Jumat, 12 April 2013

Nadom



Bade Ngaos

Nadom téh pupujian anu eusina atikan, boh atikan agama boh atikan moral jeung sopan santun. Biasana sok dihaleuangkeun saméméh adzan atawa sanggeusna bari nungguan jamaah.
Pupujian asalna tina kecap puji, muji hartina ngagungkeun atawa ngucapkeun kecap-kecap nu hadé. Pupujian mangrupa salasahiji karya sastra Sunda nu eusina puja-puji; do’a; piwuruk; jeung pangajaran anu dijiwaan ku agama Islam. Pupujian sumebar sacara lisan di lingkungan pasantrén. Pupujian –aya ogé anu nyebat pupujan, nyaeta kecap-kecap nu eusina muji (ngagungkeun) sifat Alloh, sawaréh sok aya nu nyebut Nadom (nadoman). Biasana sok “dihaleuangkeun” di masigit, waktuna saacan bedug ditakol. Ditilik dina wangunna, pupujian kaasup karya ugeran. Sabab: jumlah jajaran unggal pada; jumlah engang saban jajaran; jeung sora panungtung unggal jajaran, kabéh sarua (murwakanti). Lian ti ngagunakeun basa Sunda, pupujian leuwih seueur ngagunakeun basa Arab.
Dicaangan ku lampu lilin atanapi cempor
Simkuring sok émut kapungkur mangsa keur budak, di masigit-masigit atawa di tajug sok sering kakuping barudak keur nadoman/pupujian, kakupingna téh méméh adzan Magrib atawa méméh adzan Subuh. Mun méméh adzan Subuh mah, biasana nu kakupingna téh sora kolot atawa aki-aki. Tapi mangsa kiwari mah tos tara kakuping deui nu jiga kitu téh, duka teuing kunaon da simkuring ogé teu patos ngartos naon nu nyababkeunana. Padahal umpama ditingali tina bab ngajar mah, éta téh kacida ngabantu pikeun budak supaya gancang apal.
Pupujian bisa disawang tina wangun lahiriahna, tina eusina jeung tina basa nu digunakeunana.
Ditilik tina eusina:
1.      Muji kaagungan Alloh 
2.      Sholawat ka Rosululloh
3.      Do’a jeung tobat ka Alloh
4.      Ménta sapa’at ka Rosululloh
5.      Naséhat
6.      Pangajaran agama Islam
7.      Etika.
Memeh diwurukan, ngaderes heula.
Ditilik tina basa:
Umumna Murwakanti (Purwakanti)
Purwakanti téh nyaéta sora basa nu méh sarua tina kecap-kecap dina unggal padalisan atawa unggal pada. Pikeun mikanyahona, tengetan sora engang panungtung unggal kecapna. Ieu salah sahiji conto Nadom nu kuring masih kénéh apal:

Hayu urang babahanan
Pikeun bekel pangbalikan
Sing loba amal-amalan
Ibadah sing husu pisan

Mun waktuna ajal datang
Urang moal bisa mungpang
Mo bisa dihalang-halang
Geus waktuna jadi bugang

Harta banda nu ngaleuya
Urang moal bisa mawa
Ngan amal anu dibawa
Batur urang anu bela

Mana sobat mana dulur
Henteu maturan dikubur
Sumawon nambihan umur
Nu puguh loba kapaur

Hanjakal aduh hanjakal
Teu getol sadia amal
Padahal geuning padahal
Ngan amal nu jadi bekel

Teu guna hahanjakalan
Pan teu kurang nu ngelingan
Pek geura tunggu hisaban
Geura jawab ku sorangan


Éling-éling dulur kabéh
ibadah ulah campoléh
beurang peuting ulah weléh
bisina kaburu paéh

Sabab urang bakal mati
nyawa dipundut ku Gusti
matak kudu ati-ati
ibadah masing gumati

Karasana keur sakarat
nyerina kaliwat-liwat
matak geura buru tobat
ibadah ulah kaliwat

Éling-éling umat muslimin muslimat
Hayu urang solat berjamaah Ashar
Estu kawajiban urang keur di dunia
Kanggo pibekelen jaga di ahérat

Anu ngalanggengkeun solat berjamaah
Éta aya lima rupa kauntungannana
Hiji dileungitkeun kapakirannana
Dua dileungitkeun siksaan kuburna
Tilu dibéré buku ti katuhuna
Opat bakal ngaliwatanna cukangna
Cara kilat nyamber bawaning kilat lepasna
Lima teu dihisab asup ka Surgana.


Anu ngucur ka alam kubur tilu dina hadis Rosul
Hiji sodakoh jariah ihlas karna Alloh
Dua gaduh elmu manfaat sarta dialap manfaat
Tilu gaduh putra anu soleh ngadoakeun teu weléh-weléh
Alloh huma soli ala sayidina Muhammad
Yaa robi soli alaihi wassalim.



Sorban sanés ciri haji sanés ciri pa kiai
Tapi sorban ciri lalaki nu ngabakti ka yang widi
Jilbab sanés ciri santri sanés ciri bisa ngaji
Tapi jilbab ciri istri nu ngabakti ka yang widi
Alloh huma soli ala sayidina Muhammad
Yaa robi soli alaihi wassalim.

Dosa abdi pami ditimbang ibarat budah lautan
Ibarat gunung anu luhur sarta meni ageung pisan
Saenyana éta malaikat ngabébérkeun dua jangjangna
Maka éta digampilkeun asup ka Surga nu langgeng.



Ila hilas tulil pirdaus si ahlaa
Walaa akwaa alannaril jahiimii
Duh pangéran abdi sanés ahli Surga
Namung teu kiat ka naraka teu ka duga
Lian tobat abdi teh hampura dosa
Da gusti nu sok ngahampura dosa-dosa.



Ari sarat wajib saum
Sing apal héh sepuh anom
Aya lima hiji Islam
Dua mukalap multalajam
Katiluna kudu kuat
Opat cageur teu madorot
Lima cicing teu angkat
Lalakon dua marhalat.



Hé dzat anu leuwih kuat
Nu gagah nu perkasa
Mugia gusti ngajaga
Ti jalma anu dolim dosa
Hé Alloh anu Maha Mulia
Ka anjeun abdi sadaya
Ibadah sakuat daya
Sareng nyuhunkeun pang raksa
Hé Alloh anu ngamankeun
Ka abdi tina kasieun
Mugi gusti nyalametkeun
Ka abdi tinu ka siksa
Gusti Alloh anu Maha Suci
Abdi seja pasrah diri
Mugi anjeun kersa nampi
Amal jeung ibadah abdi


Yaro bibil mustopa
Balig makol sidana
Wagpirlana mamado
Yawa siar karomi
Gusti muga kanjeng Nabi
Maksud abdi dugikeun
Dosa abdi hampura
Sipat nu béréhan pisan.


Anak Adam di dunia mah keur ngumbara
Hirup anjeun di dunia téh moal lila
Anak Adam umur anjeun téh ngurangan
Saban poé saban peuting di céntangan
Anak Adam paéh anjeun téh nyorangan
Ku anak salaki jeung babandaan
Anak Adam paéh euweuh nu dibawa
Ngan asiwah jeung boéh anu dibawa
Anak Adam pasaran téh lolongséran
Saban poé saban peuting gegeroan
Anak Adam anjeun kaluar ti imah
Di garotong dina pasaran teu ngeunah
Aduh bapa aduh ema abdi keueung
Rup ku padung rap ku lemah abdi sieun
Anak Adam di kubur téh poék pisan
Nu nyaangan di kubur téh maca Qur'an.


Éling-éling ka jalma nu sok sarolat
Geuwat-geuwat masing gancang ka masigit
Supaya meunang darajat berjamaah
Berjamaah anu tujuh likur téa
Arapalkeun ku sadaya umat Islam
Arapalkeun ku sadayana umat Islam
Ari solat gagancangan
Geus solat tara wiridan
Tara sunat-sunat acan
Nu kitu ajaran sétan.

Allahumma shali wassalim ala
sayyidina wa maulana muhammadin
Adadama fi'ilmilahi sholatan
daimatan bida'wami mulkillahi
Solat sareng Ngaos di Tajug.


Gusti urang sadayana
Kangjeng Nabi anu mulya
Muhammad jenenganana
Arab Qurés nya bangsana

Ibuna Siti Aminah
ramana Sayid Abdullah
dibabarkeuna di Mekah
wengi Senén dinten Gajah

Rabi’ul Awal sasihna
tanggal kaduabelasna
April bulan Maséhina
tanggal kaduapuluhna

Ari bilangan tauna
lima ratus cariosna
tujuh puluh panambihna
sareng sahiji punjulna

Siti Aminah misaur
waktos babarna kacatur
ningal cahya mani ngempur
di bumina hurung mancur

Babar taya kokotoran
orok lir kénging nyepitan
soca lir kénging nyipatan
sarta harum seuseungitan

Keur opat taun yuswana
diberesihan manahna
Nabi dibeulah dadana
Malaikat nu meulahna

Jibril kadua réncangna
Mikail jenenganana
ngeusikeun kana manahna
élmu hikmat sapinuhna

Tuluy dada Kangjeng Nabi
gancang dirapetkeun deui
sarta teu ngaraos nyeri
dilap ku hotaman nabi

Nuju tanggal tujuh likur
bulan Rajab nu kacatur
nurut kaol anu mashur
Kangjeng Nabi téh disaur

Dipapag ku Malaikat
nyandak burok nu kasebat
leumpangna téh cara kilat
tungganganeun Nabi angkat

Ti Mekah ka Bétal Makdis
teu nganggo lami antawis
ku jalma henteu katawis
kersana Gusti nu wacis

Ti Bétal Makdis terasna
naék na tangga kancana
mi’raj téa kasebatna
ka langit Nabi sumpingna

Tujuh langit sadayana
jeung Arasy nu pangluhurna
disumpingan sadayana
katut surga narakana

Kangjeng Nabi ditimbalan
ku Gusti nu sifat Rahman
anjeuna kudu netepan
salat muji ka Pangéran

Kabéh jalma anu iman
sami pada kawajiban
salat nu lima giliran
henteu meunang dikurangan

Salat éta minangkana
dina agama tihangna
jalma nu luput salatna
nyata rubuh agamana


Cag...

1 komentar:

  1. aduh sok sing puriding bulu punuk ari maca nadoman teh kang nuhun ah tos di share

    BalasHapus