Minggu, 05 Juli 2015

Ciri Sabumi Cara Sadesa



Tanah, mangrupa masalah poko dina kahirupan désa. Paéh-hirupna masarakat désa, gumantung kana tanah. Keur mangsa lumangsungna ngahuma mah, di masarakat Sunda, taya istilah “hak milik” pribadi kana tanah. Tanah téh, geus dianggap milik saréréa. Ayana kakawasaan ngamilik tanah ku sawatara jalma, dibalukarkeun ku masih kénéh kuatna “méntal ngahuma” di kalangan urang Sunda. Ahirna, tanah ku anu barogana sok dijual atawa digadékeun. Ieu téh lantaran anu geus bariasa ngahuma mah, taya tradisi pikeun nga-hak-milik tanah.
Desa Cipari, Wanaraja - Garut.

Desa  
Asal-muasalna mah, sistim tatanén dina masarakat Sunda téh nya éta: sistim ngahuma. Ari sistim nyawah, dipikawanoh sacara enya-enya mah kira-kira pertengahan abad ka-19. Bédana éta dua sistim tatanén téh, mangaruhan “corak kahirupan” –béh dituna, kana corak kabudayaan masarakatna. Sistim ngahuma –anu pipindahan, mawa balukar kana kahirupan anu “henteu tetep renggenek” –sedengkeun sisstim nyawah mah, kana kahirupan masarakatna “henteu incah balilahan”. Kahirupan ngahuma, bisa dititénan dina kahirupan masarakat Kanékés –Baduy, di wewengkon Banten Kidul anu dianggap minangka warisan masarakat Sunda buhun.
Di masarakat Sunda, ngawujudna désa téh dumasar kana kasaluyuan adat –nu sok disebut: désa adat. Hal ieu, kagambar dina babasan: “ciri sabumi, cara sadésa” –nu ngandung harti: unggal désa téh mangrupa lembaga otonom, anu ngatur sorangan tur nyumponan pangabutuh sorangan. Désa téh mangrupa beungkeutan pamaréntahan; sosial; hukum; jeung ékonomi. Cindekna mah: mangrupa “beungkeutan kabudayaan”.
Ditilik tina hambalan bagian kolompok masarakat, ngawujudna désa téh aya sababaraha prosés pembentukan, nya éta: Somahan –kulawarga nu nyicingan hiji imah kalawan dikuriling ku: buruan, pager, leuit, balong, jeung sajabana; Umbulan –kumpulan hiji imah nepi ka tilu imah; Babakan –kumpulan opat nepi ka sapuluh imah; Lembur/Kampung –kumpulan puluhan imah; sarta Désa –nu mangrupa kumpulan tina sababaraha Lembur/Kampung.
Keur mangsa lumangsungna ngahuma mah, di masarakat Sunda, taya istilah “hak milik” pribadi kana tanah. Tanah téh, dianggap milik saréréa. Unggal kulawarga, ngabogaan hak pikeun ngokolakeun tanah –luyu jeung kamampuhna séwang-séwangan. Mun geus teu digarap deui, kulawarga séjén meunang ngagarap. Ditilik tina kagunaanana, tanah di lingkungan désa téh bisa dipasing-pasing deui jadi: huma; sawah; kebon; pakarangan; jeung balong atawa émpang.
Status hak milik pribadi tanah di Jawa Kulon, mimiti lumaku sanggeus dikaluarkeunana Agrarischewet 1870 –Undang-Undang Agraria, taun 1870. Pelaksanaan éta undang-undang téh, béda-béda –hal ieu, mawa pangaruh ogé kana kahirupan masarakatna. Saperti di Cirebon, aya tanah kasikepan, nya éta tanah milik balaréa anu kawilang lega tur dipasrahkeun ka masarakat luyu jeung sistim hak maké sarta sabagian deui keur ngagajih pamong désa –béngkok. Di wilayah Priangan mah, tanah anu saperti kitu téh geus ngurangan pisan. Sedengkeun di wilayah Banten mah, masih kénéh aya tanah anu “status” na huma –nu katelah: huma geblogan. Kiwari, tanah-tanah hak milik balaréa di désa-désa téh, geus euweuh dikieuna –diganti ku hak milik pribadi.
Minangka lembaga nu ngatur sorangan, désa téh ngabogaan aparat pamaréntahan anu maneuh –nu katelah: pamong désa; parabot désa; atawa pangkat désa. Dina susunanana, pamong désa téh diwangun ku: Kapala Désa –kuwu, lurah, jaro, anu dipilih ku ra’yat; sababaraha urang Kapala Kampung –tua kampung, kokolot, punduh; saurang atawa sababaraha urang Juru Tulis –carik anu purah ngurus administrasi désa; saurang Ulu-ulu –raksabumi anu purah ngurus cai; saurang Kulisi Désa –jagakersa/pancalong anu purah ngurus kaamanan; Amil –lebé/ketib anu purah ngurus sual kaagamaan; jeung Pangiwa –kabayan/jugul anu purah nepikeun surat, béwara, atawa paréntah.
Urang Sunda boga anggapan, yén désa téh mangrupa “hiji kulawarga” sarta Kapala Désana mangrupa “kolot” na –sakumaha kagambar dina babasan yén Kapala Désa téh kudu jadi “indung lembur, bapa désa”. Kapala Desa, nyekel kakawasaan dina pamarentahan jeung kahirupan sapopoe. Kitu deui, nalingakeun kaayaan kahirupan masarakat désa; ngaréngsékeun pacéngkadan di masarakat; sarta ngalaksanakeun kawajiban pikeun mayungan jeung mertahankeun adat istiadat katut lembaga adat nu lumaku di wilayah kakawasaanna.
Dina waktu-waktu anu geus tangtu –paling henteu sataun sakali, sok diayakeun musawarah désa –mangrupa wadah dimusawarahkeunana sakabéh pasualan di désa. Ieu musawarah désa téh, disebut: rat désa atawa rapat désa. Jalma-jalma anu dianggap terkemuka –sesepuh di Priangan; kokolot di Banten; tua-tua di Cirebon, nyekel peranan nu penting dina ieu musawarah.
Penduduk désa di Tatar Sunda, bisa dipasing-pasing dumasar kana: pangabogana tanah; atikan; kalungguhan dina pamaréntahan désa; jeung agama. Keur mangsa baheula mah, penduduk désa téh aya nu disebut: Pribumi/Jalma Bumi/Cacah –nya éta: katurunan kulawarga anu ngadegkeun désa sarta miboga tanahna geus lila tur kagolong penduduk inti désa; Bayubud/Batur/Manumpang –nya éta: penduduk désa anu ukur ngabogaan imah katut pakaranganana; jeung Bujang/Nyusup –nya éta: penduduk désa anu ngabogaan imah, tapi imahna aya dina tanah batur. Hiji “sacah”, miboga hak pikeun ngagarap tanah sarta nyokot hasilna –tapi kudu bari nyumponan kawajiban ka ménak jeung pamong désa. Di sagigireun éta, hiji “cacah” bisa jadi hiji “manumpang” atawa sabalikna –gumantung kana kasanggupanana babakti ka ménak. Cacah jeung Manumpang, dileungitkeun ku Kompeni dina abad ka-18 kalawan statusna dihijikeun jadi: Somah.
Dipasing-pasingna masarakat désa anu dumasar kana bobogaan tanah, ka béhdieunakeun mah jadi: Sikep –nya éta: penduduk désa nu miboga hak ngagarap tanah désa, saperti: tanah kanomeran, kasikepan, tanah kacacahan; jeung Kuren atawa Tangkong –nya éta: penduduk désa nu boga tanah jeung pakarangan tapi teu ngabogaan kasikepan. Jadi, “sikep” ngabogaan hak pikeun ngagarap tanah –tanah kasikepan tur nyokot hasilna dina dangka waktu nu tangtu kalawan bisa diwariskeun –tapi kudu nyumponan kawajiban komunal salaku warga désa ku mangrupa: ngalaksanakeun pancén jeung masrahkeun hasil tanah ka désa. Sedengkeun “tangkong” mah teu miboga hak pikeun ngagarap tanah kasikepan, tapi bébas tina kawajiban komunal. Hal ieu ngandung harti: yén “sikep” téh leuwih luhur status sosialna, batan “tangkong”.
Antara lapisan-lapisan sosial di désa, sok dipatalikeun waé jeung pangabogana garapan tanah. Di kalangan “tuan tanah” geus karuhan boga tanah garapeun, sedengkeun ari di kalangan “buruh tani” nyampak tanaga. Ku kituna, antara dua pihakanana osok ngayakeun gawé bareng kalawan maké sistim anu tangtu –biasa disebut: maparon; mertelu; atawa marapat. Hubungan antara parapatani nu ngagarap tanah, dijalankeun babarengan kalawan giliran –cara saperti kieu téh, ilahar disebut: liliuran atawa hirasan, anu dianggap minangka wujud tina sistim gotong royong.
Kampung Papandak, Wanaraja - Garut.

Kota
Numutkeun data prasajarah jeung data sajarah, pola kahirupan masarakat Sunda téh awalna mah ti désa. Sacara historis mah –paling henteu, ti mimiti Karajaan Sunda, di masarakat Sunda geus dipikawanoh tatanan masarakat désa jeung masarakat kota. Prasasti Kawali jeung béja ti Portugis, nyebutkeun istilah: dayeuh –nu hartina: kota. Pakuan Pajajaran salaku puseur dayeuh Karajaan Sunda, dikuriling ku bénténg pasir buatan anu dijieun tina gundukan tanah. Karaton tempat linggihna raja katut kulawargana téh, dingaranan: Sri Bima; Untarayana; Madura; jeung Suradipati. Dina abad-abad ka béhdieunakeun, kota-kota di basisir Kalér Jawa Kulon –Banten; Jakarta; Cirebon jeung kota-kota anu aya di pedalaman –Rangkasbitung; Sérang; Bogor; Sukabumi; Cianjur; Bandung; Sumedang; Garut; Tasikmalaya; Ciamis, ngalaman “pasang surud”. Kamekaran kota-kota nu aya di basisir ieu téh, dilantarankeun ku ayana kagiatan dagang –kituna téh sanggeus aya hubungan langsung jeung urang Éropa. Sedengkeun kota-kota nu aya di pedalaman mah, kamekaranana téh sanggeus “mahabu” na usaha tatanén keur ékspor –kopi; entéh; karét; kina; tiwu anu ditaratas ku urang Walanda. Kitu deui ku dibukana “jalan raya pos” –mimiti taun 1810 jeung jalan-jalan sabudeureun kota, sarta diwangunna jalan karéta api tur mingkin hadéna sistim pamaréntahan, ngabalukarkeun ngaronjatna kamekaran kota-kota di pedalaman Tatar Sunda tadi. Satemenna, kota téh mangrupa puseurna pamaréntahan; puseur kagiatan agama; jeung tempatna palabuan.
Dina awalna mah, sumber kahirupan para-ménak téh tina hasil pamasrahan ra’yat di désa-désa –nu mangrupa: tanaga; upeti hasil tatanén; jeung pajeg dagang. Di kota-kota palabuan, nyokot kauntungan tina pamungutan béa cukéy. Lian ti éta, kauntunganana téh tina usaha ngalakukeun dagang ku cara nyéwakeun: modal; kapal; jeung barang dagangan. Saterusna, aya kaom ménak anu jadi pagawé pamaréntahan kolonial tur unggal bulanna meunang gajih.
Bupati –salaku kapala pamaréntahan pribumi, dianggap ménak pangluhurna di tingkat kabupatén. Ka handapna aya parapajabat, saperti: patih; jaksa; panghulu besar; mantri kabupatén; juru tulis kabupatén; wadana; jeung camat –ieu sakabéhna téh kagolong ménak, golongan élit, najan darajatna leuwih handap ti bupati. Loba diantarana anu masih kénéh dulur bupati, malahan putra bupati pisan.
Ditilik tina jumlah pendudukna, corak kahirupan kota mingkin dieu téh mingkin naék baé. Kahirupan di kota, jadi perhatian urang désa. Loba urang désa anu kataji ku sieupna wajah kota, anu ngabalukarkeun ayana urbanisasi. Sedengkeun kahirupan di désa, cenderung monoton jeung homogin –ngan lumangsung sabudeureun tatanén.


***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar