Kamis, 09 Juli 2015

Nitenan Lirik Lagu Sunda



Upami niténan lirik atanapi rumpaka nu sok diaranggo dina lagu-lagu kawih, sanaos henteu seueur, nanging aya hal-hal anu matak “ngahudang kapanasaran”. Aya kecap atanapi ungkara, nu sesah ngahartoskeunana. Kaéndahan hiji lagu, bakal langkung karaos upami dikiatan ku lirik. Ngajiwaan lagu ogé kedah disarengan ku ngajiwaan lirik-na, margi lirik sareng lagu téh sasat teu tiasa dipisahkeun, kedah gumulung ngahiji. Dupi ngajiwaan lirik atanapi rumpaka, tangtosna ogé upami kekecapan nu aya dina lirik téh, tétés sareng teges hartosna.

Sateuacanna simkuring seja tamada, wiréh ieu pedaran téh tangtos seueur kakirang –tetebiheun tina sampurna mah. Conto kasus-na éstuning basajan pisan, kadar dipilihan tina lirik atawa rumpaka lagu nu sok kakuping sadidinten. Ambahanana rumaos heureut teuing, henteu kabujeng niténan lirik atanapi rumpaka lagu jaman kapungkur. Nya kitu deui perkawis sistematika sareng métoda-na, tebih tina nyugemakeun. Teusing nganggo métoda anu harib-harib ilmiah, mung nganggo métoda maca –sakadar kénging bucu-baca, tansah tawakupna. Nanging sok sanaos kitu, mugi-mugi ieu “pedaran goang” téh, mamanawian aya mangpaatna –sakirang-kirangna bahan émutaneun sugri anu aya patalina sareng sabudeureun lirik atanapi rumpaka lagu-lagu Sunda.

Wawacan jeung Guguritan
Sadayana sami uninga wiréh anu disebat wawacan téh, nya éta: karya sastra anu mangrupi “carios panjang anu dikarang nganggo wangunan pupuh”. Ku margi carita, atuh tangtos anu dipentingkeunana ogé nya éta perkawis “lalakon” na. Sakaterang mah, wawacan téh dikarangna ku para-ahli basa. Ku margi kitu, atuh munasabah upami basana ogé basa anu “nyakola”. Jabi ti éta, parapangarangna ogé kalintang pengkuhna kana aturan-aturan pupuh –babakuna perkawis guru-lagu sareng guru-wilangan, ngaruntuykeun ti pupuh ka pupuh. Nanging, nya kitu. Rupina mah ku pengkuh-pengkuhna kana atutan guru-lagu sareng guru-wilangan, sakapeung rajeun kapendak kecap-kecap anu “kapaksa” diteukteukan, sapertos: kecap jero jadi jro; kecap para jadi pra; kecap iatna jadi yatna; sareng kecap bupati jadi bupatos atanapi tumenggung. Hal sapertos kieu téh, kapendak ogé dina lirik –dangding lagu tembang: “na iraha rék kauntun..” (Kinanti). Kecap “na” tangtosna gé neuteuk tina kecap “naha”. Kitu deui dina: “sumiriwik kadi walik..” (Dangdanggula). Kecap “kadi” kenging neukteuk tina kecap “kadya”. Neukteukan kecap sapertos kitu téh –sapanjang henteu matak ngarobih harti kecap, ku émutan mah henteu lepat-lepat teuing. Jabi ti éta, ku anu telik niténan mah rajeun sok kapendak hal-hal anu karaos “teu patos logis”. Sapertos dina guguritan: warna-warni lauk émpang.. (Wawacan Rengganis). Cenah lauk lalawak sareng julung-julung mah, sanés jenis lauk-kukut nu sok aya di balong –émpang nanging lauk-jarah anu ilahar ayana di walungan. Rupina kitu téh, duméh pangarang ngaraos “kapaksa” kumargi nojo teuing kana aturan guru-lagu/guru-wilangan antanapi purwakanti. Dupi anu aya patalina antawis wawacan sareng lagu –babakuna tembang, kirang lakung kieu: Puluhan taun anu kalangkung, di Pasundan kantos rada haneuteun ku seni maca wawacan ku cara ditembangkeun. Ieu kasenian téh, disebatna: seni mamaca atanapi seni macapat. Ieu kasenian téh, mangrupi hiburan –ilaharna dina opatpuluh dintenna anu orokan. Hanjakal ieu kasenian téh, parantos langka pisan kakuping –rupina bareng sareng lus-lesna karya sastra wawacan tina kahirupan masarakat Sunda.
Upami wawacan mangrupi carios panjang anu winangun dangding, guguritan mah rupina tiasa dipapandékeun kana: “carios pondok anu didangdingkeun”. Teu patos seueur, dangding anu dibantun tina guguritan nu sok dianggo bahan tembangkeuneun téh. Utamina, mung genep atanapi tujuh pada –tina 22 pada Dangdanggula Guguritan “Laut Kidul”. Dupi perkawis basana –ku margi guguritan gé masih karya bujangga kénéh, rupina salangkung mah taya cawadeunana.
Perkawis kecap “lagu” –anu dina ieu pedaran kapaksa rada sering kasebat, sawatawis katerangan anu kapendak téh diantawisna, kieu: numutkeun Kamus Umum Basa Sunda LBSS, anu disebat lagu téh nya éta: “turun-naékna sarta panjang-pondokna sora dina maca, nembang, ngaji jste.”. Numutkeun Kamus Istilah Karawitan Sunda (Atik Sopandi, S.Kar): “Lagu-susunan nada yang disusun sedemikian rupa sehingga indah dan enak didengar. Susunan ritme biasa juga disebut lagu”. Kanggo ukuran wangenan –définisi, katerangan perkawis kecap lagu dina éta dua kamus téh, kaétang parantos nyekapan. Dina hartos anu basajan, nembang sareng ngawih téh sami sareng “ngalagu”. Atu béh dituna, teureugeus atanapi lentong dina sasauran ogé masih kénéh mangrupi lagu. Cindekna mah, anu disebat lagu téh: “mélodi anu dikuniangkeun ku sora, boh sora mahluk atanapi sora waditra. Aya sora –sada waditra anu parantos tétés mélodina –sapertos: kacapi; suling; piano, aya ogé sora anu mangrupi “desah” –sapertos sora kendang.

Lirik Lagu
Kecap “lirik” anu dina ieu pedaran bakal sering disebat, numutkeun Kamus Istilah Sastra anu disusun ku Drs. Iskandar Wasid, M.Pd. “Asalna mah (di Yunani) lirik téh (rumpaka) lagu pikeun marengan waditra petik anu ngaranna lyre (sabangsa kacapi leutik, ditabeuhna bari diakeup). Kiwari digunakeun pikeun ngaran puisi pondok, henteu ngawujud carita; anu dihariringkeun ku saurang. Eusina mudalkeun rasaning ati, bingbangna rasa jeung pipikiran. Monolog, nyorangan, bangun jauh panineungan. Ku lantaran ngayun emosi, jadi halon wirahmana, sada nu ngahariring. Puisi lirik nya éta puisi anu kitu sipatna”.
Dina Kamus Istilah Karawitan kénging Atik Sopandi, S.Kar. henteu kapendak katerangan anu togmol nerangkeun harti kecap “lirik”. Aya ogé kecap “rumpaka”, anu kateranganana: “Sa’ir atau kata-kata dalam penyajian nyanyian, sebagai penjelasan dari tema lagu, lirik lagu”.
Lirik téh, aya dua rupi: Lirik Sandingan sareng Lirik Sanggian. Lirik Sandingan, nya éta: puisi –tiasa mangrupi dangding; sisindiran; atanapi wawangsalan anu parantos nyampak tur tiasa ditembangkeun atanapi dikawihkeun dina lagu naon baé –dina hartos, henteu matok dina hiji lagu. Dangding-dangding dina tembang, umumna mah kalebet lirik sandingan. Contona: Guguritan “Laut Kidul kabéh katingali”, tiasa ditembangkeun dina sababaraha lagu –kaya-kayaning: Bayubud; Kentar Ajun; Kentar Cisaat; jeung Mangari. Nya kitu deui wangunan sisindiran jeung wawangsalan, sering dianggo dina lagu-lagu kawih tur henteu matok dina hiji lagu. Sedengkeun anu disebat Lirik Sanggian, nya éta: puisi anu ngahaja didamel mung kanggo hiji lagu. Puisi pantun dina tembang Cianjuran, sapertos: “Burudul ménak ti kidul…” atanapi “Sampiung ngapung ka manggung…”, éta kalebet Lirik Sanggian –dina hartos, lirik atanapi rumpakana mung tiasa dikawihkeun dina lagu anu parantos tangtu, sasat teu tiasa dianggo dina lagu sanésna.
Kanggo sawatawis lagu –babakuna lagu-lagu kawih anu nganggo patokan lagu-lagu klasik sapertos Kulu-Kulu; Catrik; sareng Sénggot, ku margi lagu-laguna parantos nyampak, lirik téh anu nuturkeun lagu. Janten, cekap milarian lirik anu diluyukeun kana lagu –biasana lirik anu mangrupi sisindiran. Nanging sawangsulna, aya sawatawis juru sanggi anu ngadamel lagu-na téh ku margi parantos aya lirik-na, contona: Mang Koko ngadamel Lagu: Kembang Tanjung Panineungan; Samoja; sareng Malati di Gunung Guntur, nganggo lirik atanapi rumpaka anu parantos aya –kénging Wahyu Wibisana.
Tina paniténan anu salangkung, katingal, yén “basa sedeng” langkung seueur dianggo lirik. Sedengkeun “basa lemes”, mung dianggo dina lirik atanapi rumpaka anu ngagambarkeun “hubungan” sareng Nu Maha Agung atanapi dianggo dina lebah ngageuri ka bébéné/beubeureuh –naha ieu aya patula-patalina sareng anggapan, wiréh lalaguan tembang mah perbawana romantis?.

Panasaran
Lirik atanapi Rumpaka dina Lagu Tembang:
Salajengna, upami niténan lirik atanapi rumpaka nu sok diaranggo dina lagu-lagu tembang –sanaos henteu seueur, osok aya hal-hal anu ngahudang kapanasaran –wiréh teu acan kapendak papayanana, diantawisna:
Kecap “Narangtang”. Dina seni tembang Sunda, anu disebat narangtang téh nya éta pasieup sateuacan lagu Papantunan atanapi Jejemplangan. Ilaharna, di-vokal-an “Daweung ménak Pajajaran” –sateuacan lagu Papantunan, atanapi “Nyukcruk parung meulah bantar” –sateuacan lagu Jejemplangan. Jabi ti éta, kecap narangtang ogé kapendak dina lirik lagu Papatét Ratu sateuacan lagu Pangapungan: “Nilik langit narangtang méga, nojér ka bagal buana, bari néngkép indung suku…”. Dina ungkara ieu, kecap narangtang sapertos kecap pagawéan. Upami leres kecap pagawéan, naha asal kecapna téh: tangtang; nangtang; atanapi narangtang ?
Kecap “Sampiung”. Dina lirik lagu Pangapungan, kecap sampiung téh diréndéngkeunana sareng kecap “ngapung”: sampiung ngapung. Kecap sampiung, jiga “sahartos” sareng kecap “biur”: biur ngapung. Malihan ka ayeunakeun mah, bet sok kakuping kecap: bur sampiung.
Kecap “Papon”. Ieu kecap papon téh kapendak dina lirik lagu Balagenyat: “Pondok dipitali papon, panjang dipitali korang, dijeujeut dijieun koja…”. Sanaos ieu kecap téh mung sakadar bagian tina cangkang sisindiran –fungsina mung nyadiakeun sora atanapi purwakanti kanggo eusi, nanging dina kamus, ieu kecap téh teu aya.
Kecap “Purug”. Dina Kamus Umum Basa Sunda LBBS, kecap purug téh katerangan hartosna sami sareng kecap “bangen”. Kecap purug téh kapendak dina lagu Rajamantri: “Nyucruk purug ka Cicurug, salah jalan ka Sinagar…”. Rupina, ieu ogé bagian tina cangkang sisindiran –mung hanjakal, cangkangna teu kapendak.
Kecap “Suriapati”. Duka kumaha kedah nyeratna, naha suriapati atanapi suria pati. Ieu kecap téh kapendak dina lirik nu sok dianggo ku lagu Papatét: “Nyanggakeun balungbang timur, nyanggarakeun suria pati…”. Nya kitu, ieu kecap téh teu acan kapapay naon hartosna atanapi naon maksadna.
Kecap “Sambut”. Duka naon hartosna kecap sambut dina ungkara: “Barabat sawidak deupa, rup ku sambut rap ku lemah…” (Pangapungan). Asa leuheung kénéh upami: rup “kasambut” atanapi rup ku “simbut”.
Kecap “Lentong” sareng “Lentang”. Dina lagu Pangapungan: “Lentong sagedé papatong, lentang sagedé bangbara…”. Ieu kecap téh, naha sakadar kanggo “ngudag” purwakanti atanapi aya hartosna?
Kecap “Miloko”. Dina lagu Papatét, aya lirik anu kieu: “Nya pondok meunang miloko, panjang meunang ngungang-ngungang…”. Teu kapapay naon hartosna miloko, ku margi dina sadidintenna ogé tara pisan kakuping.
Kecap “Sumawut” atanapi “Sumuwuk”. Ieu dua kecap téh, kapendak dina lagu Pangapungan: “Kadingdingan indung peuting, kahalangan kilat panjang, sumawut (sumuwuk) kadi bincarung, sumiripit kadi walik..”. Saupami sumawut asalna tina kecap “sawut” –anu hartosna: kulit ipis tina sisikian, sareng sumuwuk tina kecap “suwuk” –hartosna: tambahan menu/kadaharan sangkan téréh lintuh, atuh rada sesah kumaha ngahartoskeunana.
Jabi ti éta, aya lirik atanapi rumpaka anu basana téh sanés basa Sunda, nanging kaanggo pisan ku tukang tembang mah, sapertos dina lagu Langendria:
“Lélo-lélo wus turu wong ayu sun senggarani, balingbing uwoh widoro kang dadi ceremeng ati, kadal ijo wis mengkali, kadal alit wis mengkajang, cecak anak gigir mami, siwur tukung kawulo ambruk mring diko..”.
Duka leres duka henteu ieu téh basa Jawana, atuh ngucapkeun sareng nyeratna oge duka leres duka henteu deuih –mana komo hartosna mah, sasat poékeun.
Lirik atanapi Rumpaka dina Lagu Kawih:
Upami lalaguan kawih ka ayeunakeun, karaosna dinamis ritmis sareng komunikatif. Hal ieu téh ku margi dirojong ku lirik atanapi rumpaka anu basana rélatif gampil kahartos. Nanging sok sanaos kitu, teu kirang-kirang basa sareng ungkara anu ngahudang kapanasaran. Contona: “Lagu urang boga teuteup ngagalindeng…” (Amparan Lalakon). Ngabandingkeun “lagu” sareng “panon”, teras nu kumaha ari “teuteup ngagalindeng” téh –henteu gampil kahartosna. Terasna deui dina: “Keur reureuh ngayeuh kadeudeuh…” (Geter Panineungan). Ieu ungkara téh, tojo teuing kana purwakanti –dugi ka maksadna jadi samar-samar. Kumaha peta anu “ngayeuh kadeudeuh” téh. Teras: “Indung peuting ngahariring…” (Rundayan Dalingding Tresna). Ieu nganggo personifikasi anu teu ilahar, biasana ogé: angin ngahariring.
Mémang leres, henteu gampil malibirkeun ungkara téh. Jabi ti kedah tapis dina milih sareng ngalarapkeun kecap, tangtosna deui bari kedah luyu sareng jamanna. Basa –minangka bagian tina budaya, robih-robih sareng nambihanana ngiring kana galar-gilirna jaman. Kalayan henteu gaduh maksad ngalalangkungan para-ahli rumpaka, ieu pedaran téh mung sakadar numutkeun ukuran “penikmat” seni wungkul. Tansah tawakupna.


***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar