Sabtu, 04 Juli 2015

Somah jeung Sadudulur



Kulawarga dina masarakat Sunda, ngandung dua maksud, nya éta: kulawarga dina harti heureut (somah) jeung kulawarga dina harti nu jembar (sadudulur atawa kulawarga gedé). Sistim kabarayaan urang Sunda, ngawengku hubungan ka luhur jeung ka handap nepi ka tujuh tingkatan. Sok sanajan kitu, hubungan kulawarga nu deukeut tur dalit mah, ukur tepi ka tingkatan katilu. Ku lantaran, aranglangkana hiji jalma anu nyaksian katurunan nepi ka tingkatan kaopat atawa leuwih. Dina ayana ogé, lolobana mah geus papencar padumukanana.
Kulawarga Batih, Indung Bapa jeung Anak.

Somah  
Saenyana mah, kulawarga dina masarakat Sunda ngandung dua maksud, nya éta: kulawarga dina harti heureut jeung kulawarga dina harti nu jembar. Kulawarga dina harti heureut, nya éta: “somah” téa –biasana disebut kulawarga batih atawa kulawarga inti. Somah ieu, mangrupa bagian pangleutikna dina masarakat Sunda. Somah téh istilah basa Sunda nu mangrupa wangunan kecap tina unsur-unsur: “sa” jeung “imah” –nu ngandung harti: saimah, nuduhkeun harti sakulawarga. Dina basa Sunda aya kecap: sabondoroyot jeung sakulawedet, éta kecap anu nuduhkeun kulawarga inti. Kulawarga inti, ngawengku: indung; bapa; jeung anak. Malahan mah, sering ditambah ku: nini; aki; jeung minantu. Tur aya kalana deuih, ditambah ku dulur nu deukeut, saperti: adi; adi beuteung; jeung suan. Di kulawarga ménak atawa jalma nu beunghar mah, ditambahan deui ku saurang atawa ku sababaraha urang. Saupama hiji kulawarga teu ngabogaeun anak, aya kalana sok ngangkat saurang atawa sababaraha urang “anak angkat” –nu umumna, sok dicokot ti kulawarga anu masih kénéh deukeut.
Sistim kabarayaan urang Sunda, miboga sipat parental –urang Sunda mah merhatikeun katurunanana dumasar gurat ti bapa jeung ti indung. Kalungguhan salaki-pamajikan dina perkawinan, sarua sadarajatna. Indung bapa, ngabogaan kakawasaan ka anak-anakna. Saupama kajadian papirak –pipisahan, éta hak kawasa téh bisa dipasrahkeun –boh ka bapana boh ka indungna. Cara miara budak pahatu-lalis –yatim piatu, dilaksanakeun ku kadang warga –dulur ti gurat katurunan bapa jeung indung. Hukum waris –ngeunaan rajakaya, dilaksanakeun ku dua pihakanana jeung nu dua gurat katurunan. Lebah hal-hal nu tangtu –daérah nu tangtu di Tatar Sunda, pihak awéwé atawa pihak lalaki miboga kakawasaan anu leuwih lega.
Umumna, kapala kulawarga aya di pihak lalaki. Ku sabab kitu, pihak lalaki –kolotna atawa saha baé ti pihak lalaki kacida talitina enggoning néangan piminantueun atawa pibojoeun –anu engkéna, bojo téh dibawa ngahiji saimah di imah salaki. Rada béda jeung di daérah Banten. Di Banten aya kabiasaan, yén kolotna awéwé anu néangan minantu téh. Engkéna, salaki téh cicing di imah kulawarga pamajikanana. Éta hal téh, luyu jeung tradisi anu nyebutkeun, yén: “banténg anuting sapi” –hartina: salaki ngilu ka pamajikan.
Kulawarga –keur urang Sunda mah, lain ukur mangrupa panglawungan antara salaki jeung pamajikan baé. Tapina ogé, mangrupa panglawungan antara kulawarga pihak salaki jeung kulawarga pihak pamajikan. Tah, nu kitu téh disebut: kulawarga gedé. Hubunganana, alatan aya hubungan getih –nu biasa disebut: sakocoran, jeung ayana iketan perkawinan. Dina mangsa Karajaan Sunda –abad ka-16, istilah kabarayaan téh masih dikenal nepi ka salapan tingkat, nya éta: anak; incu; umpi; cicit; muning; anggasantana; kulasantana; prétisantana; jeung witwekas.
Saupama saurang bujang kawin ka lanjang, nya bakal ngawujud hiji kulawarga inti anu anyar –ngawengku salaki-pamajikan. Kolot-kolotna –indung bapa, sarta ka luhurna deui –aki/éyang pameget jeung nini/éyang istri; buyut; bao; janggawaréng; udeg-udeg; jeung gantung/kait siwur ti pihak salaki, bakal jadi kulawargana pihak pamajikan –kitu deui sabalikna. Kolotna salaki atawa pamajikan, disebut: mitoha. Hubungan kolotna salaki jeung kolotna pamajikan, disebut: bésan. Adi salaki atawa adi pamajikan, disebut: adi beuteung. Lanceuk salaki atawa lanceuk pamajikan, disebut: dahuan.
Anapon hubungan ka handap, anak adi disebut: suan. Sedengkeun, anak lanceuk disebut: alo. Hubungan anak adi jeung anak lanceuk –atawa sabalikna, disebut: dulur sabrayna atawa dulur misan. Hubungan incu adi jeung incu lanceuk –atawa sabalikna, disebut: dulur sabrayna mindo atawa dulur misan mindo.

Miara Babarayaan
Dina émprona, cara miara hubungan kabarayaan di masarakat padésaan leuwih dalit tur daria batan di pakotaan. Dalitna kabarayaan di padésaan téh, aya kalana tina ilubiung dina upacara tradisional, saperti: tingkeban; muput; sunatan; pertikahan; atawa kapapaténan. Lian ti kitu, dalitna téh ku ngaliwatan kagiatan gotong royong –nyieun imah atawa migawé sawah/kebon.
Di kalangan ménak kota, ngalakukeun pangbinaan hubungan kabarayaan téh, remen ku cara perkawinan –dikawinkeun jeung sasama kulawarga atawa jeung kulawarga ménak séjénna jeung ngawangun organisasi –ngadegkeun pakumpulan-pakumpulan.
Tingkatan sosial, mibanda pangaruh anu kuat dina hal néangan pijodoeun. Umumna, dina néangan pijodoeun téh, urang Sunda mah milih anu sadarajat –sababad, sawaja, boh tingkatan sosialna boh turunanana. Upama pertikahan lumangsung jeung anu henteu sadarajat tingkatan sosialna atawa turunanana, bakal nimbulkeun masalah –keur nu ngalakonanana, kulawargana, jeung lingkungan sabudeureunana. Ku kituna, urang Sunda miboga angen-angen ngawinkeun anggota kulawarga téh jeung sasama anggota kulawarga –nu disebut: gulangkep. Tujuanna, taya deui ngarah leuwih ngaraketkeun hubungan kulawarga tur ngajaga sangkan harta warisan angger aya di lingkungan kulawargana. Ku kituna deui, teu anéh, mun dihiji désa ampir sakabéh pangeusina masih ngabogaan iketan baraya.
Hiji jalma –di masarakat Sunda, bakal dianggap salaku anggota masarakat nu gembleng tur sampurna, saupama éta jalma téh –boh lalaki boh awéwé geus ngawangun kulawarga –geus nikah. Salahsahiji tujuan ngawangun kulawarga téh, nya éta: ngabogaan turunan –anak. Ku lantaran anak téh, ngabogaan sababaraha pungsi, nya éta: pikeun ngiket iketan perkawinan kolotna; nambahan tanaga gawé; ngajembaran hubungan sosial; jaminan keur mangsa nu bakal datang keur kolotna; tur narima warisan ti kolotna. Dumasar kana éta pungsi téa, aya kacenderungan urang Sunda mah hayang ngabogaan anak loba. Sakumaha kagambar dina babasan: “loba anak, loba rejeki”. Sabalikna, hiji jalma nu henteu ngabogaan anak, digambarkeun salaku jalma nu henteu meunang untung. Ahir-ahir ieu, éta anggapan téh ngalaman “parobahan”. Hal éta téh, ku ayana pamaredih pamaréntah ngaliwatan kampanyeu program Kulawarga Berencana (KB).


***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar