Senin, 29 Juni 2015

Ngagendreh di Saung Lisung



Moal sieun béakeun pipamajikaneun, salila masih kénéh trang-tring-trung lisung mah. Bujang jeung lanjang di saung lisung, tarutunggulan ngagondang bari garogonjakan sempal guyon. Silih simbeuh ku kadeudeuh, karakawihan bari nepungkeun jodo.
Kasenian Tutunggulan ti Desa Dangiang, Kacamatan Banjarwangi-Garut.

Saung Lisung
Nutu Pare di Saung Lisung
Saung lisung, lain baé tempat nutu paré tapi jadi tempat ngaraketkeun tali mimitran wargana. Saung lisung ogé mangrupakeun tempat hirup-kumbuh papada warga kampung, ngobrol bari jeung silih pikawanoh. Obrolan di saung lisung, leuwih nyoko kana obrolan dunya awéwé. Kalan-kalan, boh lanjang –parawan boh anu geus kulawargaan, sok nyaritakeun gosip-gosip sakampung anu gampang nerekab. Kalan-kalan deui, jadi tempat papanggihna mojang anu keur séngsérang panon –kakara begér, gogonjakan bari jeung silih kelétan jeung bujang –jajaka anu ngahajakeun datang. Nu matak, sok aya kacapangan: “Moal sieun béakeun pipamajikaneun, salila masih kénéh trang-tring-trung lisung mah”. Tempat saung lisung, biasana mah: di sisi kampung; di sisi sawah; atawa di sisi balong. Nu bogana, lain sosoranganan tapi masarakat kampung. Ku sabab kitu, unggal warga kampung, kabéhanana bisa maké éta lisung. Lobana saung lisung, gumantung kana legana kampung jeung lobana anu dumuk di dinya. Ngujurna saung lisung, euweuh patokanana. Kamana waé nyangirahna, disaluyukeun jeung patempatanana. Sok sanajan kitu, di masarakat Baduy, saung lisung ngujurna ngétan-ngulon –sabab di kiduleunana aya anu disebut Arca Domas, tempat nu dianggap karamat tur suci. Tujuanana, bisa jadi, pikeun anu nutu kudu nyanghareup ka Kidul. Upama nutu nyanghareup Kalér, hartina nukangan ka beulah Kidul –hal ieu dipahing pisan, ulah nepi ka nukangan tempat karamat.
Anu nutu biasana awéwé, teu kahalangan sok sanajan bari ngais budak atawa sakalian mawa ulin budak anu laleutik kénéh. Saung lisung ogé osok jadi tempat pangulinan barudak. Biasana, barudak anu geus hideng tapi acan rumaja. Arulin, bari nyieun cocooan tina bahan anu aya di sabudeuranana –utamana tina tangkal paré, sésa dibuat, dijieun empét-empétan.

Prosési Nutu
Nutu Pare bari Ngais Budak
Lisung téh hiji alat pikeun nutu paré, sangkan éngkéna robah jadi béas –lamun huutna geus kapiceun. Mangrupa alat anu pang-ahirna tina “siklus” hadirna paré, sanggeus ngaliwatan lalakon panjang anu dimimitian ti: tebar binih di pabinihan; melak paré –nyawah-ngahuma; tandur; ngarambét; tunggu; dibuat; nepi ka nyimpen paré dina leuit atawa dina peti di goah.
Lisung, dijieunna tina tangkal kai gedé anu kuat –umumna tina kai nangka. Nuar tangkal nangka pibakaleun lisung ogé teu sagawayah, kudu ngitung waktu numutkeun palintangan,  dumasar kana: “daun nu tangtu, p nu rampés.  Naptu poé nu hadé keur nuar tangkal pilisungeun, nya éta dina: naptu lima; dalapan; jeung sawelas. Tujuh kali ngaclékkeun bedog, kudu bari nahan napas. Karék dituar kalayan ati-ati. Saterusna, dipapras méh ampir jadi masagi tur manjang. Tuluy, dijieun hiji rohang pikeun tempat paré ditutu. Mun di tilik-tilik mah, wangunna siga parahu. Ukuran panjangna, teu tangtu –aya nu nepi ka dua méter satengah. Rubakna, kurang leuwih opat puluh sénti. Sakapeung, dina tungtung lisung osok aya paranti nyosoh béas –liangna, méh siga aseupan. Dina tungtung lisung, aya ogé anu sok dihias ku gegelungan. Sésa kai anu nyésa –urut nyieun lisung, osok dijieun jubleg. Di Kampung Adat Kuta Ciamis mah, saméméh lisung dipaké osok dibeungkeut ku gagantal heula. Panglay; jaringao; bawang bodas; roko; duit; jeung seureuh, ditalian ngantay ku benang kasur. Gagantal mangrupa sarat keur lisung nu anyar di jieun, tarékah sangkan lisung jeung Sripohaci ngahiji –tanda amitan kanu cicing di saung lisung  di padung halu, jeung dina hulu lisung. Hakékatna mah: syukuran tina panén wekasan, jeung paré pageuh nu rék ditutu téh, sing nyari jadi diri nu hirup-hurip babakti ka nu Maha Suci.
Nutu Pare dina Jubleg
Lisung, sok dipapasangankeun jeung halu. Paré anu rék dijieun béas téh, ditutu ku halu. Di sababaraha tempat, kagiatan ieu téh sok disebut Gendréh –nya éta sesebutan kana kagiatan nutu dina lisung. Dina prosési ngalaksanakeun nutu atawa nyosoh, alatna, lain baé ngan sakadar lisung jeung halu. Aya nyiru, pikeun napi –misahkeun antara huut jeung béas; pikeun ngésoh/ngagésoh –misahkeun sérah (mangrupa paré kénéh) jeung béas; jeung pikeun nyikcrik –misahkeun beunyeur (béas anu bubuk akibat ditutu) jeung béas. Sakali nutu, tara loba, paling ogé keur nyadiakeun béas supaya kapaké nyangu sapoé atawa dua poé. Komo lamun sangu tina paré gedé jeung tina paré huma mah, najan saeutik matak ngawaregkeun. Prosési nutu leuwih didominasi ku awéwé, hal ieu teu leupas tina sikep primodialna urang Sunda anu nganggap paré téh janggélékna Nyi Pohaci Sanghyang Asri –Déwi Sri. Nu matak, sakabéh prakprakan ti mimiti melak paré nepi ka nyimpen paré, teu leupas tina upacara panghormatan ka Déwi Sri anu dianggap déwi paré. Geura wé urang tataan ngaran Pohaci anu ngaping dina mangsa paré keur dipelak:
Pohaci Terus Rarang, nu ngaping paré keur sumihung;
Pohaci Rambat Rarang, nu ngaping paré keur bijil akar;
Pohaci Léncop Hérang, nu ngaping paré keur jumarum;
Pohaci Lénggang Hérang, nu ngaping paré keur cumanggah;
Pohaci Pencar Hurip, nu ngaping paré méméh reuneuh;
Pohaci Jayang Gini, nu ngaping paré keur tungkul ngeusi;
Pohaci Ténjo Maya, nu ngaping paré keur beuneur héjo;
Pohaci Lénggok Kuning, nu ngaping paré keur konéngna.
Nutu jeung Napi, taun 1920-an.
Mangsana paré di sawah rampak beukah, panyawah lolongok bari mawa rurujakan nu disimpen dina unggal juru kotakan –minangka ciri pangbagéa ka Déwi Sri nu kakara medal. Mangsa paré beuneur héjo, biasana sok masang kokoprak di tengah sawah sarta ditalian ranteng ka saung ranggon. Salian ti éta, osok masang ogé bebegig tina baju urut bari diraragaan ku awi, dudukuyna tina haseupan urut anu geus butut. Kokoprak, ditarik ku nu tunggu di saung ranggon. Ari bebegig sawah, upama katebak ku hiliwirna angin, ting koléang lir ngabegéggan manuk piit. Mangsa paré keur konéng, rasa bagja gelarna amparan Déwi Sri ngarumbay ruhruy konéng, ruhay umyang disawang ti kaanggangan. Mangsa rék ngamimitian panén, panyawah neundeun ciri di sawah nu rék dipibuatan nu disebut: Sawendi wangun ku rupa-rupa kadaharan nu disebut: rarakaan. Panyawah, kalan-kalan osok ngajak nu rék mantuan ngala paré, nelahna nu rék Gacong –kirata tina: sasangga sapocong, ari sasangga téh sarua jeung lima pocong. Hartina, anu gacong téh sok diburuhan sapocong. Hasil paré anu dipanén, diakut ka saimah-imahna pikeun dipoé. Mun paré ranggeuyan –hasil meungkeutan sageugeus-sageugeus, diakutna ditanggungan. Lamun paré murag mah, sok diirik diwadahan kana tolombong atawa karung. Paré meunang moédimana geus garing, sok diampihan kana leuit. Paré karungan jeung paré geugeusan ogé, sok ditumpuk di jero leuit. Upama rék nyangu, kakara paré tadi ditutu di saung lisung.

***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar