Selasa, 30 Juni 2015

Keurseus Ngaronggeng



Mangsa bihari mah, upama lalaki hayang jumeneng jadi gegeden atawa pangagung, salahsahiji saratna nya éta: kudu bisa ngibing. Ku lantaran kitu, loba anu ngiluan ibing keurseus nya éta latihan ngibing Sunda anu diayakeun di Pendopo anu lolobana diiluan ku kaom ménak; bangsawan; atawa kaom priyayi. Kitu deui keur wanoja, mangsa bihari mah pahayang-hayang jadi ronggéng. Sabab, hiji wanoja nu kapilih jadi ronggéng, saratna kudu nyekel tilu katangtuan atawa pakem, nya éta: winara rékaswara; winara rékaningceta; jeung winara rékawacana. Wanoja anu geus diaku ronggéng, hartina éta wanoja geus boga kahormatan anu luhur.
Bupati Garut RAA Soeria Kartalegawa (palih tengen, acuk bodas), nuju ngibing tayuban.

Ibing Keurseus
Nitenan ibing Sunda di wewengkon Jawa Kulon, kaitung réa jeung euyeubna. Henteu matak hélok, mun sakumna urang Sunda mikareueus turta mikaresep kana kabeungharan ibing di Tatar Sunda. Ku kacida beungharna seni ibing Sunda, ku para-inohong sok diwilah-wilah jadi génré tari saperti: ibing tayub; ibing penca silat; ibing keurseus/kursus; ibing wayang; ibing topéng; ibing ra’yat (ketuk tilu, bangréng, bajidoran, jeung sajabana); ibing karya R. Tjétjé Somantri; ibing karya R. Nugraha Sudireja; ibing karya R. Enoch Atmadibrata; tug nepi ka kiwari aya nu disebut ibing jaipongan yasana Gugum Gumbira.
Ibing Keurseus, mangrupa basa injeuman ti Walanda nu asal kecapna tina: “cursus” –palatihan atawa pangajaran. Duka teuing kumaha mimitina, éta kecap cursus téh bisa jadi: keurseus. Meureun, salah déngé atawa hésé ngucapkeunana. Anéhna téh, éta kecap keurseus geus jadi milik basa urang Sunda nu baku. Mangsa jaman Walanda harita, lamun karuhun urang ditanya: “Badé angkat kamana.. ?”. Jawabna, cukup ku nyebut: “Badé keurseus.. !” bari nuduhkeun ku jempol. Kabéh jalma, pasti geus surti yén maksudna téh nya éta: “rék ngibing”.
Ibing keurseus téh nya éta latihan ngibing Sunda anu diayakeun di pendopo nu lolobana diiluan ku kaom ménak; bangsawan; jeung kaom priyayi Priangan jaman Walanda. Ibing keurseus mangrupa salahsahiji ibingan kamonésan kaom priyayi nu diayakeun di pendopo. Perelu diingetkeun, yén saméméh ibing keurseus gumelar téh aya anu disebut ibing tayub –tayub asal tina kecap “guyub”, anu hartina: ngibing bareng. Bisa jadi, kasangtukangna ibing keurseus téh taya lian tina ibing tayub. Sabab, ibing tayub mangsa harita, mangrupa ibingan “kalangenan” paraménak. Dina waktu luang atawa nyalsé, kaom ménak Priangan téh osok ngabandungan mangrupa-rupa kasenian Sunda –tangtuna ogé, kaasup ibing tayuban anu diayakeun di pendopo. Mangsa harita, upama hayang jumeneng jadi gegedén atawa jadi pangagung, saratna euweuh deui: kudu bisa ngibing.
Anu dianggap palopor ibing keurseus, nya éta: R. Gandakoesoemah –Aom Doyot, Camat Leuwiliang Bogor mangsa harita. Anjeunna ningali, yén ibing tayub anu keur dipikalandep mangsa harita, kalan-kalan osok “kaleuleuwihi” jeung méngpar tina kasusilaan. Tayuban anu mangrupa hiji bentuk ibing pasangan, nu sipatna hiburan pikeun kaom lalaki, dina prak-prakanana teu wudu ogé aya inuman keras –arak. Munasabah atuh, sanajan inuman téh diparake keur “ngahaneutan awak” –mun peuting ngarasa tiris antukna osok aya nu mabok leupas kontrol. Malahan, gerak ibingna ogé jadi teu pararuguh –sok disebut ngibing saka (saka-inget, meureun). Teu matak hélok, mun ronggéng anu jadi sasaran. Aya kalana ngasupkeun duit pamasak téh, punten, kana dada atawa kutang ronggéng. Ku lantaran kitu, R. Gandakoesoemah ngarintis ibing tayub anu tartib jeung sopan. Ahirna, janggélék wéh jadi ibing keurseus. Susunan jeung patokan ibing keurseus, laju ditingkatkeun deui ku R. Sambas Wirakoesoemah –Lurah Rancaékék mangsa harita sangkan leuwih gampang disebarluaskeun. Ieu ibingan, ku anjeunna diajarkeun di cursusan Pakumpulan Tari Wirahma Sari –Rancaékék Bandung jeung di sakola pangréh praja –ménak/priyayi Priangan.
Nempo kana gerak-gerak anu dipaké atawa dipidangkeun ku pangibing, éstu basajan pisan, da tujuanana ogé keur hiburan. Teu kawengku ku pola baku, gumantung kana karesepna masing-masing. Najan kitu, ampir sakabéh pangibing bisa dipastikeun aya anu midangkeun gerak-gerak: bukaan; adeg-adeg; jangkung ilo; mincid; keupat; éngké gigir; galayar; sila mando; baplang; gedig; tindak tilu; léngkah opat; sembahan; selut; jeung gerak baksarai.
Ibing keurseus ogé ngabogaan tingkatan embat atawa témpo masing-masing, saperti: lelenyepan atawa lenyepan –témpona lambat sarta ngabogaan watek lungguh; monggawa –témpona sedeng sarta ngabogaan watek gagah; jeung nyatria –témpona gancang sarta ngabogaan watek lanyap. Tingkatan ieu, gumantung kana wirahma kawih  sindén –ronggéng atawa waditra anu dipaénkeun ku nayaga. Keur lenyepan, biasana ngagunakeun gending: Sulanjana; Udanmas; jeung Banjarsinom. Keur monggawa, biasana ngagunakeun gending Bendrong jeung Panglima. Keur nyatria, biasana ngagunakeun gending Gawil jeung Kakacangan. Gamelan anu dipaénkeun, nya éta: laras pélog atawa saléndro. Sedengkeun pakéan pangibing, umumna sarua jeung pakéan dina ibing tayub. Mangrupa pakéan ménak modél takwa tutup, atawa modél parangwadana –jas buka. Sinjang anu dipakéna, ngagunakeun motip kaén batik Priangan atawa Cirebonan. Keris, biasana mah diselipkeun dina cangkéng ditukangeun sodér –karémbong. Sodér ieu, panglobana digunakeun dina gerak sépak sodér. Sedengkeun keur tutup sirahna, maké iket lohen –polontosan atawa bendo citak anu dihiasan ku bros.

Ronggéng
Kecap ronggéng, sabenerna mah lain kecap anyar. Ti baheula mula –cenah mah saméméh karajaan Pajajaran aya ogé, ronggéng mah geus dipikawanoh. Propési ronggéng, lain propési anu “samanéa”. Teu sagawayah, jeung teu sabongbrong jadi ronggéng. Teu kucup ku rupa geulis, atawa pangawakanna kudu hadé wungkul. Cara ngahormat, cukup ku neueulkeun leungeun kana dada –jadi, ngalarapkeun aturan-aturan anu ngalarang ayana kontak pisik langsung antara ronggéng jeung nu ngigelanana. Aturan ieu téh diayakeun, sangkan teu aya anggapan masarakat yén ronggéng idéntik jeung “awéwé purah ngagoda lalaki”. Hiji wanoja anu milih atawa kapilih jadi ronggéng, kudu nyekel tilu pakem/katangtuan, nya éta: Winara Rékaswara –kudu percéka dina ngolah sora, naha ngawih naha mamaos; Winara Rékaningceta –kudu percéka dina ngolah gerak awak atawa ibing; jeung Winara Rékawacana –kudu wijaksana dina cacarita jeung dina nyusun ungkara basa, ulah teu sopan (jajauheun tina centil mah). Upama alus sora; alus ngibing; jeung sapopoéna andalemi tur boga tata-titi duduga peryoga, nya lulus jadi ronggéng. Hartina, anu katarima jadi ronggéng mah nya éta anu lulus dina kamampuh ngajalankeun anu tilu pasaratan téa. Ku lantaran kitu, wanoja baheula mah pahayang-hayang jadi ronggéng téh. Sabab, lamun aya wanoja anu geus diaku ronggéng, hartina éta wanoja geus boga kahormatan anu ajénna luhur.
Numutkeun buku “Déskripsi Seni Daérah” anu disusun ku H. Djadja Sukardja S, méré gambaran kumaha beuratna jadi ronggéng:
Calon ronggéng kudu kuat méntal jeung pisik sajero diajar nu lilana bisa nepi ka tilu bulan, diwulang tembang jeung diajar ngibing. Kudu kuat daya ingetna sabab guru tara ngajarkeun wawangsalan katut lagu oron ti dua-tilu peuting, cukup sapeuting kudu geus apal. Tahan kurang saré kurang dahar. Malah dina "hataman" mah ukur dibéré sangu dua huap, sagedé indung suku nu dijerona geus dicampuran ramuan, diantarana tujuh siki pedes. Sangkan sorana lepas, tina liang irung nepi ka tikoro diasupan bari digera ku akar antanan. Mun palakiah panjang napas, calon ronggéng kudu latihan teuleum di sungapan atawa walungan nu aya curugna. Malah aya katangtuan nu baku, yén salila jadi ronggéng teu meunang boga salaki atawa heureuy jeung lalaki”.


***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar