Selasa, 07 Juli 2015

tina Ritual kana Sosial



Seni tari téh mangrupa média komunikasi, anu ditembrakkeun ngaliwatan gerak ku jalan ngandelkeun waruga manusa minangka alatna. Ari asal-muasalna mah, manusa téh perelu ngayakeun komunikasi jeung kakuatan goib di saluareun dirina, demi keur nyalaraskeun dirina jeung lingkunganana dina raraga mertahankeun hirupna. Arwah karuhun jeung kakuatan goib anu matuh dina: batu; kayu; huluwotan cai (kaabus sasatoan), anu bisa dipaké cukang pikeun komunikasi ngaliwatan tari. Ibing Sunda anu ngandung ajén-inajén karamat (ibing ritual), kiwari ngésér kana ibing nu ngandung anjén-inajén pergaulan atawa tongtonan (ibing sosial). Ajén-inajén ibing karamat dina upacara-upacara adat karuhun, ngésér kana ibing hiburan dina pésta hahajatan. Ku kituna, ibing nu asalna diigelkeun keur ngabeberah anu ngibingna sorangan téh, atuh ari brasna mah, jadi diréka-réka pikeun pintonkeuneun di hareupeun balaréa. Ibing Sunda anu asalna tumuwuh di padésaan téh, kiwari mah mekar di pakotaan téh keur lalajoaneun.

Ibing Ritual
Di Tatar Sunda kiwari masih bisa kasaksian –di sagigireun tari Sunda anu ngabogaan ajén-inajén tongtonan jeung hiburan téh, aya tari anu masih kénéh ngandung ajén-inajén karamat –sakral. Diantarana, anu ilahar dipilampah dina “Upacara Ngaseuk” di kalangan masarakat Kanékés –nu ku balaréa mah leuwih dikenal salaku masarakat Baduy. Maranéhanana ngayakeun komunikasi ka Dangdayung Trusnawati atawa Déwi Sri –minangka nu ngawasa paré katut pepelakan séjénna, maké média “komunikasi” anu wujuding: Tari Ngalage –dipirig ku angklung, dibarung ku kawih. Ngibing bari ngurilingan Pupuhunan ieu téh, ditujulkeun ka Nyai Sri. Kitu deui di wewengkon Priangan –saperti di Rancakalong Sumedang, masih kénéh kapanggih tari Sunda keur ngareuah-reuah upacara-upacara penting –acara: Sérén Taun, Mitembeyan Panén, Ngaruat, Rebo Wekasan, jeung sajabana. Éta tarian téh dibéré rupa-rupa jujuluk, aya nu nyebut: Tari Sampiung –pédah aya lagu pangiring nu ngaranna Sampiung, aya ogé anu nyebut: Ibing Ngékngék –pédah waditra pangiringna ku Tarawangsa anu ku maranéhna disebut Ngékngék. Kitu deui di pakidulan Ciamis, aya Ibing Ronggéng. Nyai Ronggéng téh minangka janggélékna personifikasi Putri Samboja anu mingpin sabubuhan lalaki dina raraga nyusun kakuatan pikeun males pati pédah salakina aya nu maténi, jeung keur mertahankeun wewengkonna tina serbuan bajo –bajag laut. Ieu ibing téh, tungtungna mekar jadi Ketuk Tilu –minangka ibing pergaulan.
Lebah dieu, urang Sunda téh meujeuhna nganuhunkeun ka paraluluhur, patali jeung geus ngarundaykeun seni anu ka dieunakeun jadi bibit buit tradisi kahirupan urang Sunda.
Ronggeng Gunung

Ibing Sosial
Sagala rupa gé di ieu dunya téh teu aya nu cicing, tapi salawasna teu weléh bagerak. Ku kituna, tradisi ogé teu weléh mekar. Atuh dina kaitan “komunikasi” na ogé, nya kitu deui ngilu mekar. Kamekaran –atawa sebut waé: pergéséran ajén-inajén ibing karamat dina upacara-upacara adat karuhun, ngésér kana ibing hiburan dina pésta hahajatan. Cindekna mah, ibing nu tadina jadi média komunikasi jeung nu goib, ngajanggélék jadi média komunikasi antarmanusa. Salin jinisna ibing ritual kana ibing sosial téh, aya patula-patalina jeung modernisasi. Sarat-sarat keur mepekan ajén-inajén sangkan leuwih punjul, nungtut dilarapkeun sangkan leuwih sampurna. Ti mimiti gerak jeung papakéan –kaabus masieup anu ngaribingkeunana. Dina hal ieu, teu carang anu lalajo ogé milu meunteun jeung milu méré saran pikeun nyampurnakeun.
Tari Wayang, disangling deui ku perwatekan anu diluyukeun kana perwatekan carita wayang. Antukna, lahir Ibing Wayang jeung Ibing Topéng. Atuh kabeungharan gerakna beuki euyeub, luyu jeung perwatekan nu jadi kasangtukangna. Bréh baé wujud gerak jeung sikep ibing anu mandiri, dibarung ku: wanda; sari; katut alur, binarung jeung kaparigelanana. Kitu deui, dituturkeun ku panyalarasan gending iringanana katut anggoan jeung sagala rupaning pancarakenna.
Ibing Topéng, minangkana mah pangnyongcolangna diantara Tari Wayang. Di sagigireun kitu –saperti Ibing Topéng Babakan ti Cirebon upamana, teu weléh jadi pamatri dina saban upacara hahajatan –di sagigireun nanggap wayang kulit. Kitu deui, sok dipaké mirig upacara Ngunjung di makam luluhur. Keur anu ngaleukeunan ngulik mah, aya nu boga anggapan yén éta ibing téh ngandung ajén-inajén perlambang “siklus kahirupan” –dina saban perwatekan Ibing Topéng Babakan. Ari perlambang nu kakandung dina Ibing Topéng Babakan ieu téh, kaunggel dina: Tari Panji; Pamindo; Tumenggung; jeung Ibing Kalana, tur mancer kana cabang Ibing Keurseus ti Priangan ngaliwatan Ibing Lenyepan; Ibing Nyatria; Ibing Monggawa; jeung Ibing Ngalana. Ibing Keurseus téh, mangrupa hiji conto pamekaran ibing Sunda kana tahap anu leuwih hadé. Atawa beunang ogé disebut ngangsrod ka hareup, lain ngésér ka gigir. Dina mangsa kajayaanana –sabudeureun taun 1930-an, Ibing Keurseus téh geus ngalantarankeun ibing pria di Tatar Sunda leuwih daria –kajurung ku ayana ibing pasanggiri anu harita leuwih sohor disebut: Kongkurs Ngibing. Ngaliwatan éta pasanggiri, geus dibakukeun kriteria pameunteunan anu diwangun ku: Bisa; Wanda; Wirahma; Sari; jeung Alus –anu nyakup: kaparigelan, wirahma, panghayatan, katut kasalarasan sagemblengna.
Cabang séjeéna anu nyumber kana Ibing Wayang, nya éta ibing padikana R. Tjétjé Somantri –anu muncul taun 1950-an. Dicikalan ku Ibing Puja; Ibing Déwi; Ibing Anjasmara; Ibing Graéni; jeung Ibing Koncaran, anu nepi ka kiwari masih kénéh mangrupakeun “ibing poko” keur kalangan putri. Ari ibing keur kalangan putra, éta mah dimimitian tina: Ibing Samba; Ibing Panji; jeung Ibing Pamindo. Teu bisa dipungkir, yén R. Tjétjé Somantri téh geus mangrupa panyambung keur kalumangsungan ibing Sunda. Iwal ti kitu téh deuih, karyana geus ngalahirkeun “idiom-idiom” gerak minangka upaya keur ngarekahkeun, anu beuki dieu beuki pada naluturkeun –kaabus ogé lebah pirigan ibingna, anu geus ngalantarankeun daya tarik luar biasa.

Panutup
Sagala rupaning kamekaran katut ngagésérna ajén-inajén, geus karandapan. Nepi ka danget ieu mah kakarék nepi ka lebah jadi média komunikasi anu gumebyar pikeun ngahibur wungkul –acan nepi kana tujuan keur ngahudang pangalaman éstétik parapangajén. Sok sanajan anu disebut parapangajén sarupa kitu téh, can aya di kalangan masarakat.
Yén ibing Sunda mibanda asal-usul mandiri tur tumuwuh di tengah masarakat –lain ti golongan éksklusif, bisa ditinggal tina sababaraha istilah gerakan –anu teu sabaraha géséh tina hirup kumbuhna sapopoé. Upamana baé, aya gerakan anu disebut: du’um peuteuy; mesék roay; lélé ngosér jeung lélé nenggak; mujaér mundur; peucang kaanginan; gebés pacul; hayam kabuhulan; jeung réa-réa deui.
Sacara umum, teu aya gerakan anu ngagentak ngagunakeun tanaga nu kaleuleuwihi. Éstu basajan waé, tur walatra. Teu aya pamusatan di salah sahiji anggota badan, teu aya sikep anu nonggérak, teu aya réngkak anu tipepereket atawa mereketengteng –iwal ti dina Ibing Penca-na mah. Cindekna, teu aya nu méngpar tina gerakan sapopoé anu salawasna wajar teu dijieun-jieun.
Sok sanajan urang acan nepi kana tingkat kahirupan modern, teu aya salahna nataharkeun diri ka lebah dinya. Teu aya salahna deuih, upama urang mikirkeun ngadeudeukeutkeun tina kahirupan tradisi –sakumna anu geus diwariskeun ku karuhun ka alam modern anu kudu dihontal. Paréndéné kitu, teu kudu gurunggusuh rurat-rérét kana bahan-bahan pikeun ngotéktak téh ti paluaran. Tradisi tari Sunda ogé apanan acan mantep, loba kénéh lolongkrang pikeun henteu tipoporosé nyieun karya anyar anu justru ngabalukarkeun “ngarabut akar-jangkarna”. Akar katut bahan bakuna, geus nyampak. Anu rék ngagulang-gapér ibing, masih ngabogaan lolongkrang anu jembar kénéh pikeun ngedalkeun keretegna anu Nyunda.


***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar