina: punten atawa pangapunten, ucapan nu rék nyémah. Numutkeun kamus basa Jawa Kuna-Inggris anu disusun ku Zoetmulder –Old Javanese English Dictionary, kapanggih entri: sampura; sampuri; sinampura; jeung sinampuri. Sedengkeun dina kamus Kawi-Indonesia susunan Prof Dr S Wojowasito, nétélakeun yén entri “sampura” téh hartina: dimaafkan, diampuni –mun dina basa Sunda mah: dihapunten, dihampura. Ngan di masarakat Sunda mah, kecap sampura téh ditambahan “sun”, jadi: sampurasun. Sedengkeun “sun” atawa “ingsun” dina kamus Kawi-Indonesia, hartina: saya –abdi; simkuring (kecap ganti munggaran). Ku kituna, tina jihad étimologi –asal-usul kecap, sampurasun téh tina kecap: “sampura sun” atawa “sampura ingsun” –hartina: hampura simkuring.
Najan enya tina basa Kawi, tapi sampurasun geus jadi salahsahiji jati diri urang Sunda. Kecap sampurasun mangrupa tanda pangakuan, yén nu ngaranna jalma mah, teu lesot tina kaluluputan jeung kasalahan. Ku kituna, bisi ngabaribinan pribumi atawa ngaganggu, anu rek nyemah téh miheulaan ku: ménta dihampura. Kitu deui pribumi, sémah anu sampurasun téh dijawab: rampés –hartina: mangga; sami-sami ngahampura. Cindekna, silih-hampura ngaliwatan sampurasun-rampés, nadeskeun yén budaya Sunda téh “mutiara budaya” anu euyeub ku: norma; étika; jeung tatakrama anu luhung ajénna. Teu pabéntar jeung agama katut darigama.

Tatakrama
Kecap sampurasun, mangrupakeun banda budaya “maha-karya” karuhun Sunda. Banda budaya, lain pusaka, tapi mangrupa pakakas pikeun nyampurnakeun perangkat hirup lahir jeung batin. Banda budaya ogé, lain kudu dipuja didama-dama, tapi kudu dipulasara –sabab di jerona, euyeub ku ajén-inajén luhur. Sampurasun, hiji ungkara sangkan dina ngalaksanakeun pagawéan, leuwih ti heula kudu nyucikeun diri jeung ngaberesihan rereged késang dunya anu nyangkaruk dina diri.
Unggal sélér bangsa, geus tangtu mibanda budaya anu khas. Tina budaya, aya tutungkusan anu euyeub ku ajén-inajén titinggal ti luluhur atawa karuhunna. Tutungkusan atawa tali-paranti ti karuhun Sunda ieu, diwadahan dina waruga budaya jeung dibungkus ku silib tur siloka. Budaya dijadikeun “pager” -na kapribadian, keur pamageuh adeg-adeg jeung jadi alat pikeun ngalemeskeun budi. Salahsahiji dina budi pekerti, nya ilaharna sok disebut: tatakrama.
Tatakrama rék nyemah atawa rék pidato –najan ka anu karék panggih ku ménta dihampura heula, éta téh mangrupakeun tanda pangakuan: yén anu ngaran jalma mah, teu lésot tina kaluluputan. Sabenerna, ménta dihampura ka sasama, perlu rajeun dipilampah. Sangkan –boh salila hirup, boh sabada ninggalkeun alam ramé urang Sunda, teu kabeungbeuratan ku dosa atawa kasalahan ka papadana.

***

1 komentar:

  1. Nyungkeun widi, ku abdi disumebarkeun ieu elmu, ka dulur tur baraya kuring

    BalasHapus